Merdeka……Merdeka….Merdeka Bung, ….Merdeka atawa perlaya. Eta ungkaran ungkaran nu kaluar ti para pajuang nagri urang dina mangsa prolog Kamerdekaan/prolog revolusi.Rek teu kitu kumaha,apa nagri urang ceunah ratusan taun hirup aya dina dampal suku batur atawa dijajah.Atuh hirupna teu beda jeung KEKESED.Hal eta nu ngabalukarkeun kolot kolot urang tiheula hayang leupas tina panjajahan,leupas ngahamba ka bangsa deungeun.Pan urang mah ngahamba teh anging ti ka Gusti Allah nu maha suci nu geus ngumbarakeun urang ka alam ieu.(Source: kosapoin.com/merdeka-81-taun-geus-mibanda-bagya-jeung-daulat)
Bisa bebas tina ngahambakeun diri kabangsa deungeun,hirup embung aya dina dampal suku bangsa sejen sangkan mibanda kamerdekaan kalayan bisa boga BAGYA katut DAULAT.Kitu sigana mah ngamaknaan Merdeka sacara basajan ceuk kolot kolot urang tiheula.Bulan Agustus taun ieu,nagara urang geus jangkep 81 Taun bebas tina panjajahan nagara sejen.Harita jiwa hirup rahayat katut para pamimpinna kebek ku rasa, yen hirup ulah siga Kekesed,hirup aya dina dampal suku nu sejen.(Source: kosapoin.com/merdeka-81-taun-geus-mibanda-bagya-jeung-daulat)
Urang hirup di umbarakeun kumalendang di alam dunya umum na sok tara inget kana umur,bawiraos inget kanu ngmbarakeunnana.Teu karasa umur geus tunggang gunung cueut kakolatnakeun.Aya eta oge nu sadar kana hal eta,sok pirajineun nanya diri,geus ngeusian naon urang salila kumalenda kana kahirupan ieu?.Sagedengeun eta,nu sadar kana kahirupan,nanya geus sabaraha lila umur kamedekaan nagara urang?Geus mere naon urang kanagara nu geus Merdeka 81 Taun?.Siga na teu cukup ngan ukur basa”saya Pancasila atawa saya Indonesia”atawa ngacukup ukur upacara jeung ngahaleuangkeun lagu Indonesia Raya.(Source: kosapoin.com/merdeka-81-taun-geus-mibanda-bagya-jeung-daulat)
Kiwari Indonesia geus Merdeka 81 Taun leupas tina panjajahan nagara deungeun,Panalekna,geus minada Bagya jeung Daulat?……(Source: kosapoin.com/merdeka-81-taun-geus-mibanda-bagya-jeung-daulat)
Ngadenge tur terus diimeutan kalawanan nitenan rupaning kaayaan kahirupan nagri ieu.Matak tugeunah kana manah kalih matak piwariwangeun.Rek teu kitu kumaha rupaning kajadian nu tumali jeung kahirupan di ieu nagri nu geus mengpar jauh tinu ajen inajen kamerdekaan katut falasifah ieu nagari.(Source: kosapoin.com/merdeka-81-taun-geus-mibanda-bagya-jeung-daulat)
Ti poe kapoe datang silih ganti masalah hirup katut kahirupan,wajar kitu na mah da memang hirup katut kahirupan moal cicing dina hiji kaayaan.Tapi guligahna ieu nagri matak ketir turta pikamelangeun.Korupsi mahabu,nu dilakonana lain ku jalma jore jore tapi jalma luhur nu nyekel kabijakan public.Jeung dina kacerekna si koruptor duit nu balik deui kanagara biasana teu sabaraha gede.Nu matak pikamiriseun deui korupsi dilakonan oge Masyarakat handap.Korupsi dilakonan ti luhur tepi kahandap katut kasisi jeung ka gigir.Padahal kurang kumaha disagedengeun aya kajaksaan,kapulisian diurang mah ditambahdeui jeung KPK,hiji organisasi tambahan pikeun ngabarantas rosuah.Tapi siga nu geus teu dipalire…cilaka.(Source: kosapoin.com/merdeka-81-taun-geus-mibanda-bagya-jeung-daulat)
Boa boa korupsi teh meureun geus bisa diatur atawa di manage.Bisa di itung untung rugina sacara materiil umpama ka ceureuk.Kalakuan kitu patut teh balukar hayang beunghar pikeun kasenangan nu gancang.Tapi ku alapukah jalma kitu ngabalukarkeun jalma nu katalangsara beuki ngalobaan di ieu nagri.(Source: kosapoin.com/merdeka-81-taun-geus-mibanda-bagya-jeung-daulat)
Pasoalan sejen disagedengeun korupsi,loba informasi public di media media elektronik,jalma jalma nu asa aing pangbenerna.Hog hag ting corowok ngadu bener tapi siga nu teu mikiran kahirupan Masyarakat nu keur katalangsara.Susah neangan kejo keur isuk hirup,katut maranehna siga nu teu ngarti yen teu kabeh Masyarakat ngarti kanu masalah nu dipadungdeukeun.Kalih ti eta oge asa kurang patut hog hag marebutkeun bener ceuk ukuran bangsa urang mah.Nu aya mah ngan jadi tontonan siga sinetron,lain jadi tuntunan pikeun kahirupan.Lain ti eta urang remen nyaksian kakisruhan di pangadilan nalika putusan hakim.Aya Masyarakat nu teu panuju kana eta putusan hakim.Panalekna aya dua,Masyarakat nu teungarti kana urusan hukum,atawa kaputusan hakim na nu teu adil.(Source: kosapoin.com/merdeka-81-taun-geus-mibanda-bagya-jeung-daulat)
