Tiheula sok remen ngadenge babasan kolot di lembur, yen memeh diajar silat kudu daek solat heula. Cirining memeh diajar silat pikeun beladiri kudu dibarengan ku boga pondasi nyatana sholat. Alatan ari sholat teh ceuk kolot kuring tiheula mangrupa salah sahiji alat nu bisa jadi pipinding sangkan barang-barang/nilai kotor ti luar teh asup ka jero diri. Basa sejenna mah meureun di pilemburan wewengkon urang mun aya hiji pasantren atawa tempat ngaji biasana sok dibarengan ku kaulinan bela diri silat/penca silat/maen po. Maksudna mah meureun sangkan hirup disagedengeun pikeun bela diri, oge sangkan lahir batinna sehat.(Source: kosapoin.com/universitas-pasundan-jeung-pasantren-bentara-baiturrohim)
Ti jaman bihari keneh daerah urang geus wanoh kana naon nu disebut penca silat. Geus moal bireuk oge di urang loba aliran-aliran penca silatna. Antarana wea nu kuring nyaho, eta ge bubuhan sok ngadengekeun dongen aki nu oge tukang penca. Duka teuing aliran pecana naon ngan ngaran paguron silatna teh mun teu salah Cadas Gantung. Ti aki kuring, sok ngadenge ngaran embah KAHIR jeung aliran silatna Cimande, aya oge sok remen ngadenge aliran silat Cikalong nu jadi tokohna taya lian H. IBRAHIM atauwa R. Jaya Perbata. Tidinya sok ngadenge oge silat panglipur jeung pusaka siliwangi, Sahbandar, beh dieu kungsi ngadenge aliran Bandar Karima, jeung rea-rea deui.(Source: kosapoin.com/universitas-pasundan-jeung-pasantren-bentara-baiturrohim)
Daerah Batawi nu ayeuna kasilih ku Jakarta loba aliran-aliran silat antarana wea, silat aliran Sabeni di Tanah Abang, silat Beksin, silat aliran Cingkrik, silat Paseban nu didirikeun ku M Soleh, jeung rea-rea deui. Kiwari nu ngaranna penca silat rada kurang nu minatna alatan salah sahijina meureun geus loba ilmu seni bela diri nu datang ti nagri-nagri deungeun. Kitu deui di wewengkon pasantren utamana nu aya di kota-kota gede geus teu gulangkep/identik jeung silat. Tiap-tiap aliran silat di urang mibanda ciri sewang-sewangan nu ngabedakeun jeung aliran-aliran sejenna, boh tinu sisi filosofis sumawonna tinu gerakanna. Aya nu ngutamakeun bantingan, aya oge koncian, kakuatan teunggeulan atawa ngagiwar jeung rea-rea deui. Tapi kabeh aliran silat nu aya di urang umumna mibanda falasipah.(Source: kosapoin.com/universitas-pasundan-jeung-pasantren-bentara-baiturrohim)
Dongeng diluhur ditulis soteh pedah kuring poe minggu kamari nempo aya nu latihan silat di pasantren BENTARA BAITURROHIM, nu aya di wewengkon Pasir Impun, pernahna di jalan H Umar. Pasantren Bentara Baiturrohim aya keneh atawa masih make palajaran silat. Memang teu pati helok aya silat di pasantren mah da tiheula mah geus jadi kacapangan mun di pasantren sok aya silatna. Di wewengkon urang mah geus umum nu kitu teh ari ti heula mah utamana di pilemburan. Nu jadi helok soteh salian pasantrenna mangrupa pasantren alam, oge tempatna geunah merenah pikeun ngaji diri bubuhan aya di alam terbuka. Sagedengeun eta, salian ti diajar ngaji ilaharna di pasantren tumali jeung bagbagan agama oge diajarkeun bahasa-bahasa sejen kayaning arab, ingris, korea katut basa Sunda tur seni jeung budaya Sundana.(Source: kosapoin.com/universitas-pasundan-jeung-pasantren-bentara-baiturrohim)
Lain ti eta wae helokna teh, di Pasantren BENTARA BAITURROHIM nu diadeugkeun ku pasangan salaki pamajikan, Drs. H. Supramono M.H, nelah di pasantren mah Pa Pram jeung bojona Hj Ika Ekawati M.Si duanana alumni Unpas nu cepeng gawe di pemkot Bandung. Pasantren eta diluluguan oge ku dosen Unpas, Ustad Drs. Agus Herlambang M.Si, nu sapopoena cepeng gawe salaku dosen hubungan internasional FISIP Unpas. Teu tinggaleun nu ngajar seni Sundana oge ti Unpas Drs. Rosikin Wk M.Sn ti Fak Ilmu Seni Jeung Sastra (FISS) katut nu ngajar budaya Sundana ge lain ti mamana tapi masih ti Unpas keneh nyaeta Dr. Ade Prianggani dosen FISIP Unpas, oge katambah ku ahli biologi Dr. H. Uus Toharudin dosen katut dekan FKIP Unpas.(Source: kosapoin.com/universitas-pasundan-jeung-pasantren-bentara-baiturrohim)
Teu tinggaleun di eta pasantren diajarkeun cara tatanen jeung pangobatan tradisional katut senam silat Raga Jati nu sunggapanna ti Wa NAMPON/aliran silat Nampon. Aliran-aliran silat di wewengkon urang loba kacida jeung mibanda ka-ahengan sewang-sewangan, duka teuing kumaha mimiti di pasantren eta aya senam silat Raga Jati nu sunggapannana ti aliran Nampon, maksud teh mun teu salah denge, apan ketua umum silat Nampon teh Rektor Unpas, Prof. Dr. Ir. H. Eddy Jusup Sp.M.Si., M.Kom., IPU.(Source: kosapoin.com/universitas-pasundan-jeung-pasantren-bentara-baiturrohim)
Atuh asa betah pisan didinya teh keur kuring mah, bubuhan kuring ge cepeng gawe di Unpas, ngumpul kulawarga Unpas di pasantren BENTARA BAITURROHIM. Teu salah kituna mah apan paguron luhur Universitas Pasundan nu mangrupa bagian integral ti Paguyuban Pasundan mibanda misi, nu salah sahijina nyaeta miara budaya khususna Sunda jeung ngagungkeun agama Islam. Eta meureun nu jadi cukang lantara dulur-dulur ti Unpas ngilu ulubiung di Pasantren Bentara Baiturrohim, nu diluluguan ku Ustad Agus Herlambang ti FISIP Unpas.(Source: kosapoin.com/universitas-pasundan-jeung-pasantren-bentara-baiturrohim)
Balik deui kanu aliran pencak silat jeung senam Raga Jati Nampon di eta pasantren nu dina emprakna diluluguan ku Ustad Amir Ghoni salaku guru utamana, Ustad Eko jeung Ustad Mariyo salaku guru madya, ceuk iyana nu dibarengan ku pupuhu pasantren BENTARA BAITURROHIM, Ustad Agus Herlambang.(Source: kosapoin.com/universitas-pasundan-jeung-pasantren-bentara-baiturrohim)
Ngaran Aliran silat Nampon, nyoko kana ngaran nu nyieunna nyaeta Wa Nampon nenehna Abah Nampon, kalahiran Ciamis taun 1888 nu tilalar dunya di Ngamprah taun 1962. Wa Nampon ti keur leutik resep kanu ulin silat. Sanggeus guguru kaditu kadieun dina kira-kira taun 1900 Wa Nampon guguru ka H Ibrahim urang Cianjur, hiji tokoh silat nu ngadirikeun silat aliran Cikalong. Satuntasna guguru di H Ibrahim, kira-kira taun 1932, Wa Nampon muka padepokan silat sorangan di daerah Caringin Ngamprah, laju tina taun 1937 padepokan silat aliran Nampon pindah deui ka Daerah Mahmud/Kopo.(Source: kosapoin.com/universitas-pasundan-jeung-pasantren-bentara-baiturrohim)
Tinu hasil guguru kaditu kadieu jeung pangalaman anjeuna ulin kana silat, Wa Nampon nyieun 10 jurus intisari silat aliran Nampon nu ngan lain make usik awak wungkul tapi dibarung ku tanaga jero (dalam) nu maksudna salian ti keur bela diri oge bisa pikeun ngubaran diri katut ngubaran nu lian. Siga ilaharna aliran-aliran silat di daerah urang, disagigireun pikeun bela diri, aliran silat Nampon oge bisa dipake ngobatan panyakit nu tumerap ka manusa. Atuh sagigireun ngubaran panyakit jeung pikeun kasehatan, Wa Nampon nu ngajanggelekeun silat aliran Nampon mibanda falasipah dina ulin silat katut keur kahirupan sapopoe. Di antara falasipahna nu bisa dituliskeun antarana:(Source: kosapoin.com/universitas-pasundan-jeung-pasantren-bentara-baiturrohim)
- Kudu Bisa Nulungan Nu Ditandasa,
- Kudu Bisa Nyegah Nu Nandasa,
- Kudu Menang Tapi Ulah Ngaraendahkeun Lawan.
Disagigireun eta falasipah silat Wa Nampon nyaeta:(Source: kosapoin.com/universitas-pasundan-jeung-pasantren-bentara-baiturrohim)
- Menang Teu Ngaliwatan Perang,
- Musuh Kudu Jadi Sobat,
Kalayan beladiri nu utama di Nampon taya lian nyaeta SOPAN SANTUN. Disagedengeun falasipah aya oge nu disebut Panca Jati, nyaeta:(Source: kosapoin.com/universitas-pasundan-jeung-pasantren-bentara-baiturrohim)
- Taqwa ka Allah SWT,
- Setia jeung wajib ngabela nagara jeung agama,
- Taat ka guru kalayan ngahormat ka lanceuk saperguruan jeung patuh kana aturan,
- Teu nyalah-gunakeun pangabisa jeung salawasna miara ajen perguruan, katut
- Sopan kasasama.
Kalih tikitu aya 5 hal nu dipantang nyatana: Mabok, Maen, Madat, Madon, Maling.(Source: kosapoin.com/universitas-pasundan-jeung-pasantren-bentara-baiturrohim)
Jadi reueus nempo alpukah dulur-dulur ti Unpas nu ngilu ngabaratapakeun nilai Sunda jeung Islam di pasantren BENTARA BAITURROHIM nu diluluguan Ustad Agus Herlambang pikeun mateahkeun pasantren kalayan teu ngaharepkeun imbal jasa, lir ibarat haseup tara menta bales jasa ka seuneu. Pan sidik pasantren eta mah haratis pikeun jalma-jalma nu tuna pakaya. Ieu mah estu hayang ngilu ngabaratapakeun nilai-nilai naon nu jadi udagan organisasi tempat aranjeuna cepeng gawe, merangan kokoro jeung kabodoan kalayan ngamumule budaya katut ngamulyakeun agama. Wallahualam Bissawab, nyanggakeun……(Source: kosapoin.com/universitas-pasundan-jeung-pasantren-bentara-baiturrohim)








