EPISENTREM SITUS MEGALITIKUM GUNUNG PADANG

EPISENTREM SITUS MEGALITIKUM GUNUNG PADANG

Sabarabara poé nu kaliwat kabeneran keur wancina libur kuliah, kuring diajak Prof. Ade Priangani nyaba bareng jeung sababaraha urang dosen Fisip Unpas lainna ngajujug ka Situs Megalitukum Gunung Padang. Maksudna lain rék panaluntikan di Gunung Padang tapi ieu mah rék ulin waé pikeun ngareureuhkeun kacapé balas ngatik ngadidik di kampus. Katambah kuring can kungsi nyorang ka wewengkon éta mah, nu akhir-akhir ieu kungsi viral di urang. Sagédéngeun éta rék néangan situasi anyar di luar kampus jeung hayang nyeuseup hawa nu bersih di gunung. Pan di kota mah geus papada apal pimaneun teuing bisa nyeuseup hawa nu bersih.(Source: kosapoin.com/episentrem-situs-megalitikum-gunung-padang)

Nepi ka anu dijugjug di wewengkon suku Gunung Padang bari ngariung disuguhan sangu liwet heula ku Kang Jenal, salah saurang manukna Gunung Padang. Réngsé dahar liwet aya kana sajamna leleson heula terus naék ka puncak situs Gunung Padang. Leumpang rada nanjak aya kana 300 méteran nepi ka puncakna téh, bari ngariung ngadéngékeun nu ngawarangkong kaitanna jeung ahéngna Situs Gunung Padang, aya hiji nu jadi pikiran kuring dina éta wangkonan.(Source: kosapoin.com/episentrem-situs-megalitikum-gunung-padang)

Yén éta situs téh legana kira-kira 900 méter pasagi mibanda 5 punden/undakan tina susunana batu-batu nu cenah mangrupa punden panggedéna sadunya jeung mangrupa situs peradaban manusu nu pangkolotna. Salian ti éta Gunung Padang dilingkung ku lima gunung-gunung leutik katut unggal kapunden mibanda lir ibarat pantonna, nu nyanghareup ka gunung Pangrango.(Source: kosapoin.com/episentrem-situs-megalitikum-gunung-padang)

Éta ogé kahalangan ku lima gunung leutik kaasup gunung gedé. Hal séjénna, batu-batu nya ai komplek Gunung Padang, ampir kurang leuwih 85 persén batu-batuna nyudut 5. Pan lima téh di urang mah baheula sok disarebutnana téh panca. Salah sahiji kaahéngan tadi, jadi panalék dina diri kuring, kunaon kabéh sarwa lima? Karuhun urang ngahaja nyieun éta atawa teu dihaja? Jeung naon falasifahna angka 5? Aya kaitan henteu jeung babasan di urang kayaning, panca wilayah, panca niti, panca indra, kaasup falasifah nagara nyaéta Pancasila.(Source: kosapoin.com/episentrem-situs-megalitikum-gunung-padang)

Mun enya aya pakuat pakaitna jeung panca-panca nu tadi, meureun ruhun urang ngahaja nyieun éta atawa panca nu nganteng antara Gunung Padang jeung panca-panca nu tadi loba pisan nu can kasambungkeunna. Kapan ceuk para ahli gé situs megalitikum Gunung Padang diwangung rébuan taun saacan maséhi. Ari pancapanca nu séjénna siga Pancasila nu jadi dadasar nagara urang ceuk catatan sajarah nu kapanggih titis tulisna aya keur pajamanan karajaan-karajaan di Nusantara.(Source: kosapoin.com/episentrem-situs-megalitikum-gunung-padang)

Ras inget kana alam dongéng baheula ceuk sajarah nu kungsi diajarkeun ku guru kaitan   jeung kaahéngan karuhun. Aya carita yén kajayaan hiji nagara salah sahjina bisa ditingali tina bukti-bukti titinggalna sajarah nu monumental. Hal éta bisa ditempo kumaha hebatna nagara Mesir kuno nu geus bisa nyieun piramida Giza nu jadi salah sahiji kaajaiban dunya.(Source: kosapoin.com/episentrem-situs-megalitikum-gunung-padang)

Ngadegna piramida di nagri Mesir kuno nandaan yén masyarakat Mesir kuno geus mibanda peradaban nu maju. Hal séjén nu bisa disakséni munara jeung taman gantung di Babilonia. Umpama urang daék niténan yén munara Babilonia disusun tina batubatu galedé naker nu dipahat jeung diukir jadi wangunan nu megah jeung artistik.(Source: kosapoin.com/episentrem-situs-megalitikum-gunung-padang)

Mun dipikiran ku urang ayeuna kumaha bangsa Babilonia kuno bisa ngangkat batu nu sakitu gedéna kalayan diukir jeung dipahat tur éndah pisan, kumaha ngangkat jeung mindahkeun batu nu sakitu galedéna. Niténan hal éta urang bisa nyimpulkeun yén bangsa Babilonia mangrupa bangsa mibanda peradaban nu maju.(Source: kosapoin.com/episentrem-situs-megalitikum-gunung-padang)

Sisi séjén bisa ditempo deui kumaha megahna tembok China nu nantung kokoh naker jeung panjangna nepi ka rébuan kilometer. Hal éta bisa disimpulkeun yén bangsa China ogé geus jadi bangsa nu mibanda peradaban nu maju naker. Kunaon hal éta disebut bangsa maju? Pan harita can aya teknologi kontruksi wangunan nu moderen siga ayeuna.(Source: kosapoin.com/episentrem-situs-megalitikum-gunung-padang)

Bukti titinggalan sajarah kuno nu monumental teu ngan aya di bangsa-bangsa deungeun. Titinggal aya di Indonésia, nagri Jamrud Khatulistiwa. Candi Borobudur nu aya di wewengkon Kabupaten Magelang, Jawa Tengah. Candi Borobudur nu ceuk sajarah diwangun ku wangsa Sailendra dina abad ka-7 téh, boga fungsi pikeun Acara kaagamaan.(Source: kosapoin.com/episentrem-situs-megalitikum-gunung-padang)

Ukuran komplek Candi Bolobudur nu sakitu gedéna sarta pahatan-pahatan jeung ukiran-ukiran di témbok-témbok candi. Hal éta ngabuktikeun yén masarakat Jawa harita geus boga téhnologijeung peradaban nu geus maju. Laju aya Candi Prambanan di Kabupatén    Klaten, Daérah Istimewa Yogyakarta. Bukti kamajuan peradaban masarakat harita. Titinggal sajarah nu monumental tadi di sagigireun jadi ukuran kamajuan peradaban bangsa atawa masarakat harita, éta gé kudu bisa jadi hiji alat pikeun urang ayeuna   ngahudang(Source: kosapoin.com/episentrem-situs-megalitikum-gunung-padang)

jeung    ngaludang semangat bangsa atawa masyarakatna yén karuhun téh bangsa nu hebat. Pon kitu deui di Jawa Barat aya bukti titinggal sajarah nu monumental, salah sahijina Situs Megalitikum Gunung Padang di Kacamatan Campaka, Kabupatén Cianjur. Éta situs téh simbul yen masarakat Sunda geus boga peradaban maju nu leuwih ti bangsa-bangsa deungeun. Tina sisi umur, ceuk para arkeolog umurna lewih kolot batan piramida Giza nu dijieun ku bangsa Mesir kuno, atawa munara nu dijieun ku bangsa Babilonia, katut témbok besar nu diwangun ku masarakat China.(Source: kosapoin.com/episentrem-situs-megalitikum-gunung-padang)

Fakta sajarah nu ngahudang kesadaran yén urang salaku masarakat Sunda kudu ngarasa reueus wiréh karuhun urang téh geus boga peradaban jeung téhnologi maju. Kuduna mah hal éta téh bisa ngahudang urang Sunda pikeun bisa ningkatkeun pola pikir, produktivitas, jeung kreativitas. Kamajuan peradaban harita dipiharep jadi inspirasi pikeun pangwangunan Indonésia sarta pangwangunan internasional.(Source: kosapoin.com/episentrem-situs-megalitikum-gunung-padang)

Di sagigireun carita-carita tadi di luhur, nu patula-patali jeung situs megalitikum Gunung Padang, loba ogé nu ngaji situs éta tina sisi lianna. Aya nu ngaji tina sisi mistik, arkeologi, agama, budaya, jeung sajabana. Keun wé carita Gunung Padang mah urang teundeun di handeuleum sieum keur sampeureun isuk pagéto. Pikeun urang nu hirup di alam kiwari mugia Episentrem situs Gunung Padang, nu jadi cihiren hiji masarat geus boga peradaban nu maju karya karuhun. Karya nu bisa nepi ka urang nu aya di alam kiwari jadi kajayaan urang Sunda.(Source: kosapoin.com/episentrem-situs-megalitikum-gunung-padang)

Obrolan ngawangkong ngalér-ngidul di punden Gunung Padang teu pati lila alatan langit geus angkeub pihujananeun. Ti dinya mah turun deui muru mobil jemputan. Turun mah teu pati rénghap ranjug ngan bobot awak neken suku leuwih berat batan naik keur indit. Sabalikna keur naék mah napas rénghap ranjug ngan bobot awak teu pati neken awak siga keur turun.(Source: kosapoin.com/episentrem-situs-megalitikum-gunung-padang)

Mun dilarapkaeun dina kahirupan urang mah, meureun mun ngudag hiji kadudukan jadi pamimpin tangtu capé jeung kudu luat-léét késang heula atawa ceuk basa séjénna mah mun hayang jadi pamimpin teh teu bisa ujug-ujug jadi tapi kudu aya prosés ti handap heula. Kitu deui umpama ngejagkeun kapamimpina tangtu beratna, ngan tetap urang kudu sadar kalawan dibarengan ku kasadaran yén jadi pamimpin/cicing di luhur téh moal salawasna.(Source: kosapoin.com/episentrem-situs-megalitikum-gunung-padang)

Cag!.**(Source: kosapoin.com/episentrem-situs-megalitikum-gunung-padang)

Dr. Widya Utama, S.E., M.Si.

Apakah artikel ini membantu?

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *