HIRUP ULAH MANGGIH TUNGTUNG PAÉH ULAH MANGGIH BÉJA

hirup ulah manggih tungtung

Rineh kalayan bisa indit-inditan atawa ngahenang-ngahening, jeung pun bojo di imah biasana mun teu poé saptu atawa poe minggu.(Source: kosapoin.com/hirup-ulah-manggih-tungtung-paeh-ulah-manggih-beja)

Kitu peta téh, alatan poé senén nepi kan poé juma’ah bagian ngasuh incu, alatan indung bapana digarawé. Sakalieun kuring indit lunta ti imah dina poé-poé saluareun Saptu jeung Minggu, ku alatan pikeun perlu néangan kasab balik téh rada gura-giru. Lain nanaon karunya ka pun bojo capéeun ngurus incu ku sorangan umur geus tunggang gunung, incu-incu keur meujeuhna kembang buruan, meujeuhna kumincir mun ucing téa mah.(Source: kosapoin.com/hirup-ulah-manggih-tungtung-paeh-ulah-manggih-beja)

Geus wajibna kitu kanu jadi bojo mah, apan ceuk kolot urang ti heula mah, wawuh ka diri kacida susahna, komo deui diri nu di luar urang.(Source: kosapoin.com/hirup-ulah-manggih-tungtung-paeh-ulah-manggih-beja)

Poe minggu harita mah geus hayang silaturahmi ka karuhun di lembur, pun bojo ge harita aya pasamoan jeung batur-baturna nu kungsi bareng waktu kuliah di Unpas. Kuring boga maksud rek lunta ka wewengkon di mumunggang gunung haruman, hiji tempat di daérah Lélés Garut. Taya lian lunta ka dinya téh, rék silaturahmi jeung dulur-dulur nu aya kénéh sakalian nadran ka pajaratan buyut kuring nu dikurebkeun didinya.(Source: kosapoin.com/hirup-ulah-manggih-tungtung-paeh-ulah-manggih-beja)

Harita indit ti imah téh maké motor kira-kira wanci pecat sawed saacan wanci rumangsang, mun waktu jaman kiwari kira-kira antara pukul sapuluh sabelas. Teu loba halangan-harungan di jalanna paling oge macét, lain macét kétang tapi ngantri rada panjang ti mimiti Cicaheum laju nepi ka Cibiru terus ka Cinunuk parat nepi ka Cileunyi. Tidinya mah kaitung lancar, ngan rada lila di jalan sotéh naék motorna tara leuwih ti 40 Km tina sajamna. Maklum geus kudu ngukur kana umur ayeuna mah.(Source: kosapoin.com/hirup-ulah-manggih-tungtung-paeh-ulah-manggih-beja)

Tengah poé, wanci lohor nyimpang heula ka imah nini (Almh) ti pihak indung di daérah Kadungora Kampung Batu Gedé Desa Cisaat, nu caina mun usum halodo ogé tara kabéjakeun kungsi saat. Nyimpang téh maksudna rék solat Lohor bari sakalian nadran ka pajaratan pun bapa, pun biang jeung ka karuhun karuan kuring ti pihak indung nu dikurebkeun di pipir imah nini. Tangtuna ge bari sakalian reureuh ngalempengkeun cangkéng maklum umur geus tunggang gunung.(Source: kosapoin.com/hirup-ulah-manggih-tungtung-paeh-ulah-manggih-beja)

Réngsé solat terus ngopi di téras imah, katémbong langit nu tadi lénglang ku méga modas ayeuna jadi angkeub. Pihujaneun geus ngagayot katémbong méga-méga mendung kandel ngadinding. Sanajan harita masih beurang, panon poé can lila karék lingsir can wancina Adan Asar,(Source: kosapoin.com/hirup-ulah-manggih-tungtung-paeh-ulah-manggih-beja)

tapi pangaruh reueuk sakuriling bungking pilemburan imah nini kuring ngajadikeun kaayaan asa geus burit pisan.(Source: kosapoin.com/hirup-ulah-manggih-tungtung-paeh-ulah-manggih-beja)

Teu lila ti dinya paralak-paralak hujan, dimimitian ku hujan gede tapi cararang beuki lila beuki kerep. Atuh antukna mah teu lila ti dinya gebrét téh hujan mani gedé naker dibarung ku angin nu ngagelebug mani gedé nebak dangdaunan tangkal jadi pating garupay. Selang-selang dibarengan jeung tinggurilapna kilat nu dituturkeun ku sora tinggeleger guludug matak ketar kana hate. Memang harita téh usum ngijih. Hujan nu ngagebrét dibarengan ku dor-dar gelap, pikiran jadi rusras inget ka jaman keur budak di lembur.(Source: kosapoin.com/hirup-ulah-manggih-tungtung-paeh-ulah-manggih-beja)

