Sagala nu kemelip dialam ieu kabeh ge gubrag tinu maha kawasa. Teu tinggaleun manusa hirup tinu maha kawasa,nga dina kahirupan manusa sacara sareat nu nangtukeun sewang sewang manusana ku laku lampahna. Lain deui jeung mahluk mahluk sejen, kayaning sasatoan, tutuwuhan, malaikat, jin setan jeung sajabana dina sareat hirup huripna geus ditangtukeun. Dina kahirupan manusa mibanda rupa rupa kajadian, sakabeh manusa nu hirup mibanda pangalaman sewang sewangan. Kabeh nu hirup pasti ngalaman rupa rupa kajadian dumasar kana gerak hirupna sewang sewangan. Dina kahirupanna aya nu gerak sorangan, aya nu kagerakaeun, aya oge nu digerakeun tapi aya oge manusa nu teu daek gerak. Teu tinggaleun dina kahirupanna manusa aya nu salamet,aya nu disalametkeun teu tinggaleun aya oge nu kasalametkeun. Sabalikna tina hal eta, aya oge manusa nu cilaka, aya nu kacilakaan katut teu kurang kurang aya nu dicilakakeun katut nylakakeun maneh.(Source: kosapoin.com/ngariksa-cai)
Nalingakeun kanyataan eta hartina manusa dina kahirupanna tangtu euweuh nu cicing, kaasup nu keur sare ge teu cicing. Anapon kitu hartina kabeh nu kumalendang dialam ieu nyatana hirup, kabeh ge mangrupa kahirupan katut kabeh ge dihirupan. Ku ayana hal eta kahirupan jadi pinuh ku rupa rupa warna,rupa rupa kajadian katut rupa rupa pangalaman, nu mangaruhan kana sagala rupa kahirupan sakabeh mahluk, utamana dina kahirupan manusa. Asala tina pangalaman jadi boga tujuan. Umpama kitu nyata, panalekna, naon atuh essensi tujuan hirup dina kahirupan manusa nu saestuna? Ieu mah kudu ku ahlina dijawabna.(Source: kosapoin.com/ngariksa-cai)
Dina kanyataan kahirupan nu katempo sabengbatan,aya nu ngeusian kahirupan ku ngamanfaatkeun batur,oge dimanfaatkeun batur tapi loba oge nu hayang untung tina enteng, teu saeutik nu bisa nyilakakeun katut ngaruksaksak nu aya dina kahirupan ieu alatan ku kahayang nu euweuh tungtungna. Loba karuksakan karuksakan nu dilakonana kumanusa, boh ngaruksak dirina kitu deui ngaruksak alam kahirupanna.(Source: kosapoin.com/ngariksa-cai)
Salah sahiji karuksakan nu natrat katempo kubalarea,nu geus kamahpum ku urang sarerea kaitan jeung ruksakna walungan. Pangalaman nu katempo,keur leutik mun nempo walungan cikapundung teh caina meni herang ngageunclang teu hariwang pikeun kokojayan. Tapi kiwari bisa katempo ku urang kaayaan walungan Cikapundung lir ibarat cubluk nu Panjang. Teu tinggaleun walungan dilembur kuring aya nu ngrana walungan Ci Gunung Agung. Keur leutik sok mandi diwalungan eta bari teuteuleumaan, kokojayan papalidan, sakapeung mah sok nyieun rarakitan tina gebog cau, dibarung ku sempal kapi guyon bari gogonjakan, ayeuna kari waasna. Sigana ditempat tempan sejen ge moal jauh beda jeung kaayaan walungan tadi. Kiwari eta kajadian endah keur budak geus ilang dileled kahirupan manusa nu teu boga jeujeuhan. Lain ngan ukur di Cikapundung katut lembur kuring wungkul robahna eta kaaya teh, sigana meh di unggal unggal tempat ayeuna mah walungan teh teu sirikna nu ngojay teh lain manusa tapi geus di ojayan runtah,kokotor jelema teu tinggaleun limbah palastik nu ngabadeg nambahan sareukseuk. Hal eta jadi bukti geus leungit rasa manusa yen sagala rupa nu aya kaasup cai diwalungan mangrupa titipan nu maha agung atawa jalma jalma geus teu malire katut ngahargaan titipan ciptaanna nu maha kawasa.(Source: kosapoin.com/ngariksa-cai)
Tumali jeung hal ihwal Ruksana alam kaasup CAI dijerona, teu sadar atawa pura pura teu sadar sakum na oknum nu ngarusak cai? Apan ceuk katerangan yen CAI teh mangrupa asal muasal kahirupan manusa. Dina sajeroning Rahim ibu, manusa tumuwuh disatungkebing cai, nyatan cai ketuban.Ana pon kitu meureun cai teh mangrupa symbol kasucian katut kahadean. Ditempo tina sisi agama,apan natrat aya dina Quran surat Al Anbiya ayat 30. Dina ayat ieu ngagambarkeun yen langit katut bumi mimitina mangrupa hiji beungkeutan teu papisah, laju kunu maha kawasa dipisahkeun. Hal ieu nunjukeun yen jagat alam semesta ieu mibanda asal nu sarua. Sagedengeun hal eta ngajentrekeun yen Cai mangrupa unsur pokok kahirupan. Wirehing hirup asalna tina Cai, kukituna manusa wajib miara sungapan sungapan cai katut tempat cai ngamalir/walungan. Mun ngaruksak alam ieu kaasup cai hartina manusa geus ngaruksak salah sahiji nikmat nu dititipkeun kunu maha kawasa. Bisa dibanyangkeun ku urang lamun hirup euweuh cai.(Source: kosapoin.com/ngariksa-cai)
Leupas tina hal eta umpama di kaitkeun kana budaya Sunda, Cai disagedengeun mangrupa bibit buit manusa, oge bisa dijadikeun guru dina kahirupan ieu. Ceuk kolot urang tiheula, Cai lain ngan saukur materi, tapi mangrupa guru kahirupan. Antarana wae bisa disebutkeun:(Source: kosapoin.com/ngariksa-cai)
Cai mangrupa sumber kahirupan, kabeh manusa hirup pasti gumantung kana cai, jadi cai sakitu gede manfaatna pikeun kahirupa. Kusabab kitu manusa kudu bisa diajar tina sifat cai. Maksudna manusa kudu jadi mahluk nu bisa mere manfaat pikeun balarea lir ibarat cai. Lain sabalikna,manusa jadi sumber mudorat pikeun kahirupan.(Source: kosapoin.com/ngariksa-cai)
Cai salawasna tumut kana iuh iuh parentah nu kawasa, sifatna cai salawasna ngamalir katempat nu leuwih handap. Hal ieu bisa jadi piwuruk pikeun manusa, yen hirup kudu mibanda sifat depe depe handap asor. Beuki luhur elmu, jabatan, katut harta umpama ngaji sifat cai manusa kudu leuwih depe depe handap asor katut ngahargaan manusa nu lian, ulah nempo partai, golongan katut bangsana.(Source: kosapoin.com/ngariksa-cai)
Disagedengeun eta,bisa oge ditempo yen cai salawasna neangan jalan,umpama cai keur ngamalir dihalangan cai mah tara eureun kitu wae tepi neangan jalan sejen pikeun ngamalir. Hal ieu yen cai geus ngajarkeun ka manusa kudu bisa istikomahan, sabaran, katut mibanda kampuan pikeun nyesuaikeun jeung kaayaan tapi teu leungiteu tujuanna.(Source: kosapoin.com/ngariksa-cai)
Cai pikeun ngaberesihan sagala rupa hahalang, geugeuleuh,rurujit nu kalotor ,hartina manusa nu diajar kana cai tangtuna wae disagigireun meresian awak nu kotor oge kudu bisa meresihan kokotor kalawan rurujit dijero diri, kayaning kasombongan, sirik pidik jail kaniyaya jeung sajabana.(Source: kosapoin.com/ngariksa-cai)
Sajaba ti kitu tina hal ihwal cai,bisa ditempo tina babasan babasan urang,antarana wae: Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok, hiji peupeujeuh yen sagala rupa hal nu dilakonan kalayan terus teusan, kajeun teuing leutik ari terus terusan mah tangtu bisa mawa parubahan nu gede.(Source: kosapoin.com/ngariksa-cai)
Caina herang laukna beunang, ngarengsekeun masalah lain ku alatan gede kuta loba dunya nu dibarengan ku tahta, tapi ngaberesan masalah kujalan wijaksana ngabalukarkeun kabeh nu kalibet meunang manfaatana euweuh nu dirugikeun. Hiji deui di urang aya babasan, ngidung kawaktu mibapa ka jaman, dina tetekon ieu euweuh eungang Cai, tapi hal eta mangrupa sifat salah sahiji sifat Cai nu nyatana mampu nyesuaikeun maneh jeung kaayaan ngan baris teu ngaleungitkeun jati dirina.(Source: kosapoin.com/ngariksa-cai)
Anapon kitu kanyataan na cai the kudu salawasna dipalire kalih dipiara. Nalika cai teu di walungan rusak,nu ruksak lain ngan ukur alamna, tapi kaasup kahirupan manusa ngilu ruksak. Tumali jeung hal eta miara cai mangrupa kawajiban moral katut budaya manusa.(Source: kosapoin.com/ngariksa-cai)
Aya babasan diurang nu unina “Leuweung ruksak,cai beak, manusa balangsak”, anapon kitu cai lain ngasaukur wujudna wungkul tapi cai mangrupa simbul kahirupan, kasaimbangan katut kawijaksanaan. Jadi natrat katempo ku manusa nu sadar katut mibanda kasadaran, yen sing saha wae manusa nu mampu diajar tin hal ihwal Cai, bisa dipastikeun eta manusa bisa manfaat pikeun balarea,handap asor depe depe, sabar/istiqomqh, katut bisa miara harmoni jeung alam kalih nu maha kawasa.(Source: kosapoin.com/ngariksa-cai)
Nempo kaayaan walungan kiwari geus aya geserna nilai kahirupan. Tiheula cai di walungan mangrupa sumber pokok kahirupan, kiwari walungan ngan ukur pikeun miceun runtah, kokor jalama katut miceunan limbah limbah. Hubungan manusa jeung alam geus jauh ngageser, tiheula alam dipiara jalaran manusa sadar dina kasadaranna yen alam mangrupa titipan tinu maha kawasa. Kiwari alam dimanfaatkeun ku manusa nu teu mibanda tanggungjawabna. Ngan saukur dipake pikeun ngalajur napsu ngahudang rasa nu marakela pikeun kapentingan dunyawiah. Teu malire pikeun kapentingan anak, incu, buyut nu hirup saeungeusna.(Source: kosapoin.com/ngariksa-cai)
Sacara spiritual, ajaran agama geus nandeskeun yen manusa teh mibanda tugas salaku Kholifah di alam ieu, tugas pikeun ngurus alam katut sagala eusina. Tumali kitu salah sahijina ngariksa cai mangrupa bagian tinu Amanah nu maha Kagungan, lain ngan saukur kawajiban sosial wungkul. Kusabab kitu ngariksa walungan teu cukup dilaksanakeun ku teknologi atawa hukum. Tapi manusa kudu sadar kalih mibanda kasadaran budaya, yen Cai teh lain ngan ukur warisan ti karuhun,tapi mangrupa titipan tinu Kagunganna pikeun anak,incu katut buyut…….Wallohualam [](Source: kosapoin.com/ngariksa-cai)

Catatan Seorang Manusia yang Mencari Bahasa
Negara: Indonesia (West Java)
Device: Mobile
OS: Linux, Browser: Chrome






