Numutkeun sajarah rahayat Sunda ti kawit ngadegna karajaan Salakanagara di wewengkon Ujungkulon (130 M), lumangsungna pamarentahan ngagunakeun sistem karajaan, nu numutkeun pola kapamingpinan modern dilebetkeun kana katagori transending totaliter. Transending totaliter teh nyaeta pamarentahan nu miboga ciri : teu aya dialog (atawa indoktrinasi), rahayat digambarkeun aya dina kaayaan darurat jeung bingung nu merlukeun kaputusan kalayan gancang, turta hirarkhi prioritas nilai di tangtukeun ku pamimpin tanpa kompromi jeung bawahan.(Source: kosapoin.com/kapamingpinan-sunda-transending-totaliter)
Pon kitu deui mangsa rengsena sistem karajaan Sunda nu daulat, utamana nalika aya dina kakawasaan Mataram jeung Walanda, sistem transending totaliter dipake ku Mataram jeung Walanda pikeun ngokolakeun wewengkon nu katelah Priangan, Parahyangan atawa Preanger. Kusabab kitu, loba budaya Sunda di zaman harita nu robah, milu kana kabiasaan atawa budaya urang Mataram turta Walanda, ka behdieunakeun mah nambahan, ku ayana pangaruh Jepang jeung Indonesia.(Source: kosapoin.com/kapamingpinan-sunda-transending-totaliter)
Malihan ayeuna mah kapamingpinan transending totaliter disematkeun ka Gupernur Dedi Mulyadi (KDM), ku fraksi PKS mah disebatna one man show, kusabab nu katingali ku masyarakat umum mah jiga KDM sorangan, nu sejenna jiga teu katingali, kahieuman bangkong ku pesonana KDM, kusabab kitu fraksi PDIP di DPRD mah dugika walk out, kusabab ngarasa wewenangna loba dilengkahan, turta kabiasaan heubeulna loba nu di robah ku kawijakan Gupernur anyar.(Source: kosapoin.com/kapamingpinan-sunda-transending-totaliter)
Gupernur KDM, migawe kitu tinangtu aya alesannana, da manehna mah ti saprak jadi bupati jeung anggota DPR RI, loba ulinna jeung rahayat leutik, nu di dokumenkeun ngaliwatan Youtube, ku kituna manehna mah apal kumaha kaayaan rahayat nu dina kaayaan darurat, nu ngabutuhkeun solusi kalayan gancang, umpamana banjir, karusakan alam nu dibalukarkeun ku kawijakan pamarentah saacanna nu teu ramah lingkungan, investor keur ningkatkeun tumuwahna ekonomi loba nu nganggangu (premanisme), kamiskinan, barudag balangor, rahayat ripuh ku lobana kagiatan sakola ti mimiti study tour, wisuda TK-SMA, kolotna maksakeun ngabiayaan kagiatan barudakna, nepika ka nganjuk ngahutang ka Bank Emok, asupan giji masyarakat ngurangan kusabab lewih mentingkeun urusan sakola budak, tur rea-rea deui masalah di dirandapan ku masyarakat nu ngabutuhkeun solusi pas tur waktuna dina kaayaan darurat. Lamun ayeuna teu bisa di ungkulan, kahareupna bakal hese diomean, ieu nu ngabutuhkeun kawijakan nu sagancang-gancangna.(Source: kosapoin.com/kapamingpinan-sunda-transending-totaliter)
Pamolah Gupernur nu mereskeun masalah-masalah nu karandapan ku rahayat Jawa Barat turta pro rahayat leutik, nepika ngajaul ka janapria, loba rahayat di luar Jawa Barat nu meunteun alus kana kawijakan KDM. Nanging dunya mah papasangan, aya beurang aya peuting, aya geulis aya kasep, aya lalaki aya awewe, aya nu resep aya nu ngewa, kitu deui kawijakan KDM loba nu mikaresep, tangtuna aya wae nu mikangewa atawa teu panuju meureun kana kawijakan KDM. Praktek kapamingpinan KDM nu ceuk sakaol diasupkeun kana kategori transending totaliter geus loba contona nu di lakukeun ku karuhun Sunda ti mimiti Salakanagara, Tarumanagara, Sunda, Galuh, Padjadjaran, Sumedang Larang tug dugikeun zaman menak dina kakawaan Mataram jeung Walanda.(Source: kosapoin.com/kapamingpinan-sunda-transending-totaliter)
Dina pamanggih Priadi Surya, praktek kapamingpinan Sunda nu transending totaliter, lamun ditingali tina hasil kapamingpinanana bakal ngahasilkeun tipe transforming entrepreneurship. Transforming entrepreneurship miboga ciri: Hiji, organisasi atawa pamarentahan nu dipimpin ku urang Sunda aya dina kaayaan kompetitif. Dua, pamingpin nu nga-transformasikeun nilai-nilai ka bawahan jeung ka rahayat, turta Tilu, Nilai-nilai nu ditransformasikeun ku pamimpin urang Sunda, bakal nyiptakeun kamandirian pikeun rahayatna.(Source: kosapoin.com/kapamingpinan-sunda-transending-totaliter)
Jadi pamingpin di Sunda kudu loba kanyaho, ulah eleh ku bawahan, sabab lamun kamampuan mingpin aya disahandapeun nu dipingpin, bakal di lelewean. Pamingpin di Sunda mah kudu miboga tipe Transaksional Kharismatis. Nyaeta : kahiji, dina nepikeun ide, gagasan turta nilai kudu dibarengan ku dimensi citra diri atawa pesona pamingpin dina ngalarapkeun hubungan duduluran antara pamingpin jeung rahayatna. Kadua, Figur pamingpin nyaeta jelema nu miboga jasa turta miboga kaunggulan dibandingkeun jeung rahayatna. Katilu, teu ngahesekeun pamingpin dina nawarkeun gagasanna turta bawahan atawa rahayat leuwih babari narima kusabab maranehna percaya ka figur pamingpina.(Source: kosapoin.com/kapamingpinan-sunda-transending-totaliter)
Pamingpin oge kudu sadar, mun tipe transending totaliter nu di praktekkeun zaman karajaan Sunda bisa diterapkeun kalayan efektif, kusabab Sunda harita dina kaayaan utuh, kapamingpinan, politik, ekonomi, hukum jeung sagalana ngacu kana budaya Sunda kalawan utuh, nanging sabada dikawasa ku Mataram jeung Walanda, teu bisa diterapkeun, kusabab aya babasan “urang Sunda cadu ngajajah jeung cadu di jajah” kusabab harita aya kakawasaan Mataram atawa Walanda nu kadang tojaiah jeung nilai-nilai kasundaan, rahayat Sunda loba nu “heueuh-heueuh bueuk, beungeut nyanghareup ati mungkir” hal ieu mun di praktekkeun ayeuna, tinangtu pamingpin kudu boga pikir rangkepan.(Source: kosapoin.com/kapamingpinan-sunda-transending-totaliter)
Minangka conto kawijakan transending totaliter nu dikaluarkeun ku Sultan Agung nalika ngeureunkeun Dipati Ukur, bener teu nurut kana kahayang Sultan, nanging tinangtu aya alesanna kunaon pangna Dipati Ukur telat mere bantuan ka pasukan nu keur nyerang Batavia, nu ahirna Dipati Ukur disersi, embung balik deui ka Mataram kalayan di cap minangka “pemberontak”. Atawa keselna KDM ka supporter Persikas Subang, nu salah alamat, nyoarakeun kahayangna.(Source: kosapoin.com/kapamingpinan-sunda-transending-totaliter)
Kapamingpinan (rucita parigeuing) di Sunda mah nyutat perilaku Prabu Jayadewata/Siliwangi, ngeunaan tuduh laku tatakrama pikeun jadi pamingpin di masyarakat jaman harita, dikutip ku Hidayat Suryalaga (1993:49-55) tina naskah Sunda Sang Hyang Siksa Kandang Karesian. Eta palanggeran teh disebut Parigeuing a Parigeuing : “Parigeuing mah; bisa nitah bisa miwarang, ja sabda arum wawangi, nya mana henteu surah anu dipiwarang”. (Nu di sebat parigeuing teh nyaeta bisa marentah bisa miwarang ku caritaan nu pikageunaheun tepi ka teu matak jengkel nu di parentahna).(Source: kosapoin.com/kapamingpinan-sunda-transending-totaliter)
Pikeun ngalaksanakeun parigeuing carana kudu sanggup ngalaksanakeun Dasapasanta (Sapuluh Panentrem Hate), nyaeta : Guna, Tegesna jelema nu di parentah teh kudu ngartieun naon gunana tina nu di parentahkeun teh; Ramah. Parentah kudu di tepikeun kalawan wajar jeung sareh, ramah tamah, amis budi. Bakal ngarasaeun di hargaan sabage manusa nu boga ajen pribadina. Hook. Hookeun (kagum). Parentah karasana saperti gambaran hookeunana (kekaguman) kana kabisana (kemampuan) nu di parentahna; Pesok. Hartina kapikat hatena (reueus). Jadi parentah kudu di tepikeun ku cara nu matak kapikat hate, nu nimbulkeun rasa reueus dina dirina. Asih. Nyaeta rasa nyaah. Tepi ka rasaeun yen dirina teh lir ibarat babagian tina diri nu marentahna. Jadi milu tanggungjawabna teh bari gembleng hate. Karuni/karunya. Tegesna parentah karasaeunana saperti rasa kanyaah (karunya) jeung oge mangrupa kurnia kapercayaan kana kamampuh dirina. Mukpruk. Tegesna kudu bisa ngalelemu, tepi ka ngarasa yen di gawe teh lain kapaksa, tapi geus jadi tugasna; Ngulas. Ayeuna dina Bhs Indonesia mengulas, tegesna kudu bisa mere komentar (ulasan) kana pagawean bawahan ku cara nu surti tur lantip. Nyecep. Tegesna bisa niiskeun pikir nu di parentah, supaya genaheun pikirna. Boh ku lisan komo bari aya lar barangberenamah; Ngala angen. Nyaeta bisa narik simpati bawahan. Carana ku ngantengkeun silaturahim nu wajar, bakalna timbul rasa satia (loyal) ka pamingpina.(Source: kosapoin.com/kapamingpinan-sunda-transending-totaliter)
Kukituna, pikeun KDM atawa saha wae nu jadi pamingpin urang Sunda, kudu waspada permana tinggal dina ngaluarkeun kawijakan atawa statement, sabab budaya jeung masyarakat Sunda ti saprak dina kakawasaan Mataram, Walanda, Jepang, jeung Indonesia, tinangtu geus robah upama dibandingkeun di zaman karajaan. Tipe transending totaliter di zaman harita hadena diadumaniskeun jeung tipe transforming entrepreneurship turta transaksional kharismatis, ngarah kawijakan nu di kaluarkeun bisa ditarima ku sakabeh masyarakat, ti mimiti nu loyal, nu kritis oge nu heueuh-heueuh bueuk. Supaya kahayang urang Sunda pikeun miboga pamingpin nasional urang Sunda, bisa ngawujud.(Source: kosapoin.com/kapamingpinan-sunda-transending-totaliter)