Dibéré hujan téh harita mah mani sugema naker asa mobok manggih gorowong, kapan ceuk dalil na gé “Hujan téh barokah ti Nu Maha Kawasa”, nu mangsa kiwari mah sok dipikahariwang. Atuh karék gé gebrét hujan téh teu antaparah deui berebet lumpat ka luar imah terus huhujanan jeung sabatur-batur di lembur, bari jeung biwir tara répéh pating kocéak sukabungah, nu sakapeung mah disagédéngeun silih simbeuh téh sok silih tamplokeun ku leutak bari guyang dina taneuh.(Source: kosapoin.com/hirup-ulah-manggih-tungtung-paeh-ulah-manggih-beja)

Ceuk sababaraha anggapan, mangsa keur budak téh mangsa nu kacida éndahna, dumeh éta meureun can boga rasa tanggung jawab naon-naon, can nyaho hartina kasusah hirup. Malah sapopoe ge ngan ukur ngumbar karesep samata-mata, arulin jeung babaturan, ubrang-abring kaditu-kadieu bari jeung kasusah kolot mah can kapikiran.(Source: kosapoin.com/hirup-ulah-manggih-tungtung-paeh-ulah-manggih-beja)

Ngan meureun zaman kiwari sok kacaritakeun aya jalma umur geus tunggang-gunung tapi kalakuan siga budak. Tapi harita mah da tara ieu terus gering, geus hujan raat téh sok terus ka saung ranggon ngadon siduru bari baju jibrug nepi ka garingna.(Source: kosapoin.com/hirup-ulah-manggih-tungtung-paeh-ulah-manggih-beja)

Bari siduru sok diteruskeun ku beubeuleuman, aya kalana meuleum lauk, aya sampeu atawa saala-alana, bari jeung pirajeunan éta téh meunang nyokot ti kebon atawa balong batur. Korupsi berjama’ah meureun mun ceuk jaman kiwari mah. Harita mah can nyaho naon-naon, komo deui wawuh jeung nu ngaranna korupsi sagala, nu penting mah seubeuh jeung senang, paduli teuing kebon jeung balong batur ludes mah. Jaman kiwari mah, hal kitu patut téh dilakukeun lain ku budak siga kuring baheula, tapi ku jalma-jalma sakola tapi teu nyakola katut jalma ngarti kalayan boga kalungguhan nu lain joré-joré. Ceceremed panjang kokod pulang-paling paduli teuing jalma séjén balangsak.(Source: kosapoin.com/hirup-ulah-manggih-tungtung-paeh-ulah-manggih-beja)

Bari nungguan hujan raat, ras inget deui dina wanci nu sarua sababaraha waktu ka tukang di téras imah nini. Kuring diuk sila tutug bari nyanghareupan lalawuh kulub Hui jeung Cau goreng. Haseup ipis pagaliwota jeung haseup cikopi dina Entik (gelas batok kalapa nu rada gedé), sing surungkuy tina liang irung anu tangtuna kumétap ka sing saha waé nu ngangseu jeung tangtuna ogé matak haneut kanu ngadaharna. (Source: kosapoin.com/hirup-ulah-manggih-tungtung-paeh-ulah-manggih-beja)

Hirup ngarasa bagja karasa tiis ceuli herang mata, matak betah di pilemburan béda jeung di kota nu pagaliwota jeung sagala rupa modél kahirupanna. Tapi harita na pikiran jadi inget kana omongan kolot kuring, nun unina “Hiji kaayaan tempat nu euweuh hubunganna jeung kabagjaan katut kasenangan hirup. Tempat na mah boh di kota nu pagaliwotan jeung sagala model kahirupan kitu deui di pilemburan nu cenah tiis ceuli hérang mata atawa di mall sumawonna di imah, tapi kabungah jeung kabagjaan ayana nyangkaruk dina jero pikiran urang.(Source: kosapoin.com/hirup-ulah-manggih-tungtung-paeh-ulah-manggih-beja)

Umpama pikiran urang pakusut raruwet ku sagala urusan rék dimana waé cicing angger hareudang bayeungyang”, moal tinemu jeung kasenangan katut kabagjaan.(Source: kosapoin.com/hirup-ulah-manggih-tungtung-paeh-ulah-manggih-beja)

Éta ungkaran kolot ti heula, umpama dikaji rada jero mangrupa hiji falasifah nu luhur kacida. Padahal kolot-kolot kuring keur jenengna téh haji lain jeung lain ustad, sumawona kiyai, teu ngangseu sekolah-sakola acan tapi geus nyakola. Ceuk kolot nu teu sakola tapi nyakola deui wae ieu mah lain ceuk deungeun nu palinter ti nagri sabrang lautan – baheula di wewengkon urang aya hiji paninggaran tukang moro monyet. Upama rék moro monyét, tara mawa pakarang nu ranggéténg, tapi cukup mawa toplés atawa kéler nu liangna sa-asupeun leungeun Monyét, ngan jerona gorowong rada gedé. Toplés tadi dieusian sisikian kacang-kacangan kasukaan Monyet bari jeung kacangna dibéré bungbu sangkan monyet ngangseu tur kabita.(Source: kosapoin.com/hirup-ulah-manggih-tungtung-paeh-ulah-manggih-beja)

Bada magrib éta toplés dikubur na taneuh, isuk-isuk ditéang téh pasti kasampak Monyét ukey-ukeyan leungeunna asup kana toplés bari ngarawu kacang, atuh Monyét téh teu bisa kukumaha ngan ukur jejeritan samar polah teu bisa leupas da leungeunna ngeupeul kusabab ngaranggeum kacang jeung teu dileupaskeun kacangna jadi teu bisa leupas ti dinya sakadang Monyét téh. Poma Monyét daék ngaleupaskeun kacangna tangtu Monyét bisa leupas tina éta toplés. Nempo paripolah Monyet kitu téh jalma-jalma biasana seuseurian, nyeuseurikeun Monyét nu keur ukey-ukeyan bari samar polah hayang leupas.(Source: kosapoin.com/hirup-ulah-manggih-tungtung-paeh-ulah-manggih-beja)

Teu sadar sigana jalma-jalma téh, padahal mah manehna keur nyeungseurikeun dirina, rek teu kitu kumaha. Ceuk kolot ti heula yèn kacang téh lir ibarat materi atawa dunya nu nyangkaruk dina kahayang jeung pikiran urang. Umpama pikiran urang komo umur geus tunggang gunung mah masih kénéh na jero pikir boga kahayang kana haliyah dunya tangtu urang hirup di dunya téh lir ibarat monyét nu tadi hayang leupas tina toplés tapi leungeunna masih keukeuh ngarawu Kacang atawa masih ngeukeuweuk Kacang nu teu daé k dileupaskeun. Tapi kétang éta mah monyét ceuk dongeng kolot ti heula. URANG MAH LAIN MONYÉT PAN???….(Source: kosapoin.com/hirup-ulah-manggih-tungtung-paeh-ulah-manggih-beja)

Heuleut sababaraha waktu, wanci sariak layung maju ka wanci sareupna, hujan geus lekasan téh jadi rék silaturahmi jeung jaroh kakaruhun alatan wanci geus rék reup magrib, jauh-jauh panjang gagang meureun.(Source: kosapoin.com/hirup-ulah-manggih-tungtung-paeh-ulah-manggih-beja)

Réngsé solat Magrib kuring miang deui ti lembur nini muru ka Cimahi.(Source: kosapoin.com/hirup-ulah-manggih-tungtung-paeh-ulah-manggih-beja)

Hampura Aki, Uyut, Bao, Jangga Wareng, Udeg-udeg, Kakait siwur, kuring téh kukuh kanu niat lantaran kaburu peuting nu di imah bisi arep-arepeun. Ceuk dalil cenah doa mah ka nu geus tilar dunya somawonna ka nu masih jumeneng di dunya téh kahalangan ku ruang jeung waktu. Kuring seja neneda kanu Maha Agung ngagerentes dina haté, didoakeun ti kajauhan mugia di alam kalanggengan kum sakabéh kanu geus tilar dunya nu aya di wewengkon Gunung Haruman aya dinu iuh-iuh Pangkonan nu Maha Kawasa, teu tinggaleun ka dulur-dulur nu masih jarumeneng kénéh, mugia waé aya dina bagja jeung daulat…..Cag.(Source: kosapoin.com/hirup-ulah-manggih-tungtung-paeh-ulah-manggih-beja)

Seni Membatasi Rasa
Baca Tulisan Lain

Seni Membatasi Rasa

Dr. Widya Utama, S.E., M.Si.

(Source: kosapoin.com/hirup-ulah-manggih-tungtung-paeh-ulah-manggih-beja)


Apakah artikel ini membantu?
IP: 180.243.254.243
Negara: Indonesia (West Java)
Device: Desktop
OS: Windows, Browser: Chrome

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *