ANDUK BASEUH

anduk baseuh ilustrasi carpon

Sacara falasifah kahirupan téh tangtu raket dalit jeung polah sajeroning diri. Anduk baseuh, ieu dongéng ti salah saurang kolot kuring nu dumuk di wewengkon Cibatu, Garut.

Nu didongéngkeun harita, kurang leuwih kieu caritana. “Kacaturkeun di hiji wewengkon, aya salaki jeung pamajikan. Salakina boga kabiasaan goréng, adat kakurung ku iga, nu nyatana sok neudeun anduk baseuh satutas mandi, luhureun kasur.

Saban usik, pamajikanna nyarék éta kabiasaan goréng salakina. Éh, tara ngagugu, tara didéngé, asup ti ceuli kénca kaluar ti ceuli katuhu naon nu jadi omongan pamajikannana téh. Dipapatahan, lain robah, kalah beuki ngahajakeun, malah sok jadi amarah. Unggal poé, geus capé ambek ka salakina.

Ganti cara maké sindir sampir, “Hadé pisan éta anduk baseuh

aya di tempat saré,” kitu sindir pamajikannana bari jeung jamotrot. Éta sindiran pamajikanna waléh teu metu.

Salakina ngajawab hampang naker, “Heueuh nya alus pisan”. Disindir deui, iraha nya anduk baseuh tina kasur bisa leumpang sorangan, salakina malah ngajawab, “Hadé nya mun aya anduk bisa leumpang sorangan.”

Kitu jeung kitu waé kajadianana téh saban poé. Nya Ahirna pamajikan ngarasa capé, ambek enggeus, nyindiran mindeng teu kurang kurang, tapi waléh euweuh hasilna.

Antukna pamajikanna ukur cicing bari mikir, boga salaki rék kumaha ngarobah batur, jang dirina waé gé hésé robah, sipat goréng geus ngabaju jeung dirina jadi kabiasaan. Nya, antukna si pamajikannana ngarobah pikirannana sorangan.

Kieu carana mah, kuring ceuk pamajikanna dina gerentes haténa, kudu ngarobah cara mikir kuring sigama mah. Anduk baseuh dina kasur rék dijadikeun amparan permadani pikeun jalan ka sawarga, beuki mindeng moékeun anduk baseuh dina kasur urut mandi salakina, beuki loba amparan permadani pikeun kuring jadi jalan ka sawarga.

Ti saprak harita upama nempo anduk baseuh dina kasur urut salakina mandi, séréngéh pamajikannana seuri ngagelenyu bari jeung buru-buru anduk dipoékeun, dibarung jeung haté nu bagja, bubuhan dina pikirana geus bisa nambahan jalan pikeun ka sawarga. Beuki mindeng moékeun anduk baseuh tina tempat saré, beuki loba jeung beuki gampang pikeun ngahontal sawarga.

Anduk mah tetep teu robah, masih anduk nu baseuh dina kasur siga biasana. Nu robah cara ngaji atawa cara mikir pamajikannana kana anduk baseuh tadi.

Heuleut sasabarahaha waktu lilana ti harita, pamajikannana rada hélok, ayeuna mah euweuh deui anduk baseuh, jeung geus poho ti mimiti iraha anduk baseuh euweuh dina kasur. Sigana waé nempo kaihlasan turta nempo kana katumarimaan nu jadi pamajikannana, utuh haté salakina kabetrik, nepi ka ahirna anduk baseuh nu biasa digolérkeun dina kasur urut mandi téh dipoékeun ku sorangan.

Ngabandungan éta dongéng, réa hal nu bisa kapetik dina hirup jeung kahirupan urang sapopoé pikeun ngarobah diri batur anu katempona hésé nakeur. Jadi upama urang hayang hasil naon waé, sigana kudu ngarobah diri urang heula. Hal éta kaharti pisan kapanan bagja, sedih, sukur, rumahuh dina hirup jeung kahirupan urang téh teu gumatung ka batur, tapi gumantung ka diri urangna sorangan. Lebah dieu kari urang nu kudu milih.

Ah éta mah saukur dongéng lantung tambuh laku meureun, mun dibaca saliwat jeung ku nu salancar macana mah. Tapi lamunurang daék neuleuman leuwih jero éta dongéng, ceuk kuring loba pisan hal nu bisa dijadikeun tuladeun pikeun urang dina ngalakonan hirup jeung kahirupan di alam dunya ieu.

Tumali jeung dongéng anduk baseuh bieu, mun dijeroan neuleumanana, sigana ceuk kuring, sok sanajan éta téh hiji dongéng, tapi mangrupa hiji norma kaagamaan. Copélna, paling henteu, hirup téh kudu bisa fungsi urang hirup nu kudu bisa jadi rahmatan lilalamin katut hudalinas.

Mun nempo héabna angin kahirupan kiwari, di urang geus karasa panas jeung harénghéngna meureun salah sahijina alatan di urang keur nyanghareupan hajat rongkah nu nyatana sok disarebut hajat démokrasi. Hajat pikeun nangtukeun atawa milih saha pipamimpineun urang, jeung saha nu rék jadi wakil urang di ieu bener, diibaratkeun dongéng di luhur siga salaki jeung pamajikan nu keukeuh euweuh nu ngéléhan. Teu silih élédan, keukeuh peuteukeuh égo kana kahayangna, meureun hirup téh capé naker, da unggal poé kudu paséa ngeukeuhan éta kahayangna. Jeung tangtuna waé moal aya hasil nu mucekil, nu aya mah tangtuna gé hirup di imah téh awét tapi rajét. Tapi umpama boga kasadaran lir ibarat si pamajikan nyumponan dua hal nu nyatana kaimanan jeung katakwaan Ka Nu Maha Kawasa kalayan dilarapkeun kana kahirupan. Lebah dieu kudu sadar yén urang diumbarakeun di alam ieu ulah sok pungkal-péngkol kabawa ku sakaba-kaba teu mibanda ajén diri. Padahal hirup kudu bisa lempeng geusan ka hareup bisa nyorang sirotol mustakim.

Disagédéngeun hal éta, upama neuleuman dongéng bieu, nyata pisan hirup di alam dunya téh kudu bisa atawa méré mangpaat katut pitunjuk boh keur diri boh pikeun balaréa, sapagodos jeung nagri.

Adat katimuran nu sok dijadikeun slogan di urang nu miheulakeun étika jeung moral méh kalindes ku jalma nu marilu ngéngklak ngaramékeun hajat. Teu kurang jalma nu nyarieun propaganda jeung teu sadar ogé jalma kagiring milu ngiklankeun propaganda tadi. Antukna teu arang nepi ka jadi mumusuhan papada dulur alatan madungdengkeun urusan bener séwang-séwangan dina pilihanana.

Sigana mun dilarapkeun kondisi kiwari nu keur marebutkeun nu aya dina dongéng di luhur, awal ahir tangtu hirup téh bisa runtut raut sauyunan, bérés roés kalayan tumaninah. Ah tapi kétang éta mah saukur ngabandingkeun dongéng jeung kaayan ayeuna tangtuna waé kurang merenah, salah mah pasti, ngan bener gé tacan karuhan.

Mangga nyanggakeun ieu mah ngan saukur dongéng ti pilemburan teu kurang teu leuwih.**

Dr. Widya Utama, S.E., M.Si.

Apakah artikel ini membantu?

Tulisan Lain dari Penulis :

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *