PAMIKIRAN PULITIK URANG SUNDA(Source: kosapoin.com/pamikiran-pulitik-urang-sunda)
Ku Ade Priangani(Source: kosapoin.com/pamikiran-pulitik-urang-sunda)
Unggal masarakat atawa peradaban pinasti miboga ajén-inajén pulitik, sabab dina hakekatna hiji éntitas kudu miboga sajarahna sorangan, jadi naon anu diomongkeun ku Sir Robert Seeley téh bener, ngeunaan hubungan antara pulitik jeung sajarah, cenah “history without political science has no fruit, political science without history has no root.” Hartina, sajarah teu ngalibetkeun élmu pulitik ibarat tangkal anu teu buahan (teu ngahasilkeun), sabab sajarah téh prak-prakan pulitik jaman baheula. Sedengkeun élmu pulitik tanpa sajarah moal akaran, kusabab pulitik dumasar kana kagiatan pulitik jaman baheula. Kaasup di jerona, masarakat Sunda tangtuna miboga pangalaman politik dumasar kana sajarahna.(Source: kosapoin.com/pamikiran-pulitik-urang-sunda)
Pamikiran pulitik Sunda mangrupa wujud tina ajén-inajén, budaya, jeung tradisi masarakat Sunda dina urusan pamaréntahan jeung kapamingpinan. Pamikiran ieu henteu ngan ukur ngakar dina warisan budaya anu tangtuna beunghar pisan, tapi ogé mekar nuturkeun robahna kahirupan sosial, politik jeung ékonomi di Jawa Barat. Pamikiran politik Sunda nunjukeun yen sanajan urang Sunda ngajungjung ajén-inajén tradisional, maranéhna ogé terbuka kana parobahan modern. Kasaluyuan antara tradisi jeung inovasi mangrupa salah sahiji kaunggulan dina dinamika pulitik Sunda.(Source: kosapoin.com/pamikiran-pulitik-urang-sunda)
Patali jeung pamaréntahan, ajén-inajén dasar pamikiran pulitik Sunda dumasar kana Salapan Buyut Lembur, konsép dina kabudayaan Sunda anu nuduhkeun salapan aturan atawa ajén-inajén adat nu dijungjung tur di mumule dina kahirupan masarakat désa (lembur). Ieu konsép téh ngakar dina tradisi karuhun anu boga tujuan pikeun ngajaga karukunan, kasaimbangan, jeung kahirupan masarakat luyu jeung alam turta ajén-inajén spiritual.(Source: kosapoin.com/pamikiran-pulitik-urang-sunda)
Numutkeun pamendak kalolobaan urang Sunda, Salapan Buyut bisa ngawengku rupa-rupa aspék kahirupan, saperti: Buyut Tata Krama, ngajungjung tatakrama jeung étika dina interaksi jeung batur. Buyut Gotong Royong ngutamakeun gotong royong jeung gotong royong dina kahirupan masarakat. Buyut Amanah, panceg panyepeng amanah sareng tanggung jawab anu dipasihkeun. Buyut Kasepuhan, ngahormat ka sepuh jeung tokoh adat salaku pangagung ajén-inajén karuhun. Buyut Kabuyutan, ngajaga jeung ngalestarikeun tempat-tempat suci atawa bersejarah minangka cagar budaya. Buyut Tatanen, ngajénan lahan jeung alam ku cara tani jeung ngebon sacara lestari. Buyut Silih Asih, ngutamakeun welas asih, silih tulungan, jeung hirup rukun. Buyut Kaelokan, ngajaga ajén-inajén kearifan lokal jeung adat istiadat. Jeung, Buyut Percaya, ngahargaan kana kapercayaan jeung ajaran spiritual nu diwariskeun ti karuhunna.(Source: kosapoin.com/pamikiran-pulitik-urang-sunda)
Sanajan bisa wae di hiji lembur jeung lembur sejenna beda-beda, gumantung kana wewengkon jeung interpretasi unggal masarakat adat Sunda, nanging prinsipna masrua, Salapan Buyut Lembur nyaéta pikeun ngajaga kasaimbangan antara manusa, alam, jeung spiritualitas pikeun kahirupan anu harmonis jeung sejahtera.(Source: kosapoin.com/pamikiran-pulitik-urang-sunda)
Sedengkeun ngeunaan kapamingpinan, masarakat Sunda ngarujuk kana naskah kuno Sanghiyang Siksa Kandang Karesian (1518 M) anu nalungtik paripolah Prabu Jayadewata/Siliwangi, ngeunaan tuduh laku tatakrama pikeun jadi pamingpin di masyarakat jaman harita. Eta palanggeran teh disebut Rucita Parigeuing : bisa nitah bisa miwarang, ja sabda arum wawangi, nya mana henteu surah di piwarang. (Nu di sebat parigeuing teh nyaeta bisa marentah bisa miwarang ku caritaan nu pikageunaheun tepi ka teu matak jengkel nu di parentahna).(Source: kosapoin.com/pamikiran-pulitik-urang-sunda)
Pikeun ngalaksanakeun parigeuing, carana kudu bisa ngalaksanakeun Dasapasanta (Sapuluh Nenemkeun Haté), nyaéta: Guna, Tegesna jelema nu di parentah teh kudu ngartieun naon gunana tina nu di parentahkeun teh; Ramah. Parentah kudu di tepikeun kalawan wajar jeung sareh, ramah tamah, amis budi. Bakal ngarasaeun di hargaan sabage manusa nu boga ajen pribadina. Hook. Hookeun (kagum). Parentah karasana saperti gambaran hookeunana (kekaguman) kana kabisana (kemampuan) nu di parentahna; Pesok. Hartina kapikat hatena (reueus). Jadi parentah kudu di tepikeun ku cara nu matak kapikat hate, nu nimbulkeun rasa reueus dina dirina. Asih. Nyaeta rasa nyaah. Tepi ka rasaeun yen dirina teh lir ibarat babagian tina diri nu marentahna. Jadi milu tanggungjawabna teh bari gembleng hate. Karunia (Anugrah). Tegesna parentah karasaeunana saperti rasa kanyaah (karunya) jeung oge mangrupa kurnia kapercayaan kana kamampuh dirina. Mukpruk. Tegesna kudu bisa ngalelemu, tepi ka ngarasa yen di gawe teh lain kapaksa, tapi geus jadi tugasna; Ngulas. Ayeuna dina Bhs Indonesia mengulas, tegesna kudu bisa mere komentar (ulasan) kana pagawean bawahan ku cara nu surti tur lantip. Nyecep. Tegesna bisa niiskeun pikir nu di parentah, supaya genaheun pikirna. Boh ku lisan komo bari aya lar barangberenamah; Ngala angen. Nyaeta bisa narik simpati bawahan. Carana ku ngantengkeun silaturahim nu wajar, bakalna timbul rasa satia (loyal) ka pamingpinna.(Source: kosapoin.com/pamikiran-pulitik-urang-sunda)
Dina naskah Sanghyang Hayu, nya éta naskah anu dijieun tina daun nipah abad ka-16 Masehi, ditataan lima welas unsur penting anu kudu dipiboga ku saurang pamingpin, anu diringkeskeun jadi lima kelompok, sakumaha anu didugikeun ku Undang Darsa (1998). Budi-guna-pradana (bijak-arif-saleh); Kaya-wak-cita (sehat atawa kuat-bersabda-hati); Pratiwi-akasa-antara (bumi-angkasa-antara); Mata-tutuk-talinga (penglihatan-ucapan-ceuli); Bayu-sabda-hedap (energi-ucapan/sabda-itikad/kalbu jeung pikiran). Sagalana aya patalina anu ngawangun sikep jeung karakter pamingpin anu idéal).(Source: kosapoin.com/pamikiran-pulitik-urang-sunda)



