K E N C I T

kencit

Dina kapercayaan tradisi umumna di wewengkon Nusantara dipercaya aya salah sahiji mahluk goib nu dingaranan “TUYUL”, di daerah Jawa Barat neulahna  dingaranan “KENCIT”. Tuyul atawa KENCIT mangrupa mahluk goib nu  digambarkeun siga budak leutik, nu biasana ditaranjang teu dibaju ngan ukur makė calana cawet.  Kalih ti kitu Tuyul bisa dipiara katut diparėntah ku manusa pikeun maling, lain ngagarong kakayaan milik nu  sėjėn.  Kusabab kitu dina carita carita masyarakat heubel, umpama hiji jelema ujug ujug beunghar bari jeung teu jelas timana pakasabanna, sok dibasakeun “Miara Tuyul”.  Kunaon Tuyul sok digambarkeun siga budak leutik, sabab dina sabagėan budaya, budak leutik mibanda simbol yėn alam pikirna nu can rasional, can panceg jeujeuhan, katut teu daya upaya kalih gumantung kanu leuwih kuat.(Source: kosapoin.com/k-e-n-c-i-t)

Ti heula nalika keur sakola di SD, ceuli mėh unggal minggu dina pelajaran sakola ngadėngė yėn nagara urang Indonesia aya di wewengkon garis khatulistiwa.  Mibanda dua usum nu saimbang, nu nyatana usum hujan jeung usum halodo.  Umpama usum halodo masih ngeunah makė baju kitu deui umpama usum hujan teu tiris bubuligiran.  Nagara nu subur makmur gemah ripah loh jinawi, bro di juru bro di pinto ngalayah di tengah imah.  Matak aya babasan kitu gė teu salah salah teuing.  Apan katempo natrat ku urang tug nepi ka kiwari naon nu euweuh di nagara urang, umpama dibandingkeun jeung nagara sėjėn.(Source: kosapoin.com/k-e-n-c-i-t)

Nagri Walanda teu boga gunung, di urang gunung ting jungkiring, atuh tangtuna waė loba pisan kakayaan nu aya di ėta gunung.  Nagara Swiss teu boga laut, di nagara urang mėh sakuliling bungking diamparan ku laut, pisakumaha kakayaan eusi lautna. Singapura teu boga sawah, di urang sawah ngampar satungtung deuleu.  Arab Saudi teu mibanda leuweung, di urang unggal wewengkon mėh mibanda leuweung.  Jepang teu mibanda sumberdaya migas.  Nagara sėjėn nu teu mibanda sumber daya alam, siga nu digambarkeun diluhur geus kaasup nagara sejahtra.  Di urang nu sagala nyampak, kahirupan masyarakatna beuki dieu beuki katalangsara. Nu beunghar beuki beunghar nu miskin beuki miskin.  Tinangtuna loba meureun sabab musababna nu ngabalukarkeun kitu tėh. Tapi paling henteu salah sahiji sababna geus katempo yėn di urang loba jalma nu teu mibanda kasadaran dina ngajalankeun hirup jeung kahirupanna.  Utamana jalma jalma nu dipercaya nyekel kalungguhan di pamarėntahan teu mibanda kasadaran, yėn kalungguhan tėh mangrupa amanah pikeun ngabaratapakeun kasejahtraan balarėa.  Kanyataan na patukang tonggong amanah nu diceukel disalahgunakeun pikeun nyejahtrakeun diri jeung kelompokna.  Nyaėta ngalakonan nu ngaranna KORUPSI.  Korupsi geus mahabu di nagara urang, rek nempo ka kėnca, ka katuhu, ka hareup, ka tukang teu tinggaleun ka luhur katut ka handap di dinya aya korupsi.  Ironina jalma jalma nu korupsi wabil khusus korupsi gede, nepi ka trilyunan, satuntasna di bui masih loba kėnėh kakayaanna, hal ėta mibanda asumsi yėn bui ngan ukur dianggap rėsiko pagawėan.(Source: kosapoin.com/k-e-n-c-i-t)

Umumna jalma jalma nganggap yėn korupsi tėh tumali jeung maling atawa ngagarong duit nagara wungkul.  Tapi umpama diteugeutan lewih jero nu ngaranna korupsi balukarna leuwih jero manan karugian dina naraca laporan kauangan wungkul.(Source: kosapoin.com/k-e-n-c-i-t)

Hayu urang tempo, umpama maling duit anggaran atikan/pendidikan, tangtuna waė barudak panerus ieu bangsa geus kaleungitan kasempetan pikeun menang atikan nu layak.  Nalika anggaran kasėhatan di paling, tangtuna jalma jalma miskin geus kaleungitan pikeun nampa layanan kasehatan nu saėstuna.  Nalika anggaran infrastruktur di korupsi, tangtuna jalan gancang ruksak, jembatan gancang runtuh, bendungan di korupsi tangtuna bendungan ėta gancang ambrol.  Leuwih miris deui umpama nu ngalakonan korupsi tėh aparat panegak hukum, ėta mah leuwih parah deui.  Beuki gedė nu di korupsi beuki gedė ogė ėksės nėgatipna. Cindekna korupsi tėh bisa maėhan rėbuan jelma sacara teu langsung.(Source: kosapoin.com/k-e-n-c-i-t)

Dina carita tradisi nu digambarkeun di luhur, yėn Tuyul / Kencit dipercaya bisa mantuan sasaurang pikeun nėangan kabeungharan kucara nyokot kakayaan nu lian.  Meureun umpama ditarik garis ka jaman modern kiwari, Tuyul / Kencit bisa digambarkeun salaku sistem, perilaku atawa praktėk nu nyumputkeun sasaurang jadi beunghar tapi ngabalukarkeun katalangsarana balarėa. Tuyul / Kencit mangrupa simbul kabeuharan nu geus leungiteun tapak lacak moral.(Source: kosapoin.com/k-e-n-c-i-t)

Kusabab kitu dina simbol ėta, pesen pentingna lain aya katut euweuh na tradisi heubeul tumali jeung Tuyul / Kencit.  Tapi hal ėta mibanda pesen tumali jeung kateupuasan balarėa kaitanna jeung euweuhna kaadilan, kabeungharan nu teu transparan, katut kasarakahan nu nyumput buni dinu caang.(Source: kosapoin.com/k-e-n-c-i-t)

Ari kitu mah Tuyul / Kencit kiwari masih sumebar di unggal juru nagara tapi geus salin jinis ganti ngaran katut rupa jadi KORUPTOR tėa meureun. Tuyul / Kencit modern lain mangrupa mahluk goib, tapi rubah cara pikeun nėangan kabeungharan ku jalan korupsi, manipulasi kauangan, panipuan digital, nyalahgunakeun kakawasaan jeung rėa rėa deui.  Sacara falasifahna mah Tuyul / Kentit mangrupa simbul kabeungharan nu teu mibanda ėtika, hayang meunang hasil makė gawė nu teu uni, teu jujur, katut teu malirė akibatna pikeun balarėa.(Source: kosapoin.com/k-e-n-c-i-t)

Umpama ditempo tina sisi agama, kapercayaan ayana mahluk goib sacara umum memang dipiwanoh, tapi pikeun ayana Tuyul bisa dipiara katut dititah maling duit ėta mah bagian tina carita budaya, lain Ajaran Agama Islam.(Source: kosapoin.com/k-e-n-c-i-t)

Islam teu ngajarkeun nėangan dunya barana sacara batil, kaasup maling atawa nyokot hak jalma sėjėn, mangrupa kalakuan nu dilarang pisan dina agama. Kusabab kitu Carita Tuyul / Kencit bisa dijadikeun palajaran pikeun pentingna mibanda rejeki ngaliwatan cara nu halal, jujur, katut mibanda tanggung jawab kalih kasadaran. Cag nepi dieu dongengna, hampura ka Mang Tuyul / Kencit anjeun ayeuna geus di PHK, gawė anjeun geus diganti ku jalma jalma sarakah, nu disebut koruptor jalma nu teu malirė kasusah kabalangsakan balarėa…..(Source: kosapoin.com/k-e-n-c-i-t)

Dr. Widya Utama, S.E., M.Si.

Apakah artikel ini membantu?

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *