SISI SEJEN NISTA, MAJA, UTAMA

SISI SEJEN NISTA MAJA UTAMA

Manusa diciptakeun kunu maha kawasa mibanda kasampurnaan tapi  dibandingkeun jeung mahluk mahluk sejenna, tapi can final. Kalih ti  manusa sacara individu dilahirkeun mibanda kabebasan nu mangrupa hak azasi manusa nu teu meunang digangu. Tapi sacara faktual kabebasan individu manusa bisa lumangsung salama teu ngaganggu kabebasan jalma nu lian katut makluk sejenna. Watesan  kabebasan manusa mimiti lumangsung kalayan sifat alamiah pikeun kalumangsungan hirup nu basajan, sangkan dina sajeroning kahirupan teu saling ngagangu. Mimitina enggoning jeung papada manusa teu silih ganggu, paling henteu awalna aya nu disebut ADAT. Mangrupa tatacara hirup ngaliwatan  kabiasaan kabiasaan. Adat eta mangrupa daya cipta,rasa,karsa katut karya nu dihasilkeun ku pikiran turta rasa manusa. Ngaliwatan hal eta paling henteu kahirupan jadi bisa diatur. Tapi kusabab waktu terus lumangsung tangtuna wae dibarengan ku robahna kahirupannana. Wangkid ayeuna nu remen disebut era kagumulungan/Globalisasi, kahirupan jadi kahirupan nu modern kiwari adat teu bisa cocok deui pikeun nungkulan kahirupan modern ieu. Wirehing era kagumulungan kiwari kahirupan beuki komplek adat geus teu pati cocok. Kiwari medal rupa rupa  aturan  sejen disagedengeun adat. Kiwari dina kahirupan nu beuki komplek medal nu dingaranan aturan, norma katut  hukum. Aya nu dingaranan  hukum jual beuli, hukum laki rabi, hukum pidana, hukum perdata jeung sajabana. Tapi saestuna dina kahirupan dunya modern disagedengen adat, aturan aturan, norma, hukum aya nu kudu dipibanda manusa nu leuwih dominan dina kahirupan disagedengeun aturan agama nu nyatana BUDAYA. Di Nusantara wewengkon urang loba pisan nilai nilai budaya, salah sahijina aya nu disebut Nilai atawa papagon nu geus lumangsung ti heubel keneh nu nyatana NISTA, MAJA katut UTAMA.(Source: kosapoin.com/sisi-sejen-nista-maja-utama)

Nilai hirup eta ceuk umum nu geus lumangsung mangrupa papagon nu sifatna negative, maksudna katugenahan tinu sejen nu tumiba kadiri geus tilu kali kajadian. Hal eta remen disebut geus Nista, Maja Utama.  Tapi lain deui ceuk pamanggih dulur kuring Ki Dody Satya Ekagustdiman, yen hal eta teh mangrupa ajaran pikeun panggih jeung diri nu saestuna. Umpama teu salah tafsir naon nu di sebut NISTA, MAJA, UTAMA, bisa dijujut dihandap ieu.(Source: kosapoin.com/sisi-sejen-nista-maja-utama)

Alam marcapada katut sagala eusina kaasup manusa, alur hirup huripna kudu tumut kana katangtuan Ijati tumut kana iuh iuh sunattullah, maksudna hirup huripna lumangsung sangkan alam aya dina kasaimbangan tur bisa lumangsung salawasna. Tapi manusa nu digelarkeun leuwih sampurna batan mahluk mahluk lianna. Sabab manusa mibanda pancen ti Ijati pikeun miara alam ieu (Kholifahillardhi) wirehing manusa dina kahirupanna dilengkapan kuakal pikiran. Lain hal na jeung mahluk-mahluk sejenna nu teu dibarengan ku akal pikirian. Bentang baranang, panon poe, bulan, planet-planet katut satelit teu tinggaleun tutuwuhan turta sasatoan katut jin, setan malaikat hirup jeung kahirupanna kitu kitu wae sapagodos kana katangtuan nu geus digariskeun, euweuh dina mika dina kahirupanna. Planet, satelit, Bintang-Bintang dilangit kitu jeung kitu wae hirupna teh kumaha ceuk kodrat Ijati. Teu tinggalaeun sasatoan katut tutuwuhan timimiti leutik terus gede tug tepi katumpurna kitu jeung kitu wae sapagodos jeung katangtuan sunattullah. Oge sabangsaning mahluk nu teu boga kurung kitu jeung kitu wae hirupna taya dinamika. Teu tinngaleun manusa oge mun hayang apal pibalikeun saestuna kudu tumut kana iuh iuh katangtuan Ijati. Tapi tapi kanyataanna  manusa nu disebut mahluk sampurna nusakuduna ngiluan tunduk patuh kana sunattullah, umumna manusa mengpar tinu teuteukon sunattullah.(Source: kosapoin.com/sisi-sejen-nista-maja-utama)

Umpama manusa baris bisa tunduk kana essensi katangtuan Illahi, sakuduna manusa dina jero hate nu sakitu sepi jempling, aya sora nu teu kadenge ku ceuli, ngan bisa karasa ku rasa nu sajati, ngagelarkeun Cahaya nu poekmongklengna diri. Ana kitu jelas natra mun hayang caang padang ngabaranang dina sajeroning hirup jeung hurip manusa kudu bisa ngarasa ku rasa nu sajati kalayan sajatining rasa. Sangkan manusa salawasna hirup huripna mibanda rasa rumasa sangkan teu adigung adiguna.(Source: kosapoin.com/sisi-sejen-nista-maja-utama)

Pikeun nyumponan hal eta, bisa ngaji tina papagon karuhun urang  tiheula nu netelakeun yen aya piwuruk nu unina Nista, Maja, Utama nu sakumaha kaugel diluhur.(Source: kosapoin.com/sisi-sejen-nista-maja-utama)

NISTA teh lain papagon mangrupa kahinaan diri nu kudu dipiceun, tapi mangrupa taneuh tempat siki kahirupan urang tumuwuh. Alatan kitu urang kudu sadar katut mibanda kasadaran dina ieu kahirupan ulah sok ngabeda beda cacah miskinna atawa bengahar tunana manusa, luhur handapna pangkat tapi kudu misurti yen sakabeh nu aya dialam ieu, teu tinggaleun manusa bisa dipastikeun mibanda asal nu sarua, nyatana datang ti Ijati. Nyaeta kabeh nu aya dialam ieu kaasup manusa kudu sajajar nagabanjaran di pajajaran, ceuk istilah kolot tiheula mah. Umpama teu mibanda rasa rumasa tangtu  hirup katut kahirupan manusa moal jauh  bakal awuntah teu puguh alang ujurna,teu tumut kana garis Ijjati.(Source: kosapoin.com/sisi-sejen-nista-maja-utama)

Umpama urang geus surti kana Nista tadi, kudu baris dihijikeun jeung  papagon nu kadua nu nyatana Maja. MAJA dina katangtuan kosmologi kahirupan urang mangrupa jalan Tengah nu sakuduna pinuh ku rasa eling, sangkan hirup katut hurip manusa teu awuntah kabawa cai palid nu bedas tur kotor dina laku lampah sapopoe. Maja ieu kudu jadi pituduh piwurukna kurung jeung  kuring sangakan manjing antara kurung jeung kuring lir ibarat keris manjing warangka. Kurung jeung kuring lir ibarat keris manjing warangka eta nu disebut Abdi tea.Umpama hirup dina kahirupan geus  bisa manjing jadi ABDI, tangtu na urang geus bisa panceg pikeun ngabdi. Boh abdi alam sumawonna, Abdi jeung papada teu tinggaleun  jadi  Abdi nu Maha Welas Tur Asih nu murbeng alam ieu. Lamun geus  kitu tangtu hal eta bisa mehper napsu nu marakela moal bisa kabeutot ku dunya barana, nu sa enyana ngan ukur kalangkang pangbibita dina kahirupan dunya nu teu lana. Dunya barana nu aya saetuna lain milik atawa warisan tapi mangrupa titipan ti nu Maha Kawasa. Umpama geus kitu hirup dina ngalaksanakeun kahirupan moal ham ham. Bisa lumangsung dina katingtriman katenangan, beres roes euweuh pacengkadan dina sagala hal ihwal hirup kalayan bisa sumerah kana qodo katut qadar Gusti, bisa narima sagala nu tumimiba kadiri.(Source: kosapoin.com/sisi-sejen-nista-maja-utama)

Laju disajeroning kitu kudu dipusti  papagon kolot nu katilu, mangrupa Utama, UTAMA teh lain alatan gede kuta ageung  dunya,luhur tahta luhur pangkat lain ngeunaan gurilapna emas permata jeung intan berlian tapi mangrupa kamulyaan jiwa kudu sanggup mikayaah, nulung kanu butuh nalang kanu susah, nyaangan kanu poekeun, nungtun nu teu nempo ngahudangkeun kanu labuh, ngajait kanu ti leuleup. Hal eta dilakonan kalayan hate nu kebek kukaiklasan. Ngahijina papagon Nista Maja kalih Utama kurung jeung kuring baris mibanda kaiklasan. Kaiklasan teh lain ngan ukur kedal tina  ucap  biwir nu murwakanti. Jalaran  kaiklasan mah teu bisa dibasakeun tapi kudu datang tina rasa nu bersih tur sepi jempling. Umpama mun meunang dibasakeun mah payusna, kaiklas lir ibarat sireum hideung cicing dina batu hideung teungah peting poek mongkleng ditempo ku nu lolong. Umpama hal eta geus cumpon tangtu bakal nyuprih kamulyaan jiwa nu aya dina iuh iuh nu maha kawasa, nyatana kamulyaan jiwa nu euweuh pamrih teu ngaharepkeun pujian katut teu ngaharepkeun buruh.(Source: kosapoin.com/sisi-sejen-nista-maja-utama)

Ceuk dulur kuring, Dody Satya Ekagustdiman, lamun Nista geus jadi pangajaran hirup, Maja jadi pituduh lampah mangka Utama pasti  jadi Cahaya hirup. Mangka jalma pasti jadi manusa manggih jalan mulang, ceuk dalil ustad tea mah “Sing saha manusa nu geus panggih jeung dirina tangtu apal ka Gustina”. Nalika kitu geus moal nyalahan deui manusa nyaho, Saha urang , keur Dimana urang katut balik kaman urang. Asal dina jero hate nu sakitu jempling lain kadenge kuceuli tapi karasa kurasa nu sajati sajating rasa,nu tumut kana Sunattullah.(Source: kosapoin.com/sisi-sejen-nista-maja-utama)

Manusa geus apal hakekat NISTA, MAJA, UTAMA tangtu dina hirup jeung kahirupanna aya dina SAGARA CINTA NU LEGA TEU KAWATES, teu aya hijab antara ABDI JEUNG ANJEUNA, teu aya wates antara bangsa jeung bangsana ngalahirkeun bangsa jeung nagara aya dina BAGYA katut DAULAT sadayana ngocor dina walungan kanyaah. Hirup ngamalir dina ungkara “Elmu Tungtut Dunya Siar”. Elmu nyatana pikeun manggihan jatining diri, dunya pikeun ngabaratapakeun kasejahteraan balarea. Teangan dunya saloba lobana,ngan umpama geus dipibanda pikeun nyekel dunya pake  pikeun mere, boh elmu boh dunya sanajan teu salawasna dibales.(Source: kosapoin.com/sisi-sejen-nista-maja-utama)

Papagon Nista, Maja, Utama mun geus ngabaju dina diri, Kurung jeung Kuring geus ngahiji lir keris manjing warangka manusa geus  jadi ABDI. Geus bisa ngahijikeun Raga, Rasa jeung Pikir hirup katut kahirupan geus euweuh wates wangena. Lir ibarat Samudra nu narima sakumna susukan katut walungan. Lir ibarat langit nu bisa ngawengkuh nangkep sakum na jagat semesta,teu beda ti rasa cinta nu sampurna. Teu ngabedakaeun beureum,konengna warna, cacah jeung menakna jalama, teu ngabedakeun taneuh jeung intan berlian kabeh katampung tanpa milah milih. Eta nu disebut diri nu leutik dina kasadaran nu maha luhur ngajadikeun lega dina rasaning kayaah. Tulisan ieu lain rek culangung adigung adiguna, bener can Ka Ruh An salah mah pasti, Ieu mah tawis silaturahmi jeung Ki dulur Kang Dody Satya Ekagustdiman……caaaaggg. [](Source: kosapoin.com/sisi-sejen-nista-maja-utama)

Kasta dan Kepemimpinan
Baca Tulisan Lain

Kasta dan Kepemimpinan

Dr. Widya Utama, S.E., M.Si.

Apakah artikel ini membantu?

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *