Inget kana hiji carita di zaman Rosurullah.Aya hiji budak anggon nu padumukanna di daerah Yaman mun zaman kiwari mah,ngaranna Uwaes Al Qorni.Budak eta teh pikeun nyumponan kabutuhan hirup sapopona boga pakasaban ngagon domba nu batur.Teun nga ukur eta wae, katambah kudu ngurus indung na nu gering bari jeung geus teu nempo.Uwaes kaitung budak nu rajin dina gawena bari jeung geten ngurus indungna teh,teu sirikna indung teh meni di pupusti jeung didama dama pisan ku manehna teh.(Source: kosapoin.com/kado-pikeun-pengurus-ika-unpas)
Hiji waktu Uwaes Al Qorni menta idin ka nu jadi indung maksudna rek manggihan Rosurullah di Madinah.Jarak antara imahna jeung madinah teu pati jauh mun zaman kiwari mah kira kira nga ukur 20 km,bisa satengah jam make kandaraan.Tapi waktu harita bari jeung lempang ngaliwatan sagara pasir,mun berang panas kacida peuting tiis kabina bina. Tangtu wae bisa sapoe sapeuting lalampahan Uwaes bubuhan lempang da teh boga kandaraan boh onta sumawona kuda keur ditumpakan.Kocap carita Uwaes nepi kanu di jujugjug,ngan teh panggih jeung Rosurullahna.Uwaes nu micinta Rosul,teh balik deui teu nungguan Rosul nu teu apal teuing iraha mulangna. Alatan buru buru balik teh bubuhan melang ka indung nu ditinggalkeun sorangan di imah. Bari jeung nikreuh mapay mapay sagara pasir da teu boga duit pikeun nyewa onta atau kuda nu bisa ditumpakan pikeun kandaraan.Ti poe ka poe Uwaes Al Qorni teu robah hirupna ngan ukur ngagon domba batur bari jeung ngurus indungna.(Source: kosapoin.com/kado-pikeun-pengurus-ika-unpas)
Kocap carita,hiji poe indungna ngageroan Uwaes Al Qorni maksudna,taya lian yen indungna hayang ibadah haji ka Makah al mukaromah.Uwaes hiji budak nu mikacinta tur taat ka indung teh ngahulag kahayang indung, ngawalon teh “Inshaaallah mangga ema” mun ceuk basa urang ayeuna mah.Bisa kasawang ku urang yen jarak Yaman jeung Mekah aya kana ratus kilo meterna,mun dibandingkeun mah meureun kira kira sarua jeung jarak Bandung ka Jawa Timur.Bari jeung daerah mangrupa sagara pasir katurug turug apan Uwaes mah jalma tuna harta tuna banda teh boga kandaraan onta atau kuda zaman harita mah.Uwaes Al Qorni saking nyaah ka nu jadi indung nyanggupan pikeun naik haji jeung indungna.(Source: kosapoin.com/kado-pikeun-pengurus-ika-unpas)
Teu lila ti harita, Uwaes teu talangke terus meuli domba kadunungan nana,bari dibayarna nyicil ladang ngagon domba.Harita keneh Uwaes nyieneun kandang domba,ngan rada mahiwal nyieun kandang na teh di luhur gunung,beda jeung ilaharna kandang domba biasana dipipir imah.Ti harita Uwaes boga gawe ayar disagigireun ngangon domba jeung ngurus indung.Gawena Nyatana ngasupkeun domba bari jeung dipangku kakandangna pasosore di luhur gunung. Isuk isukna dibawa deui bari dipangku terus di angon bareng jeung domba domba dununganna.Ti poe ka poe kitu jeung kitu wae gawe Uwaes bari jeung teu tinggaleun ngurus indung mah.Nempo polah Uwaes kitu ku urang dinya Uwaes teh geus di anggap jalma kurang saeundan,alatan sore mangku domba terus asupkeun kakandangna nu aya diluhur gunung tea.Isuk isuk di bawa tina kandangna kalayan dipangku eta domba teh,geus di handap terus diangon.Geus aya 7 atawa 8 bulan domba Uwaes Al Qorni beuratna geus ngaleuwihan beurat jalma dewasa,Uwaes mah teungarasa beurat mangku domba teh bubuhan geus biasa timimiti beurat domba teu leuwih ti 5 kilo nepi ka ayeuna geus puluhan kilo beuratna.(Source: kosapoin.com/kado-pikeun-pengurus-ika-unpas)
Teu sabaraha lila ti harita Uwaes miang bari ngagendong indungna rek ngalaksanakeun ibadah haji tea.Bisa dibayangkeun ku urang, Uwaes Al Qorni mangku indungna bari jeung leumpang mapay mapay sagara pasir nu ceuk ukuran harita mah onta atawa kuda ge loba nu mopo ku lobana babawaan.Nepi ka Makah Al Mukaromah satuntasna ngalakonan wajib haji jeung indungna,Uwaes Al Qorni ngadoa hareupeun kabah neneda ka Gusti nu murbeng alam sangakan Indungna katut balarea di lemburna dibere kasehatan turta kaberekahan kunu maha kawasa. Teu sakecap oge aya ngagerentes doa pikeun dirina,laku kitu teh saking mikadeudeuh jeung mika cinta indung katut masyarakatna.Rengse ibadah haji Uwaes balik deui kalemburna ngalakonan hirup siga sasariana,nyaeta ngagon domba batur bari jeung ngurus indungna.(Source: kosapoin.com/kado-pikeun-pengurus-ika-unpas)
Catur carita di Madinah,hiji mangsa Rosul ngageroan Umar Ibnu Khotob jeung Saidina Ali,nu laju ngadawuh,nu unina” umpama aranjeun hayang mibanda kasalametan katut barokah tinu maha kawasa dina hirup jeung kahirupan, aranjeun kudu datang ka daerah Nyaman terus menta doa ka jalma nu ngaranna Uwaes Al Qorni.Ngadenge dawuh Rosul kitu, dina sawangan Umar jeung Ali Uwaes Al Qorni teh tangtu na ge hiji jalama pangagung tur luhung sagalana katut jalma nu sagala nyampak boh ilmu boh harta.Sanggeus neangan bari tunya tanya kaditu kadieu Umar jeung Ali panggih jeung hiji budak nu keur ngagon domba nu ciri cirina sarua jeung dawuh Rosul.Jauh bumi kalangit jeung sawangan ti heula.(Source: kosapoin.com/kado-pikeun-pengurus-ika-unpas)
Eta mang rupa hiji dongeng ti ustad lembur waktu kuring leutik nu masih nganteng dina ingetan kuring nepi ka ayeuna.(Source: kosapoin.com/kado-pikeun-pengurus-ika-unpas)
Ngadongengkeun deui soteh lain nanaon,sabab sabaraha waktu nu geus kaliwat kuring ngilu di istrenan jadi pangurus Ikatan Alumni Universitas Pasundan.Maksud teh apan di budaya urang mah aya babasan tina kocap indung teh rea,aya indung nu ngandung jeung indung nu teh ngandung.Indung nu teh ngandung bisa indung mertua urang, aya indung beurang,indung peuting jeung resarea deui nu dingaranan indung.Teu tinggalaeun di paguron paguron tiheula mah sok aya istilah ALMAMATER umpama dibasa urangkeun mah sigana INDUNG ASUH tea meureun.Atuh urang nu geus diaping dijaring diraksa diriksa di atik didik dikikirik ti leuleutik ku almamater atau indung nepi kajadi alumni tangtuna ge sabisa bisa atau kudu bisa mulang tarima kanu jadi indung. Hukum na ka indung mah,rek indung asuh nu teh ngandung rek ka indung nu ngandung rek ka indung peuting atau indung beurang sarua wae wajib ayana, nyatana kudu bisa ngibadahan jeung tumut kana naon nu dipiwejang ku indung.Eta ge lamun urang hayang boga harkat dina hirup jeung kahirupan siga Uwaes Al Qorni nu di dongengkeun diluhur.(Source: kosapoin.com/kado-pikeun-pengurus-ika-unpas)
Urang salaku alumni nu geus digedekeun ku indung asuh/ALMAMATER tangtuna ge kudu ngabakti kanu jadi indung siga Uwaes Al Qorni ka indungna .Umpama can bisa siga Uwaes Al Qorni, paling heunteu urang ulah codeka jeung nyusahkeun indung deui komo bari jeung kudu punta penta keneh ka indung mah.Jasa indung mah lir ibarat haseup tara menta pulang tarima,tapi urang salaku anak nu geus di gedekeun kudu surti bisa bumela ka indung.Kahayang indung mah teu loba,paling oge kahiji kudu bisa ngabakti ka indung,ngabakti ka indung mah lain wungkul ku brabo dunya barana ku kalakuan nu hade jeung bener ge indung mah geus bagya.Ka dua nu jadi kahayang indung nyaeta bisa ngabakti ka papada anak nu geus sarua di gedekeun ku indung.Ka tilu kahayang indung teh bisa ngabakti kamasyarakat katut bangsa jeung nagara.Kitu deui urang salaku alumni komo deui pangurus alumni kudu bisa ngabakti ka indung asuh/ALMAMATER paling heuteu kulaku paripolah sapopoe nu teu ngerakeun komo deui bisa mulang tarima boh kuharta boh ku harti.Laju kudu bisa paheuyeuk heuyeuk leungeun jeung papada alumni sangkan jadi manfaat ku jalan silih asihan silih deudeuhan jeung silih asah.Disagedengeun eta tangtu wae mulang tarima ka indung asuh/ALMAMATER teh kudu jadi manfaat pikeun bangsa jeung nagarana.Umpama urang salaku alumni geus bisa mulang tarima ka indung asuh/ALMAMATER tinangtu wae urang bisa bagya lir ibarat Uwaes Al Qorni nu dipicinta ku kang jeng Rosul siga dongeng tadi…..Wallah hualam bissawab,nyanggakeun…..(Source: kosapoin.com/kado-pikeun-pengurus-ika-unpas)









