Ngeunteung kana sagala rupa kajadian dina hirup jeung kahirupan urang, tangtuna gé moal lepas tina rupa-rupa warna kahirupanna. Dimimitian ku nyumponan kahayang, pangbibita batur, pangabutuh tug nepi kapangaruhan ku nu lian. Sakabéh hal éta tangtu ngeusian alam pikiran urang. Kahayang jeung kabutuh katut pangaruh nu lian terus minuhan hirup jeung kahirupan urang. Hal éta tangtuna beuki lila beuki minuhan tur ngalegaan dina pikiran urang.(Source: kosapoin.com/murbayaksa-di-desa-cimeong-majalengka)
Ti nu nyorangan, terus hayang duaan geus duan hayang tilu, opat, lima jeung saterusna. Ti lalagasan hayang rumahtangga, terus natangga nepi ka ngabuana. Ti mimiti teu boga banda, hayang loba banda tug nepi ka babandana. Teu tinggaleun tina imah hiji jadi hayang dua, terus tilu, tina mobil hiji hayang dua, tilu, terus hayang opat, tug nepi ka balatak di garasi imah. Sagala kajadian dina hirup tumplek nepi ka nyesek sumpegna alam pikiran urang.(Source: kosapoin.com/murbayaksa-di-desa-cimeong-majalengka)
Hirup urang bisa mangaruhan, bisa ogé kapangaruhan, katut bisa ogé dipangaruhan, boh ku lingkungan boh ku nu lian dina kahirupan ieu. Ceuk babasan kolot urang ti heula, “Sangkan teu sumpeg dina pikiran katut teu mangaruhan dina kahirupan urang, urang kudu mibanda kasadaran hirup dina kahirupan”. Tapi, ari ceuk jaman kiwari mah pikeun mikir teu sumpeg teuing kudu refresiing, cenah. Na enya kitu? Nyanggakeun hal éta mah ka masing-masing.(Source: kosapoin.com/murbayaksa-di-desa-cimeong-majalengka)
Palajaran hirup pikeun kahirupan bisa datang ti mana waé. Teu bisa ngan ti hiji guru, atawa ustad, kitu deui ti pandita, komo deui ti hiji tulisan buku. Tapi, palajaran bisa disungsi ti nu sagala nu aya jeung kabéh nu nyampak di ieu alam. Éta kabéhanana mangrupa élmu nu bisa dikanyahokeun ku urang. Kabéh nu hirup katut lingkungan alam ieu bisa jadi guru pitunjuk katut piwuruk nu méré pangarti dina kahirupan. Éta gé, lamun urang daék maké akal pikiran nu nyacas bersih kalawan dibarung ku sadar nu dibarengan ku kasadaranana.(Source: kosapoin.com/murbayaksa-di-desa-cimeong-majalengka)
Kitu deui teu tinggaleun dina hiji riungan, dina riungan formal sumawonna riungan informal, deuk riungan leutik komo riungan gedé, hal éta teu bisa disapirakeun sok aya waé nu bisa dijadikeun palajaran pikeun urang.(Source: kosapoin.com/murbayaksa-di-desa-cimeong-majalengka)
Sababaraha waktu nu geus kaliwat kuring nohonan pasamoan silaturahmi Pangurus Puseur Paguyuban Pasundan, di lemburna Ketua Umum Paguyuban Pasundan. Perenahna di Désa Ciméong Kabupatén Majalengka. Tempat nu genah merenah jeung tumaninah pikeun murbayaksa.(Source: kosapoin.com/murbayaksa-di-desa-cimeong-majalengka)
Geus jadi kabiasaan kuring ti bubudak, sok resep ngabandungan jeung nalingakeun laku polah jalma-jalma kaasup obrolanana dina unggal riungan. Teu tinggaleun ogé nu jadi kabiasaan kuring, upama dina riungan, diuk atau nangtung téh di tempat nu bisa nempo balaréa, alatanna mah sangkan bisa niténan laku polah jalma-jalma nu aya dina riungan téa. Lain keur nanaon, tapi pikeun jadi palajaran hirup, nu alus dicokot nu goréngna tong ditutan.(Source: kosapoin.com/murbayaksa-di-desa-cimeong-majalengka)
Cunduk kana waktuna ninggang kana mangsa ngumpul di patempatan Ketua Umum Paguyuban Pasundan, geus pada-apal ari panggih dipanyabaan sono nataku. Atuh obrolan téh séwang-séwangan. Ka ditu ka dieu, bari sempal kapiguyon dibarung ku balakécrakan neda tuangeun nu geus disayagikeun ku kulawarga Pa Ketua Umum.(Source: kosapoin.com/murbayaksa-di-desa-cimeong-majalengka)
Aya nu masih rampus kana dahar, padahal umur geus tunggang gunung, aya nu basajan tuangna, aya ogé nu geus maké pantangan dahar, teu meunang itu teu meunang éta. Maklum pikeun ngadeukeutkeun ku umur nu tunggang gunung. Riungan harita lain riungan formal, éstu silaturahim pikeun ngadeukeutkeun nu jauh sangkan deukeut, pikeun ngarekétkeun duduluran antara Pangurus Puseur Paguyuban Pasundan. Euweuh acara nu formal harita téh, satuntas Ketua Umum cacarita bari sempal guyon, éta gé ukur sapuluh menitan laju ditutup ku doa. Ti dinya mah terus séwang-séwangan laku, aya nu nguseup, ngocok kartu, aya ogé nu ukur ngariung ngobrol bari tuang leeut.(Source: kosapoin.com/murbayaksa-di-desa-cimeong-majalengka)
Kuring ngilu ngobrol ngariung, bubuhan lain acara formal, jadi ngobrol téh ngalér ngidul waé. Tapi, palebah nataan babaturan nu geus tilar dunya taya dikieuna, gebeg ngarenjag, terus haté nyawang ngawang-ngawang.(Source: kosapoin.com/murbayaksa-di-desa-cimeong-majalengka)
Geuning, saéstuna hirup urang kumelendang di dunya, ngan lir ibarat balébat nu datang sakolébat kauger ku waktu jeung poé. Dina sawangan pikiran kuring harita. Geuning urang hirup téh ngan ukur mibanda tilu waktu. Nyatana waktu kamari, waktu ayeuna jeung isukan. Ceuk papagah kolot mah, moal aya ayeuna mun euweuh kamari, jeung moal aya isuk mun euweuh ayeuna. Ayeuna kudu leuwih hadé manan kamari isuk kudu leuwih hadé manan ayeuna. Hirup ti Nu Mahakawasa kamari isuk kudu leuwih hadé manan ayeuna. Melak cabé jadi cabé melak bonténg jadi bonténg, mun melak hadé jadi hadé melak goréng tangtuna gé hasilna goréng.(Source: kosapoin.com/murbayaksa-di-desa-cimeong-majalengka)
Kamari, waktu nu geus kaliwat, pamohalan bisa balik deui, ngan natrat dina ingetan, ngalangkang sidik naker na kongkolak panon. Alus goréngna lampah nu geus kasorang pikeun nungtun lakuning hirup poé ayeuna katut pikeun nuyun lakuning isuk jaga ning géto sangkan hirup teu sasar nya lampah, ulah nepikeun ka nu lain dienya-enya nu enya dilain-lain.(Source: kosapoin.com/murbayaksa-di-desa-cimeong-majalengka)
Kiwari, nu keur dilakonan katut dirandapan ku urang, tangtuna waé kahirupan ayeuna lahir tumekaning batin kudu leuwih hadé manan kamari. Ceuk dalil téa mah. Bakal rugi jalma-jalma nu hirupna ti poé ka poé kitu-kitu kénéh euweuh kamajuanana.(Source: kosapoin.com/murbayaksa-di-desa-cimeong-majalengka)
Pikeun bekel mulang ka lemah cai nu sajati nuturkeun dulur-dulur jeung babaturan nu geus baralik tiheula. Kudu bisa balik ka ‘Ijati’ salaku manusa nu saéstuna manusa, asal ti Nu Mahakawasa balik deui ka Nu Mahakawasa.(Source: kosapoin.com/murbayaksa-di-desa-cimeong-majalengka)
Isukan, mangrupa wanci nu bakal kasorang ku urang, hakékatna kersaning Nu Mahakawasa. Naon nu bakal karandapan biheung nepi biheung moal nepi ka poé isuk jaganing géto. Ku kituna salila masih dibéré umur ku Nu Mahakawasa urang kudu leuwih soson-soson deui katut leuwih rancingeus ngamangpaatkeun waktuna. Lian ti kitu, tangtuna waé kudu leuwih loba sukur ka Ijati, masih dibéré nimat nu teu kaitung ti Nu Mahakawasa, antarana waé masih dibéré waktu pikeun ngumpul ngariung jonghok paamprok, patepang raray pataréma leungeun jeung kanca mitra babaturan saorganisasi, nyatana organisasi Paguyuban Pasundan.(Source: kosapoin.com/murbayaksa-di-desa-cimeong-majalengka)
Rék umur sabaraha waé ogé utamana nu geus ‘aqil balig’ komo deui umur geus tunggang gunung, umpama ka babaturan komo ka dulur-dulur nu jauh sumawonna nu deukeut, kudu leuwih inget kana kahadéan-kahadéannana. Laju hal éta kudu bisa jadi conto pikeun kahirupan urang sorangan. Saterusna kudu geus bisa mopohokeun sagala rupa kagorénganana, katut kudu ngahampura sagala rupa kasalahanana da urang geus karuhan teu bisa ngitung waktu nepi ka iraha bisa babarengan jeung aranjeunna.(Source: kosapoin.com/murbayaksa-di-desa-cimeong-majalengka)
Bisa waé ku kersaning Mantén-Na dumadakan urang kaleungitan baraya, babaturan jeung sobat. Padahal, karék kamari urang ngumpul ngariung sempal goyon gogonjakan.(Source: kosapoin.com/murbayaksa-di-desa-cimeong-majalengka)
Atuh upama ka budak jeung ka nu sahandapeun, maranéhna rada ‘minculak’, bedegong, mibanda laku nu méngpar ti nu adeg-adeg nu geus nyampak, ulah ieuh ngagantawang nyarékan kalayan sahaok kadua gaplok da urang gé can tangtu hadé. Bakal leuwih hadé mun ku urang dicontoan ku lampah paripolah urang nu hadé tur bener ceuk agama jeung darigamana, kalayan bisa didik ku atikan nu asih-asuhan jeung asah.(Source: kosapoin.com/murbayaksa-di-desa-cimeong-majalengka)
Kitu deui teu tinggaleun ka nu reureujeungan jeung urang, jeung batur sakasur, saréwél-réwélna salaki atawa pamajikan kudu ditarimakeun jeung kudu disukuran, urang masih bisa babarengan. Kudu bisa silih mangpaatkeun waktu pikeun silih asih, asah, asuh kalayan silih simbeuh ku kadeudeuh, silih cébor kasono, silih siram ku kanyaah nu didadasaran ku ajén-inajén agama jeung darigama, sabab geus kamahpum ku urang saréréa, teu apal teuing isuk, teuing pagéto papasangan urang ninggalkeun urang atawa urang nu ninggalkeun papasangan urang.(Source: kosapoin.com/murbayaksa-di-desa-cimeong-majalengka)
Hayu urang beungkeut pageuh ku kadeudeuh patri ku tali asih, cangcang ku simpay kanyaah tur kamélang, sangkan harepan urang dina mangsa balik ka Nu Mahakawasa dina kaayaan husnul khotimah sarta mugia dulur-dulur, baraya-baraya, sobat-sobat nu geus ti heula mulang aya dina iuh-iuh pangkonan Nu Mahakawasa.(Source: kosapoin.com/murbayaksa-di-desa-cimeong-majalengka)
Cag heula tepi ka dieu! Tulisan ieu, sakadar lamunan kuring dina pasamoan di padumukan Ketua Umum Paguyuban Pasundan, pikeun ngélingan diri nu tuna ku pangarti, miskin élmu, miskin panemu teu boga jampé pamaké kalimah nu sampurna pikeun bekel dina kahirupan.***(Source: kosapoin.com/murbayaksa-di-desa-cimeong-majalengka)





