Nyartakeun hal ihwal nu aya patula patali jeng manusa katut kahirupanna tangtu na wae moal aya anggeusna. Rek teu kitu kumaha, pan geus pada mahpum yen manusa diciptaken kunu maha kuwasa mangrupa mahkluk nu paling sampurna tapi tacan final dina ciptaanna. Lain hal na jeung mahkluk mahkluk sejena nu diciptaken teu leuwih sampurna batan manusa, tapi geus mangrupa ciptaan nu final. Maksudna geus final teh, dina harti euweu dinamika hirup dina kahirupanna. Bisa katempo tutuwuhan hirup tileutik tepi ka gede kitu jeung kitu wae euweue dinamika kahirupan teh. Kitu deui jeung sasatoan estu leumpeng euweuh dinamika, teu tinggaleun makhluk sejenna kayaning jin , Malaikat euweuh dinamika dina kahirupanna tugas jeung fungsina natra katut teu dilanggar. Beda jeng manusa nu disebut mahluk sampurna tapi tacan final, mibanda dinamika kahirupan estuning matak pikahelokken. Urang tempo kahirupan manusa ti mimiti keur orok beureum.
Orok hiji manusa nu mangrupa mahluk pang lemahna, barang tedana ge ngan ukur susu, eta ge jeng kudu dipairan. Tapi nalika orok tadi geus dewasa bisa mangrupa mahluk nu paling kuat jeung kawasa, bisa nguasaan naon bae tepi barangdaharna ge geus lain susu wungkul, tapi bisa ngadahar sangu, sagu, roti, aspal,minyak,pasir,batu,leuweungnepi ka duit.Teu tinggaleun bisa ngadahar manusa salaku sobatna sorangan, teu kurang kurang aya mahluk nu ngarana manusa bisa maehan rebuan manusa sejenna, rek langsung (Perang) atawa teu langsung (Korupsi).
Tumali jeng hal eta, sangkan manusa bisa hirup bener teu kaluar tina kodratna su saetuna, dina proses salila hirup mibutuh piwuruk, arah, katut bimbingan nu terus terusan teu menang eureun. Naon atuh barangana keur ngaping sangkan manusa hirup bener salah sahijina nagaliwatan “ATIKA”.Atikan kudu aya dina sajeroning kahirupan manusa pikeun mere bantuan sangka teu mengpar tina essensina.Nyatana manusa nu mibada rasa kamanusaannana, atawa manusa nu mibanda karakter hade tur bener.
Ngabandungan kanyataan hirup kiwari, nu sakuduna manusa mibanda rasa kamanusian, kanyataanna tojaiah jeung hal eta. Kiwari meh beak bersih leungiteun rasa kamanusaanna. Hal eta bisa ditempo dina hal hal dihandap ieu;
Kahiji, manusa beuki jauh jeung nu maha kuwasa.Bisa ditempo dina kahirupan sa poe poe, loba pisan manusa nu kurang malire jangjauhen taat kana ajaran agamana. Kamaksiatan kamaksiatan nu dilakukeun ku manusa beuki mahabu. Manusa salaku nu diciptakeun kunu mahakawasa tangtu wae satemen temenna baris kudu taat kalayan patuh kana sagala rupa nu dilarang jeung nu diparentahkeun kunu nyiptakeunana ngaliwatan ajaran ajaranna. Manusa geus kuduna ngupayakeun hirup sangakan wawuh jeung dirinna, deukeut jeung nu maha kawasana, kalayan kirup kudu salawasna ngarasa dina sajeroning pangawasan nu maha kawasa. Tapi kiwari malah sabalikna, jalma jalma geus nunjukeun hubungan dirina jeung nu maha kawasa beuki jauh, loba manusa nu nunjukeun dina laku hirupna nu kurang hade jeung nu maha kawasana.
Nu kadua, manusa beuki jauh jeung papadana. Urang bandungan, katempo natrat dina kahirupan sapopoe. Loba manusa nu teu mibanda simpati komo empati kana kasusah jeung katalangsara manusa nu lian. Manusa gues ngarasa aing nu pang benerna, ngarasa nu lian salaku ancaman kadirina, sikep hirup nu individualistik jsjbn. Bisa katempo oge, kiwari loba jalma nu bisa indit inditan jauh kamanca nagara tapi,teu wawuh katut apilain jeung tatanggana. Loba imah gedong sigrong tingjungkiring galede kalayan marewah tapi teu arang jeung papada eusi imah euweuh hubungan sacara batiniah. Bapa kakatuhu, indung kakenca anak teu puguh juntrunganana.
Nu katilu, manusa geus jauh jeung Alam Lingkunganna. Karakter essensial manusa salaku kholifah atawa pamimpin dialam ieu, geus jauh jeung alamna sorangan. Manusa nu ngaruksak alam gues teu beunang diitung kuramo, alatan ku nafsu kasarakahan pikeun kabutuhan eusi peujit pribadi. Teu malira kalestarian alamna katut teu mikiran balukarna pikeun kapentingan incu buyut kahereup. Aya babasan jalma jalma jumhur nu unina”umpama leuweung,aya puluhan rupa sasatoan katut tutuwuhan, moal jadi rusak salila teu kaasupan manusa, tapi mun leuweung geus kaasupan manusa, leuweng bisa ruksak jeung beak.
Ka opatna, manusa geus jauh jeung dirina. Loba di alam pawenangan ieu manusa nu teu apal kana kamampuan atawa potensi diri sorangan.Teu nyaho kadirina, kurang percaya diri, teu tinggaleun loba manusa nu nandasa dirina sorangan. Perilaku hirup katut kahirupanna ditangtuken ku faktor faktor luar dirina, se olah olah teu mibanda kayakinan jeung teu mibanda harga diri. Loba manusa pinter, nyaho norma norma kahadean dina kahirupan tapi teu ngalaksanakeun kahadean eta. Loba oge manusa nu digawe mun dititah, daek gerak mun aya nu ngagerakeun atukna gerak hirup jeung kahirupan manusa liar iabarat robot.
Ka lima, Manusa geus mangpar tina nilai nilai filosofis bangsana. Loba manusa timimiti pangkat luhur tepi ka pangkat handap nu geus ngapilainken norma hukum dina kahirupanna.. Teu tinggaleun loba manusa nu kurang partisipasi jeung tanggung jawab pikeun nyanghareupan persoalan persoalan bangsa jeung nagarana. Nilai nilai katuhanan, kamanusaan, persatuan, karakyatan katut demokrasi katut nilai kadilan sosial kurang katembong didiri wargana. Karakter warga dina sejeroning hubungan jeung bangsa katut nagarana katempo beuki garing.
Ngaji kana kondisi nu digambarkeun diluhur, pikeun jalan kaluar tina masalahna, tangtu na wae lain hal nu enteng, perlu pamikiran nu komperhensip. Tapi paling henteu salah sahiji solusina ngaliwatan dunya atikan/pendidikan. Panalekna, pendidikan/atikan nu kumaha?, nu bisa jadi solusi pikeun ngungkulan kondisi kaayaan kiwari nu tadi digambarkeun di luhur?…..Nyanggakeun