Umpama kitu kaayaannana,Masyarakat kudu beuta kan urusan hukum,nu kadua kamana deui Masyarakat rek neudeun harepen pikeun ngagantungkeun kaadilan.Laku lain nu ngahariwangkeun,narkoba geus ngaruksak lain ngan ukur generasi ngora tapi geus nepi ka kolot kolotna.Teu tinggaleun apparat hukum ge ngilu kajiret urusan eta.Hal sejen nu geus lain dongeng,polusi udara,khususns di kota kota gede.Geus hese nyeuseup hawa nu bersih.Umpama hanyang nyeuseup hawa nu bersih kudu ngaluarkeun waragad nu gede.Alatan kudu nyaba kapipir pipir gunung,nu eta ge geus cul col imah mewah,teuing saha nu bogana.Eta kitu, nu dipiharep ku kolot kolot urang nu ngamerdekakeun ieu nagari??(Source: kosapoin.com/merdeka-81-taun-geus-mibanda-bagya-jeung-daulat)
Hal sejen nuayeuna geus ngabudaya di kota kota gede,jalam jalma loba maca SMS manan maca Quran.Umpama ngeusi pulsa 50 rebu kurang puas,tapi mun ngeusi kotak amal 20 rebu loba teuing.Umpama ngadenge sora HP geureuceup piasa,tapi umpama ngadenge sora adan di masigit siga nu torek.Naha bisa tepi kakitu kahirupan teh?? Salah sahiji jawabanna meureun bangsa katut nagara ngeus mopohokeun sajarah falasifah bangsana katut jiwa revolusi nalika kamerdekaan.Nu kudu dilarapkeun dina kahirupan kasing saha wae,timimiti rahayat leutik,calon pajabat,tug nepi ka para pajabat nu keur nyangking kalungguhan public.Meureun,umpama kitu,nilai nilai falasifah katut jiwa kemerdekaan teh kudu diwanohkeun kasakum na warga nagara ti mimiti budak neupi ka ka kolotna.Sakadar ngingetan wae yen urang salaku hiji bangsa mibanda falasifah landasan nu geus natrat ti heubeul keneh,Nyatana Pancasial tea.Falasifah eta mangrupa hasil pamikiran nu jero sakumna masyrakat Indonesia nu dipercaya katut diyakini nu mangrupa kanyataan,norma,nilai,nu bener,adil katut bijaksana.Di sagedengeun eta teu salah umpama naon nu geus ditaratas ku kolot kolot urang tiheula,yen urang kudu nganyahokeun katut kajalankeun hirup kumbuh berbangsa kalih bernagara.Compelna mah kudu matri nilai nilai katauhidan di sajeroning diri.Kira kira umpama dibahasakeun nilai nilai katauhidan teh,paling henteu”Didieu urang kieu ayeuna,ieu tapak kodrat Allah,Dina tapak kodrat Allah,kasaha urang ngabakti? Tangtuna ge ka Allah,laju neangan naon urang dina ngabakti ka Allah teh,taya lain iwal ti neangan karidhoan Allah.Dimana katembongna ridho Allah teh,tangtuna di papada mahluk Allah.Kumaha carana umpama hayang dipiridho ku mahluk Allah,tangtuna kudu milampah ahlak katut laku nu hade sangkan jadi tuladeun nu lian.Leuwih legana deui meureun kudu wanoh sangkan bisa dilarapkeun dina kahirupan sapopoe naon nu disebut UUD,NKRI,karageman katut falasifah Pancasila.(Source: kosapoin.com/merdeka-81-taun-geus-mibanda-bagya-jeung-daulat)
Harepan na paling henteu kudu dimimitian tina persemeyan nu subur nyaeta timimiti budak sakola dasar tug tepi ka paguron luhur sangkan ulah petot petot ngawanohkeun hal eta.kalih tepi ka bisa ngajalankeunna.Hasilna,tangtu wae moal bisa ditempo isuk atawa pageto.Tapi paling henteu jaga kahirupan urang moal amburadul teuing.Umpama teu kitu oge paling henteu urang masih mibanda pakakas bisa nahan atawa ngadumaniskeun nilay nilay nu aya katut nilay nilay nu datang ti luar.(Source: kosapoin.com/merdeka-81-taun-geus-mibanda-bagya-jeung-daulat)
Udaganna ulah kapalang,di jaman kasajagatan ieu ideologi urang bisa ngadunia ngajaul kaalak paul.Ulah ngan kadenge wungkul dinagri sorangan,tapi kudu kadenge katut jadi padoman hirup kalih kahirupan di nagara nagara sejen.Teu eleh ku idealisme nagara nagara sejen nu geus nerekab di ieu alam….Merdekaaaa.(Source: kosapoin.com/merdeka-81-taun-geus-mibanda-bagya-jeung-daulat)









