PALSAPAH LIMA

PALSAFAH LIMA

Kabeh kajadian nu aya di satungkebing ieu alam mangrupa katangtuan tinu boga katangtuan, ti anu murbeng alam ieu, Gusti Nu Maha Suci, Allah SWT, nu Ngersakeun.

Poe Rebo nu kaliwat saacan wanci lingsir ngulon sabadana rengse ngajar di Ciwaruga, ngahaja nepungan Kang Oca (Rd. Ir. Roza Rahmadjasa Mintaredja, M.Ars., IAI) maksudna rek mikeun Mangle nedunan pasini janji kamari mapag beja nu tiheula ka anjeuna. Nepi ka imahna di wewengkon Karang Tineung Pasirjaya, dibageakeun kuanjeuna bari jeung disuguhan Cai Kopi Aroma panas nu haseupna nyambuang kana pangangseu dibarengan ku Goreng Sampeu haneut, matak kumetap kanu keur lapar. Atuh maksud panggih rek sakeudeung teh jadi katerusan ngawangkong ngaler ngidul.

Aya sabagian wangkongan nu nyangkaruk dina pikiran ku kuring nyaeta tumali jeung sabaraha hiji palsapah lima nu aya di wewengkon urang ti heula. Tapi eta ge dongeng teh  teu nepi kabubuk leutikna diguar nga ukur cangkangna wungkul. Palsapah lima titinggal karuhun nu geus baris diapilainkeun, malah ditinggalkeun ku umumna Urang Sunda. Diantara palsapah lima tadi diantarana, nyaeta pancadria / panca indra nu aya diawak urang sakujur, aya deui pancawilayah, pikeun ngurus lingkungan hirup di urang sangkan lingkungan teh jadi mamala ka manusa. Puncak gunung dipelakan tangkal galede, lereng gunung na dipelakan awi, lembahna dipelakan pikeun palawija, nurata pikeun bumen-bumen urang, nu legok pikeun cicingna cai. Disagedengeun eta aya oge nu disebut pancaniti : niti harti; niti surti; niti bukti; niti bakti jeung ngajadi. Teu tinggaleun sabengbatan ngadongeng nu disebut PANCANATA, nyaeta implengan Kang Oca dina lima alpukah hirup pikeun nata kahirupan sangkan mibanda bagya jeung daulat.

Kahiji, nyaeta Nata Wayah; waktu atawa kala. Katangtuan kala dumasar kana puteran atawa gerak banda banda di angkasa nu aya tata surya nu luyu jeung orbitna sewang sewangan nu baheula sok disebut KALA IDER atawa KALANG IDER nyaeta kalender tea mangsa kiwari mah. Tingkat akurasi elmu tina perkalenderan gumantung kana kaluhungan budaya sewang sewang bangsa. Kalender Sunda mibanda 3 rupa pananggalan: 1. CANDRA KALA mangrupa garis orbit bulan nu muteran bumi; 2. SURYA KALA, garis edar bumi nu muteran panon poe; 3. SUKRA KALA mangrupa pergerakan bintang. Sewang sewang kalender mibanda katangtuan jeung fungsina sorangan sorangan, Kalender Candra Kala fungsina pikeun widang pamarentahan, Kalender Surya Kala fungsina pikeun kaperluan tatanen, ari Kalender Sukra Kala fungsi salah sahijina pikeun navigasi. Bangsa bangsa di satungkebing dunya mibanda kalender sewang sewangan, aya Kalender MASEHI; Kalender HIJRIAH; Kalender Cina; Kalender MAYA ; Kalender Jawa; Kalender Bali kaasup Kalender Sunda nu kiwari geus leungit atawa ‘dileungitkeun’ lima ratus taun katukang, hartina Masyarakat Sunda geus pareumeun obor kana kalender bangsana sorangan.

Kadua, Nata Wilayah, mangrupa kawasan makro nu dingaranan Dwipantara, areana ngalingkup Jawa Dwipa, Swarna Dwipa, Waruna Dwipa; Jambu Dwipa, Khusha Dwipa, Plaksha Dwipa, Pushkara Dwipa, Shalmali Dwipa, Krauncha Dwipa jeung Shaka Dwipa. Ceuk anjeuna, Dwipantara teh mangrupa kawasan laut/mariritim tibeh Kulon mimiti ti Afrika, Madagaskar terus nyambung di sapanjang Garis Khatulistiwa ka wewengkon Asean ayeuna nepi kalaut Pasifik dibeh Wetanna. Kawasan Dwipantara oge diapit ku dua samudran, nyaeta Samudra Hindia jeung Samudra Atlantik. Disebat Buana Panca Tengah, nu jadi pusat peradaban Dwipantara, nyaeta Kawasan Sunda Land nu wanci harita masih mangrupa daratan nu jaman kadieunakaeun kusabab ayana regresi jadi rebuan pulo pulo nu ayeuna disebat ASEAN / Asia Tenggara. Di abad ka dua, ku Pilusup Yunani Jean Claude Ptolomaeus dingaranan Pulo-Pulo Sunda; The Greater Sunda Island  jeung The Lesser Sunda Island baheula dina buku sajarah sakola disebut Kapuloan Sunda Besar jeung Kapuloan Sunda Kecil.

Katilu, Nata Salira, nyaeta mangrupa refleksi diri, introspeksi diri sangkan bisa kagambarkeun kumaha jati diri ngawujud dina kasadaran diri nu disebut RAMPA SALIRA / RAMPES.

Kaopat, Nata Bangsa / Balarea, nyaeta  sikep manusa/rahayat/masyarakat dina mibanda pangarti kana kadaulatan hiji bangsa nu diwangun ku lemah cai/kawasan/wilayahna.

Kalima, Nata Nagara nyaeta mangrupa hiji sistem tata nagara nu didasaran ku budaya bangsana nu disebut Tri Tangtu di Buana nyaeta hiji sistem kanagaraan mangrupa tilu unsur/pancen nyaeta, RAMA; RESI; RATU nu di abad moderen sajenis Trias Politica tea. Eta sabengbatan nu bisa ditulis tina obrolan jeung Kang Oca harita, bener mah can Ka- Ruh- An salah mah pasti, kuring mah ngan saukur bulu taneh lauk buruk milu mijah tinu pangarti kasundaan mah.

Nu jadi pikiran kuring kaitan jeung palsapah lima tadi. Inget ti keur sakola SD,SMP laju SMA terus kapaguron luhur aya salah sahiji palajaran nu terus aya ditiap tingkatan di dunya atikan, nyaeta Palajaran Pancasila. Tug nepi kaayeuna umur kuring geus tunggang gunung eta palajaran masih aya.Tangtu kituna mah pan Pancasila teh mangrupa ideologi, sistem palsapah, sistem etika, pandangan hidup bangsa katut Nagara Indonesia, jadi sapanjang aya Indonesia eta palajaran di sekolah baris tangtu aya. Ayeuna umur geus tunggang gunung oge gawe formal geus lekasan tapi masih nyangkaruk keneh na pikiran kuring nu aya pakuat pakait na jeung Pancasila teh. Utamana tina dasar sajarahna Pancasila. Meh kabeh Buku Pancasila nu nyaritakeun Sajarah Pancasila geus bisa dipastikeun dongengna  timimi Karajaan Kutai Karta Nagara diwengkona lebah Susukan Mahakam Kalimantan Kaler, terus nyambung ka Karajaan Sriwijaya di Kota Palembang nu pamungkas pasti di Karajaan Majapahit Trowulan Mojokerto. Disebutkeun di karajaan eta Pancasila geus di agem kalayan bukti ayana Kitab Nagara Kartagama Tulisan Mpu Prapanca, nu eusina kira kira ”yen raja geus ngajalankeun Pancasila, nyaeta raja teu maehan, teu maling, teu jinah, teu bohong jeung teu mabok”.

Panalekna naha di wewengkon urang Tanah Sunda euweuh kitu nu nilai na sarwa lima / panca ? Ngabandungan Dongeng Kang Oca, ning di wewengkon urang oge aya nu disebut  panca tadi ? Lamun ceunah ceuk sakaol, atawa teu arang ceuk Urang Sunda sorangan sok dianggap dongeng tadi ngan saukur melak beja dina meureun jadi na ceunah. Eta mah nyanggakeun.

Leupas tina dongeng jeung Kang Oca tadi, mun urang ngabandungan fakta nu aya, nyaeta Situs Megalitikum Gunung Padang nu aya diwewengkon Kacamatan Cempaka Cianjur nu  mangrupa simbul peradaban Masyarakat Sunda nu maju leuwih ti bangsa bangsa deungeun. Titinggalan sajarah nu monumental 15.000 taun katukang disagigireun jadi ukuran kamajuan paradaban bangsa harita, eta oge kudu bisa jadi salah sahiji alat pikeun ngahudang jeung ngaludang sumanget bangsa yen karuhun urang bangsa nu hebat. Sagedengeun eta fakta sajarah ieu baris kudu ngahudang kasadaran yen urang salaku Masyarakat jeung Bangsa Sunda kudu ngarasa reueus yen karuhun urang teh baheula mibanda paradaban jeung teknologi nu geus maju. Geus sawadina eta teh bisa ngahudang Urang Sunda pikeun bisa ningkatkeun pola pikir, produktivitas jeung kreativitas.

Situs Megalitikum Gunung Padang nu ceuk para ahli mangrupa salah sahiji situs nu kaasup  pangkolotna didunya. Salain ti eta di eta situs oge mibanda simbul palsapah lima. Ceuk Kang Jaenal salah sahiji Manukna Gunung Padang, yen situs eta legana aya kana 9000 m2 mibanda simbul simbul lima, nu kahiji punden atawa undakan, undakanna aya lima kepunden di susun ku batu batu nu ceuk beja mangrupa punden panggedena sadunya jeung mangrupa situs paradaban manusa pangkolotna. Sagedengeun ti eta unggal undakan, mibanda panto panto nu nyanghareup ka Gunung Pangrango eta oge kahalangan ku  5 gunung kaasup Gunung Gede. Sagedengeun eta Situs Gunung Padang dikurilingan ku 5 gunung gunung leutik kalayan batu batu nu aya di Gunung Padang leuwih ti 75 persen batu batuna mibanda sudut lima. Nu jadi panalek kuring, ti jaman heubeul keneh nu tadi ditulis mangrupa wangkongan jeung Kang Oca katut fakta sajarah Situs Megalitikum Gunung Padang nu geus aya panalungtikan ti para ahli, yen di wewengkon Sunda sidik naker geus aya palsapah panca atawa palsapah lima. Tapi naha palsapah lima nu kabandungan paling heunteu dina buku buku Sajarah Pancasila bijilna lain ti wewengkon  Sunda ? Panalek saterusna Sunda nu sakitu ambahan wilayahna lega naker, ayeuna nu kasebut Urang Sunda cicingna ge di lain di Pulo Sunda ? Dimana atuh Sunda teh ? Saha ari Sunda jeung naon ari Sunda ?……..kuring ngan saukur bisa nalek,da ari pijawabanneunna mah kudu ku ahlina, mangga nyanggakeun…..wassalaam

Lanskap Ilusi
Baca Tulisan Lain

Lanskap Ilusi

Dr. Widya Utama, S.E., M.Si.

Apakah artikel ini membantu?

Tulisan Lain dari Penulis :

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *