SEREN TAUN DI CIGUGUR

seren taun di cigugur

Dina kaping 11 Juli 2023 atanapi kaping 22 Rayagung 1956 Saka dina pananggalan Sunda kapengker, nu nulis kapapancenan pikeun ngawakilan ngalungguhan acara puncak “Seren Taun” di kampung Cigugur Kuningan. Direncangan ku ki Adi, Iwan Ridwan Zaelani, ahirna tiasa ngaraoskeun suasana “Seren Taun” nu unggal taun diayakeun dina bulan Rayagung. Naon atuh ari upacara seren taun teh ? Kalolobaan urang Sunda ayeuna geus beh teu apal, komo deui para nonoman mah.(Source: kosapoin.com/seren-taun-di-cigugur)

Ari upacara Seren taun mangrupa salasahiji upacara ritual anu patali jeung kasuburan di masarakat agraris Cigugur Kuningan, Jawa Barat. Aya oge acara nu sarua nu diayakeun di kampung adat kasepuhan Ciptagelar, nanging teu patos sami urutan sareng puncak kagiatanna. Upami di Ciptagelar mah puncakna seren taun teh kucara ngasupkeun pare ranggeuyan ka “leuit si jimat” tuluy hiburan mangrupa rupa-rupa pintonan kasenian, sedengkeun di Cigugur mah puncak na teh pintonan budaya heula tuluy di tungtung nutu 20 kintal pare. Ari objekna mah sarua pare, pare dianggap lambing kamakmuran kusabab boh Ciptagelar atawa Cigugur sami-sami daerah pertanian.(Source: kosapoin.com/seren-taun-di-cigugur)

Husus upacara seren taun di Cigugur,  upacara ieu dilaksanakeun dina saban 22 Rayagung, nyaéta bulan ka dua belas nurutkeun pananggalan Sunda. Numutkeun urang Cigugur, bumi jeung béas ditempatkeun minangka obyék anu kudu dipihormat, sabab dianggap sumber kahirupan sakabéh mahluk. Upacara ieu dijadikeun acara monumental minangka ritual kaagamaan “’Agama Jawa-Sunda” nu oge sering didawamkeun minangka “Sunda Wiwitan”.(Source: kosapoin.com/seren-taun-di-cigugur)

Upacara sérén taun minangka lambang rasa sukur keur satuan nu geus karandapan, turta  neneda ka nu maha kawasa pikeun karaharjaan masyarakat sataun kahareup.  Paripolah syukur kana rejeki anu ditampi, lain ngan ukur aya dina salah sahiji agama, tapi keur sakumna umat manusa, ku kituna upacara dilaksanakeun henteu ngan saukur pikeun hiji agama atawa etnis. Ucap syukur aya dina sakabeh agama turta etnis atawa budaya nu aya dialam dunya, kusabab kitu, dina leleran upacara sakabeh agama nu aya di Indonesia aya wawakilna, turta milu nutu dina lisung anu disebut “nyangku”.(Source: kosapoin.com/seren-taun-di-cigugur)

Upacara seren taun dimimitian ku upacara ngajayak (mapag pare), dina kaping 18 rayagung, dituluykeun acara puncakna dina kaping 22 rayagung. Bilangan 18 dina Bahasa Sunda disebutna dalapan welas, anu konotasina welas asih atanapi kasih sayang ti nu Agung nu tos maparin kahirupan pikeun sakumna umat manusa. Diantara mangsa 18-21 rayagung taun 2023 kapengker,  diayakeun rupa-rupa kagiatan adat, kaping 18 diayakeun pameran manuskrip, lomba nyiblung jeung Buyung, ping 19 rayagung, seminar manuskrip turta macakeun aksara nusantara, ping 20 rayagung, helaran budaya ngurilingan kota Kuningan turta pentas seni di Bale Paseban, ping 21 rayagung, pintonan kidung spiritual turta tari Pwah Aci, nu puncakna dina kaping 22 rayagung, diayakeun raramean atawa helaran ku rupa-rupa kasenian kayaning tari Jamparing Apsari, tari Puragabaya Gebang, Angklung Buncis, tari Buyung, tari Maung Lugay, tari Badaya, jeung Angklung Baduy, turta pawei memeron nu ngalambangkeun kajayaan Nusantara.(Source: kosapoin.com/seren-taun-di-cigugur)

Puncakna, sabada helaran budaya, diayakeun upacara “nyangku” di Paseban Tri Panca Tunggal. Upacara nyangku teh nyaeta upacara nutu pare jumlahna 22 kintal, 20 kintal ditutu, 2 kintal dijadikeun bibit. Tina 20 kintal, nu ditutu di Paseban mah ukur nandaan, sedengkeun lolobana di tutu ku masarakat dina lisung sewing-sewangan, ngan jumlah sakabehna nu ditutu 20 kintal.(Source: kosapoin.com/seren-taun-di-cigugur)

Itungan 20 ngagambarkeun anatomi awak manusa, nyaeta getih, daging, bulu, kuku, rambut, kulit, urat, polo(otak), bayah (paru), ati, limpa, mamaras, hamperu, tulang, sumsum, lamad, lambung, peujit, ginjal jeung jantung. Kadua puluh sifat eta ngahijikeun organ jeung sel tubuh nu ngabogaan fungsi rupa-rupa, nu ngawujud jirim, jisim, jeung aku (pangakuan). Sedengkeun 2 kintal bibit pare, nyimbolkeun dunya papasangan, aya beurang aya peunting, bungah jeung sedih, awewe jeung lalaki tur lian ti eta.(Source: kosapoin.com/seren-taun-di-cigugur)

Pikeun nu masih ngaku getih Sunda, pintonan nu didugikeun ku masarakat adat Cigugur, kalintang euyeub ku nilai, nu nunjukkeun kumaha carana ngamumule budaya, sangkan aya dugika tungtung zaman. Sabab lamun urang teu bisa mertahankeun budaya, ceuk babasan mah leuwih najis tibatan kulit lasun di jarian. Masarakat Cigugur turta masarakat adat lianageus nyontoan kumaha carana ngaadumaniskeun antara agama jeung budaya. Emut ku kasauran ceu Etty RS, yi, ari agama mah sidik kudu di pigusti, tapi budaya oge kudu di pupusti, sabab eta jati diri urang.(Source: kosapoin.com/seren-taun-di-cigugur)

Prof. Dr. Ade Priangani, M.Si.

(Source: kosapoin.com/seren-taun-di-cigugur)


Apakah artikel ini membantu?
IP: 180.243.254.142
Negara: Indonesia (West Java)
Device: Mobile
OS: Linux, Browser: Chrome

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *