Nyi Mas Gandasari, numutkeun seratan Yuda Sanjaya dina Radar Cirebon, aya patalina jeung Kasultanan Cirebon, mangsa Pangeran Walangsungsang. Nyi Mas Gandasari nalika mangkat dewasa, janten panglima awewe hiji-hjina di Kasultanan Cirebon, nu salian gede wawanen dina sagala peperangan, oge bisa mancala putra-mancala putri, bisa mangrupakeun saha wae nu di pikahayang. Kulantaran jasana ka Kasultanan, nya anjeuna dipasrahan pikeun ngokolakeun hiji wewengkon nyaeta Panguragan, nu ayeuna jadi kacamatan di kabupaten Cirebon, anjeuna janten pamingpin di ieu wewengkon dugi ka maotna, turta teu nikah dugi ka di pundut ku nu kawasa.(Source: kosapoin.com/nyi-mas-gandasari-bagean-tina-sumebarna-islam-di-tatar-cirebon)
Ayana Nyi Mas Gandamanah di Cirebon, nalika Pangeran Walangsungsang ibadah haji di sarengan ku raina, Nyi Mas Rara Santang. Ngan satuluyna Nyi Mas Rara Santang sabada haji teu mulih deui ka tatar Sunda, kusabab ditikah ku saurang Pangeran ti Mesir, nu ahirna tumetep di Mesir. Sabada nikahkeun Nyi Mas Rara Santang, ahirna Pangeran Walangsungsang balik nyorongan ka tatar Sunda.(Source: kosapoin.com/nyi-mas-gandasari-bagean-tina-sumebarna-islam-di-tatar-cirebon)
Nalika lalampahan balikna pikeun nyebarkeun agama Islam di tatar Sunda, anjeuna henteu langsung, nanging ngalangkungan wewengkon Sumatera, langkung tepatna di Kasultanan Samudra Pasai. Nalika anjog ka Samadera Pasai, di didieu keur nerekab hijin panyakit nu nular, dugi ka Sultan Shalahuddin (1438-1462) anu dikenal oge salaku Sayyid Sholeh atawa Mbah Datuk Sholeh jeung parmaisuri oge katarajang panyakit anu sarua. Kabeneran Pangeran Walangsungsang nu mangrupakeun putra Prabu Siliwangi miboga kamampuan olah kanuragan turta miboga kabisa pikeun ngubaran panyakit, nya Pangeran Walangsungsang nyobaan nulungan warga nu katalangsara ku panyakit. Ahirna panyakit Sultan cageur turta kapanggih obat panangkalna. Ngan hanjakal permaisuri nu harita keur kakandungan 9 bulan, teu katulungan, ngan budakna masih kasalametkeun. Budak nu lahirkeun awewe, nu saprak gubrag ka dunya tuluy-tuluyan ceurik, ngan sok repeh upama di eyong-eyong ku Pangeran Walangsungsang.(Source: kosapoin.com/nyi-mas-gandasari-bagean-tina-sumebarna-islam-di-tatar-cirebon)
Kusabab geus nyageurkeun Sultan, turta satuluyna Sultan apaleun yen Pangeran Walangsungsang teh putrana Prabu Siliwangi, nya ahirna Pangeran Walangsungsang diangken salaku tamu kahormatan. Sabada rengse urusanna di Samudera Pasai, ahirna Pangeran Walangsungsang mulang ka Cirebon, dibarengan ku orok awewe, nu di ngaranan Nyi Mas Gandasari, nu dirorok nepi ka gede ku Pangeran Walangsungsang. Nanging aya oge nu nyebatkeun, yen Nyi Mas Gandasari teh alona Fatahillah turta putri Mahdar Ibrahim bin Abdul Gafur.(Source: kosapoin.com/nyi-mas-gandasari-bagean-tina-sumebarna-islam-di-tatar-cirebon)
Nyi Mas Gandasari dititipkeun ka Pangeran Walangsungsang, kusabab Sultan Shalahuddin yakin yen Pangeran Walangsungsang mampu ngaddidik Nyi Mas Gandasari pikeun jadi jalema nu hade dina sagalarupana. Kacaritakeun sanggeus dewasa, Nyi Mas Gandasari miboga ngagaduhan pameunteu nu geulis turta dibekelan elmu kanuragan turta kaagamaan nu punjul. Salah sahiji kajadian nu aya kaitanna jeung nyebarkeun Islam, nalika nalukkeun Karajaan Rajagaluh, nu di pingpin ku Prabu Cakraningrat. Karajaan ieu minangka salahsahiji karajaan bawahan Padjadjaran. Pikeun nalukeun Prabu Cakraningrat, Nyi Mas Gandasari nyamar jadi awewe nu geulis pisan, nu ku Syech Syarif Hidayahtullah disebutna Nyi Mas Ratu Ayu Gandasari.(Source: kosapoin.com/nyi-mas-gandasari-bagean-tina-sumebarna-islam-di-tatar-cirebon)
Kusabab Prabu Cakraningrat miboga kakuatan nu teu bisa dielehkeun ku saha wae, antukna Syech Syarif Hidayahtullah (putrana Nyimas Rarasantang nu tos ngagantikeun Pangeran Walangsungsang mupuhuan kesultanan Cirebon), ngutus Nyi Mas Ratu Gandasari pikeun maling “jimat” Prabu Cakraningrat, ku jalan nyamar jadi Ronggeng. Nu ahirna, Nyi Mas Ratu Gandasari hasil maling “jimat” Prabu Cakraningrat, nu satuluyna Prabu Cakraningrat bisa dielehkeun ku Cirebon, nu kadituna leuwih babari nyebarkeun Islam di wewengkon sabudeureun Cirebon. Kusabab kitu, Nyi Mas Ratu Gandasari oge loba jasana pikeun nyebarkeun Islam di wilayah Cirebon.(Source: kosapoin.com/nyi-mas-gandasari-bagean-tina-sumebarna-islam-di-tatar-cirebon)
Kusabab jasa na eta, ahirna Syech Syarif Hidayahtullah mere hadiah hiji padukuhan, nu ayeuna jadi desa Panguragan. Padukuhan ieu dipingpin langsung ku Nyi Mas Ratu Gandasari, kusabab Nyimas Gandasari teu ngabogaan salaki, sanajan geulis pisan. Nu ahirna Nyimas Gandasari dilindih “Parawan Sunti” nu pihartieunana awewe nu satungtung hirupna teu ngabogaan salaki.(Source: kosapoin.com/nyi-mas-gandasari-bagean-tina-sumebarna-islam-di-tatar-cirebon)
Syech Syarif Hidayahtullah pernah ngayakeun sayembara pikeun mangneangankeun salaki Nyimas Gandasari, kusabab manehna enbung boga salaki ka lalaki nu kamampuanana sahandapeun. Eusi saembara nyaeta sing saha wae nu bisa ngelehkeun Nyimas Gandasari, maka bakal jadi salakina. Kulantaran Nyimas Gandasari geulis kawanti-wanti, loba nu mariluan, diantarana : Ki Gede Palimanan, Ki Gede Baya Langu, turta rea-rea deui. Dicaritakeun Ki gede Palimanan ngarobah dirina jadi raksasa, nanging bisa dielehkeun ku Nyi Mas Gandasari.(Source: kosapoin.com/nyi-mas-gandasari-bagean-tina-sumebarna-islam-di-tatar-cirebon)
Sabada Ki Gede Palimanan dielehkeun, satuluyna nu maju Ki Gede Baya Langu, ka Ki Gede Baya Langu, Nyi Mas Gandasari menta syarat nyaeta menta di pengnyieunkeun dua bale (ranjang tempat istirahat) dina sapeuting. Ki Gede Baya Langu nyanggupan, ku kasaktian turta bantuan para jin, dua Bale ampir beres saacan subuh. Ngan Nyi Mas Gandasari teu pati resep ka Ki Gede Baya Langu nu miboga sifat sombong turta gede hulu, kusabab kitu Nyi Mas Gandasari ngelebetkeun salendang konengna, nu ahirna balebat datang ti belah wetan, hayam oge kongkorongok, nu ahirna Ki Gede Baya Langu dianggap gagal, percis gagalna Sangkuriang ngabendung situ, pamenta Dayang Sumbi. Bale Baya Langu nu can sampurna, nepi ka ayeuna aya di sabudeureun situs Nyi Mas Gandasari. Nyi Mas Gandasari, katelah oge minangka Nyai Mas Panguragan, turta Nyai Mas Sapta Rengga.(Source: kosapoin.com/nyi-mas-gandasari-bagean-tina-sumebarna-islam-di-tatar-cirebon)









