SAJAK Dody Satya Ekagustdiman

ILUSTRASI SAJAK

Nista Maja Utama dina Rasa Sagara Cinta nu Lega Teu Kawates

Dina jero hate nu sakitu sepi jemplingna
aya sora nu teu kadéngé ku ceuli
ngan bisa karasa ku rasa nu sajati
ngagelarkeun cahaya dina poék mongklengna diri

Nista, ieu lain rasa hina nu kudu dipiceun
tapi Taneuh tempat siki kahirupan nu tumuwuh
Di handap, urang ngan diajar narima
yen sakabéh mahluk pasti miboga asal nu sarua

Maja, jalan tengah nu pinuh ku rasa eling
ngukur lampah ku timbang rasa
teu kabawa ku napsu nu ngagelebug
teu kabendung ku kahariwang dunya

Utama, lain ngeunaan luhurna tahta
lain ngeunaan harta nu ngagurilap
tapi kamulyaan jiwa nu sanggup mikanyaah
sok sanajan teu meunang pujian ti sasaha

Lamun nista geus jadi pangajaran
maja jadi pituduh lampah
utama jadi cahaya hirup
mangka manusa manggihan jalan mulang

Dina sagara cinta nu lega teu kawates
teu aya benteng antara abdi jeung anjeunna
teu aya wates antara bangsa jeung bangsana
sadayana ngocor ngamalir dina walungan kanyaah

Cinta lain ngan sa-ukur rasa miboga
lain ngan sa-ukur kahayang pikeun nyekel
tapi kasanggupan pikeun mere
sok sanajan teu salawasna dibales

Kawas laut nu narima sakumna walungan
kawas langit nu nangkeup sakumna jagat
Nya kitu deui rasa cinta nu sampurna
nampung sa-kabéhna tanpa milah-milah
tanpa milih-milih
Mugia diri jadi leutik dina kasadaran nu luhur
sangkan lega dina rasaning kanyaah

Mugia hate jadi jernih wening dina sepi
sangkan manggihan cahaya Nu Maha Asih

Sabab tungtung tina sakabéh élmu hirup-hurip
lain ngan sa-ukur nyaho
tapi mampuh mikacinta

Jeung dina sagara cinta nu lega
teu kawates ieu
nista, maja, utama
ngahiji jadi jalan kasampurnaan rasa

Pasrah, asih, tur wijaksana
dina pangkuan Gusti Nu Maha Kawasa

Rahayu Salam Rasa Asah Asih Asuh

Bandung, 19.Juni.2026

Dody Satya Ekagustdiman

Apakah artikel ini membantu?

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *