Sababaraha waktu nu kaliwat kuring menang kasinugrahan tinu Maha Kawasa, alatan minantu nyatana bojo pun anak nu bungsu geus ngalahirkeun budak awėwė. Kiwari kuring geus dipercaya kunu Maha Kawasa 4 incu, dua lalaki dua awėwė ti tilu bibit.(Source: kosapoin.com/indung)
Ceurik munggaran incu, jadi muka deui lambaran lambaran kahirupan nu geus lila kaliwat. Nalika nempo pamenteu nu sakitu polos bersih euweuh dosa, leungeun can bisa nyeukel sacara sampurna. Ras inget kamangsa ti ka tukang nalika kuring jeung pun bojo mibanda budak, anak anak kuring keur mimiti gubrag kadunya harita, persis siga incu nu karėk lahir ayeuna. Teungah peuting ceurik terus disusuan, diėyong, dihuapan, dimandian, diapaing dijaring nalika gering, ditungtun nalika diajar leumpang. Teu karasa waktu ngan sakolėbat ayeuna budak nu ti heula orok geus jaradi indung jeung bapa.(Source: kosapoin.com/indung)
Nalika urang leutik mikabutuh kolot/indung bapa, nalika urang geus kolot mibutuh barudak, ngan beda kabutuhna. Nalika urang leutik, kolot ngarawat urang kalayan harepan, urang mibanda kahirupan ka hareup nu apanjang apunjung tinemu bagya waluya. Tapi sabalikna nalika urang kolot umur geus sudana sarua harepanna siga urang ka budak ?(Source: kosapoin.com/indung)
Nalika hiji budak lahir ka alam ieu, sigana moal aya hiji jalma nu leuwih bagya salain ti saurang indung. Ceurik budak nu munggaran, mangrupa musik nu paling ėndah nu kungsi kadėngė. Ti mimiti harita, kahirupan saurang indung saolah olah geus lain milikna deui. Indung masrahkeun waktu, tenaga, pikiran, katut bisa jadi sakabėh hirupna pikeun tujuan nu hiji, nyatana budak bisa tumuwuh nepi ka gedė katut tinemu jeung bagya waluya.(Source: kosapoin.com/indung)
Indung tanghi nalika peuting nu poėk mongklėng ngadėngė budakna ceurik. Indung moal kungsi nanya “kunaon kudu hudang peuting? Indung ogė moal ngitung sabaraha kali ngaganti popok jeung pakėan budak, ngahuapan, ngamandian atawa nungguan nalika keur gering. Nalika budak panas nyebrėt, indung geus pasti moal bisa sarė tibra, malah mah bisa moal sarė sapeupeuting. Nalika budak lapar, geus teu kudu dititah indung pasti nėangan pikeun daharna. Nalika budak mimiti sakola indung tihothat pikeun nyadiakeun sapuratina nu diperlukeun pikeun budak sakola katut waragad sakola na.(Source: kosapoin.com/indung)
Teu tinggaleun jeung bisa dipastikeun nalika indung mibanda dunya, pastina gė moal ngarasa boga katut teu miboga, lantaran basa nu kaluar, teu nanaon teu boga nu penting budak ulah nepi katalangsara.(Source: kosapoin.com/indung)
Geus teu kaitung loba indung nu bisa nyumputkeun rasa lapar sangkan budakna bisa dahar. Loba indung nu nyumputkeun kasedihanna, sangkan anakna bisa seuri. Loba indung nu gawė ti suksuk ti dungdung bari balem, padahal sawatara ėta awakna geus lungsė leungiteun tanaga.(Source: kosapoin.com/indung)
Sakabėh hal ėta dilakonan ku indung kalayan teu aya sacewil ogė dina rasana ngaharepkeun pamulang tarima ti budak, indung ngan butuh sangkan anakna tumuwuh bisa hirup walagri. Kabėh nu dilakonan ku hiji indung lain rėk miharep mulang tarima. Indung ngan hayang nempo anakna jadi manusa. Indung hayang ningali anakna mibanda kahirupan nu leuwih manan kahirupan sorangan.(Source: kosapoin.com/indung)
Teu karasa, waktu nyėrėlėk gancang. Budak nu ti heula leutik, baheula diais, ayeuna geus dewasa. Budak nu ti heula dihuapan ayeuna geus bisa nėangan kasab sorangan. Budak nu ti heula ceurik nėangan indung ayeuna geus mibanda imah sorangan, boga gawė, kulawarga katut kahirupan sorangan.(Source: kosapoin.com/indung)
Sawatara ėta, indung beuki kolot, beuki suda, buuk nu ti heula hideung mimiti robah jadi ceutuk ku huis. Leungeun nu ti heula kuat ngagėndong budak kiwari geus mimiti ngadėgdėg. Suku nu ti heula kuat leumpang jauh pikeun nėangan kabutuhan budak kiwari geus susah ngalėngkah. Panon nu ti heula rancingeus pikeun ngajaga budak ayeuna mimiti lamur. Nalika kitu, hirupna ngagambarkeun kahirupan nu nempokeun hiji kanyataan nu pikasediheun.(Source: kosapoin.com/indung)
Nalika budak keur leutik, indung ngarawat budak pikeun harepan budak bisa ngajalankeun kahirupan merenah tumaninah. Tapi nalika indung geus kolot, kadang kawis aya budak ngarawat indung seolah olah nungguan ahir hirup indung.(Source: kosapoin.com/indung)
Budak mimiti ngomong, ”Duh indung tėh ngan ngaririweuh waė, unggal poė kudu diurus, capė ngurus indung, iraha kaayaan ieu lekasan ?” rahuh rumahuh kaluar tina biwir budak.(Source: kosapoin.com/indung)
Padahal ti heula, nalika budak can bisa nanaon, indung tara ngarasula. Indung tara kungsi kedal ucap, ”Iraha budak gedė sangkan teu nyusahkeun ?” Indung teu kungsi ngitung sabaraha peuting leungit pikeun ngajaga budak. Indung tara kungsi ngitung sabaraha pėrak nu geus dikaluarkeun pikeun ngabiayaan budak. Indung tara kungsi mėnta buruh tinu sagala pangorbanannana.(Source: kosapoin.com/indung)
Nu aya dina hatė indung ngan hiji : budak kudu hirup sangkan mibanda kahirupan nu mapan. Tapi sabalikna, nalika di tuntung umur indung, sabagėan budak justru dina ngurus indung lain pikeun sumanget nyieun indung bagya, tapi aya rasa ka beubeuratan dina ngurusna. Kawasna nu ditungguan tėh lain picageureunna, lain ka bagyaanna, lain ogė katingtrimana, tapi akhir tina umur indung.(Source: kosapoin.com/indung)
Teu kabėh indung nalika geus kolot mibutuh imah gedong sigrong, teu tinggaleun geus kolot mah indung teu butuheun kadaharan nu mahal, katut teu menta anakna mėrė harta banda.(Source: kosapoin.com/indung)
Nu diperlukeun ku indung nalika geus kolot, leungeun budak nu bisa nyekel indung atawa nanya “kumaha kaayaan indung ayeuna” atawa imutna budak nu teu tinggaleun, daėk diuk marengan katut bisa nanggap yėn indung masih dianggap mibanda nilay.(Source: kosapoin.com/indung)
Sawadina nu jadi budak tėh, ulah nepi ka sibuk teuing ngudag kahirupan, nepi ka mopohokeun indung nu ti heula ngorbankeun kahirupanna sangkan budak bisa ngudag kahirupan.(Source: kosapoin.com/indung)
Ulah nepi ka budak ngarasa beurat ngurus indung nu geus kolot, da ti heula gė indung nalika ngurus budak keur can bisa naon naon nepi ka sagala bisa teu ngarasa beurat.(Source: kosapoin.com/indung)
Kiwari geus indung sagala tuna, urang sok ngarasa indung loba pamėnta, loba ngarėwong, leumpangna geus uyap ayap, geus loba ngulang ngulang carita, loba teuing ngaririweuh.(Source: kosapoin.com/indung)
Tapi urang salaku budak, kudu inget…..(Source: kosapoin.com/indung)
Baheula urang nu paling ngaririweuh indung, ceurik tengah peuting, can bisa ngahuap sorangan, urang kudu dimandian ku indung, urang diaping dijaring nalika gering, sakabėh hal ėta dilakonan ku indung kalayan deudeuh jeung nyaah.(Source: kosapoin.com/indung)
Tumali hal ėta, nalika hiji poė indung geus teu kuat nyekel leungeun urang, ulah dileupaskeun leungeunna. Nalika lėngkahna geus digusur, ulah ditinggalkeun indung ngalėngkah sorangan. Nalika ingetanna geus mimiti pohoan, ulah bosen bosen ngingetan. Nalika sorana geus mimiti serak, deukeutkeun ceuli pikeun ngadėngė caritana. Kunaon kudu kitu, sabab hiji poė urang bakal nineung kana ketak paripolah indung. Nalika indung geus tilar dunya dipundut kunu Maha Kawasa.(Source: kosapoin.com/indung)
Kudu inget waktu moal bisa balik deui, indung teu hirup salilana katut kasempetan pikeun mulang tarima teu datang dua kali.(Source: kosapoin.com/indung)
Di piharep pisan salila indung masi jumeneng, ulah ngan ukur ngurus kurungna wungkul tapi rawat jeung hatėna. Ulah ngan saukur mėrė tuangeun tapi bėrė kanyaah, ulah ogė ngan saukur mastikeun indung hirup. Pastikeun indung ngarasa yėn hirupna masih mibanda harti. Sabab saėstuna, cara urang matėahkeun indung dina waktu indung geus suda mangrupa eunteung tina kapahaman urang misurti kanyaah indung nu kungsi dibikeun ka urang. Tiheula indung ngarawat urang pinuh ku harepan sangkan urang hirup, tumuwuh katut mibanda hasil.(Source: kosapoin.com/indung)
Nalika kitu ulah sakali kali dina ngarawat indung satengah hatė bari jeung ngitung poė iraha indung dipundut kunu kawasa.(Source: kosapoin.com/indung)
Urus indung ku kanyaah, baturan indung ku kaikhlasan katut bagyakeun dina poė poė anjeuna nungguan dawuh na Gusti.(Source: kosapoin.com/indung)
Sabab bisa jadi, kabagyaan indung nu paling gedė lain nempo anakna lubak libuk harta, tapi budak nyaho yėn indung geus teu bisa nanaoan, geus kolot, tapi budak masih micinta indungna.(Source: kosapoin.com/indung)
Sangkan kahareup nalika indung geus tilar dunya, ulah nepi ka hanjakal, dina hatė ngan nyėsakeun rasa dosa. Ulah nepi ka urang nangtung dihareupeun kuburan indung bari ceurik ngabangingik, terus ngucap ”Duh hanjakal ti heula tambėlar ka indung, katut teu bisa sabar kalih talatėn dina ngurus indung, atawa kunaon ti heula tara ngabaturan indung nalika geus suda, kunaon ti heula loba luh lah ngarahuh siga nu ripuh dina ngurus indung…”. Cag nepi ka dieu…Hampura kuring Emma, Apa, nu teu bisa ngabagyakeun Emma kalih Apa nalika jumeneng…mugia Emma kalih Apa di alam kalanggengan aya dina iuh iuh pangkonan nu Maha Kawasa…Wallahu Alam.(Source: kosapoin.com/indung)

ARIA WANGSAKARA TEUREUH SUMEDANG NU NGADEGKEUN TANGERANG
Negara: United States (Ohio)
Device: Desktop
OS: Unknown, Browser: Unknown








