Duh, bener pisan euy! Ceuk énté, yén tanggal tua kayak gini mah boro-boro kita yang pusing mikirin tagihan, si Tuyul aja auto-minder alias bingung tujuh keliling harus mampir ke rumah yang mana. Mau masuk ke rumah orang, eh pas diintip isi lemari sama bawah bantalnya kosong melompong. Jangankan duit, napas aja kayaknya lagi diirit-irit.(Source: kosapoin.com/tuyul-pensiun-dini)
Niat hati si Tuyul mau coba hunting di pasar, eh malah makin pusing! Pas nyampe sana, dia mau ngambil duit, malah kena zonk. Ternyata duitnya udah diiket kenceng banget pake karet gelang sama tukang dagangnya. Jangankan mau ngambil satu-satu, mau nyolek dikit aja susah banget, keburu ketahuan!(Source: kosapoin.com/tuyul-pensiun-dini)
Malah aya nu leuwih parah, si Tuyul téh geus ngenyot susu gantung nepi ka lempes kawas kere gajih, kulitna geus geuneuk teu kapanggih dagingna, lantaran harus nyusu ka istri anu bogana saban peuting demi “bahan bakar” gawé—kalebar-lebar ngorbankeun pamajikan.(Source: kosapoin.com/tuyul-pensiun-dini)
Nya kitu tea, apanan, sakali deui: ari geus nepi ka pasar, nguriling kompleks katut pilemburan, hasilna angger nihil alias euweuh pulus nu bisa dicokot! Malah bikin si Tuyul jadi tuyul kurus kurang gizi. Can mun balik teu mawa pulus, disiksa kunu bogana. Naha sih jadi kieu?(Source: kosapoin.com/tuyul-pensiun-dini)
Tétéla, si Tuyul gé meureun apaleun aya nu salah jeung ékonomi urang. Dolar lagi “ngamuk” anteng di angka 17.900-an, nu matak harga barang pokok di pasar jadi ikut “mabok” alias mahal pisan. Sajaba ti éta, gajih urang gé geus “disunat” duluan ku potongan anu teu saeutik: ti mimiti PPh 21, Iuran Askes, nepi ka iuran pensiun nu wajib dipotong tiap bulan. Hasilna? Take home pay mah sakitu-kituna, harga barang di pasar mah sakieu mahalnya, nu balanja gé jadi saeutik.(Source: kosapoin.com/tuyul-pensiun-dini)
Tambah deui, di mana ari duit korupsi? Ari ceuk béja mah, duit korupsi téh tara aya di imah-imah warga biasa nu bisa diintip ku Tuyul. Duitna mah disumputkeun dina safe deposit box di bank luar negeri, jadi properti méwah nu teu katingali ku panon, atawa diputer dina bisnis cangkang nu ribet pisan administrasina. Éta duit téh high security, lain kelasna Tuyul nu kurus akibat kurang gizi. Mun si Tuyul nekat hayang nyolong duit korupsi, meureun manéhna bakal kabeulit ku system digital jeung auditor nu leuwih galak tibatan karet gelang tukang dagang. Malah mun Tuyulna nyahoeun mah, mending teu usah dipadog, bisi kabawa urusan hukum, panas di jero bui, komo deui Tuyul mah teu boga KTP.(Source: kosapoin.com/tuyul-pensiun-dini)
Jadi, bener pisan, ieu téh siklus nu matak ripuh, sakali deui ah: Rupiah melemah antukna harga barang naék, kitu deui kana daya beli turun. Katurug katutuh, apanan gaji “disunat” potongan, nya otomatis ngaruh jadina the real dompét kempés bin lepes. In short, tanggal tua itu bener-bener fase di mana semua manusia dan makhluk halus united dalam satu vibe: “Lagi bener-bener nggak ada, Lur!”(Source: kosapoin.com/tuyul-pensiun-dini)
Si Tuyul aja yang hobinya nyolong duit sampai struggle berat gara-gara sistem “karet gelang” di pasar dan minimnya perputaran uang, apalagi kita yang hanya manusia biasa. Matakna, lamun si Tuyul téh bisa mikir, sigana manéhna gé mending resign waé ti pakasaban jadi Tuyul. Da jujur, leuwih gampang néangan gawé sampingan jadi Admin Medsos daripada néangan recehan di dompét karyawan nu gajina geus béak dipotong pajak jeung iuran Askes!(Source: kosapoin.com/tuyul-pensiun-dini)
Bayangkeun, si Tuyul téh ahirna resign. Manéhna bosen kudu ngenyot susu unggal peuting nepi ka lempes, bari jeung hasilna teu sapira, jaba disiksa mun balik teu hasil ku majikanna. Atuh nya puguh we manéhna mutuskeun pindah profesi jadi content creator spesialis tips finansial. Dina videona, si Tuyul ngomong: “Daripada jadi tuyul tapi lapar, mending investasi!” Manéhna méré tips kumaha cara ngalawan inflasi, kumaha cara ngatur duit nu geus diiket karet gelang, nepi ka cara protes ka tukang dagang sangkan harga barang teu mahal teuing. Tuyul nu tadina dianggap mahluk jahat, malah jadi pahlawan ékonomi rakyat tanggal tua. Istri anu bogana ogé ahirna bisa saré tibra, teu kudu deui disusuan ku mahluk halus, da geus boga passive income tina kontén si Tuyul nu viral.(Source: kosapoin.com/tuyul-pensiun-dini)
Anu leuwih pikaseurieun tur pikareueuseun téh, di luar sana masih kénéh loba jalma nu “dagang” tuyul. Éta tuyul dijualna pariatif pisan, kawas keur ngajual monyét sirkus di pasar gelap! Aya nu murah, aya nu mahal, gumantung kana “spesifikasi” jeung “kasaktian” tuyulna. Padahal, mun dipikir-pikir mah, éta téh nu disebut “bego permanén”.(Source: kosapoin.com/tuyul-pensiun-dini)
Bayangkeun, hayang beunghar instan tanpa gawé, nepi ka wani meuli tuyul ka dukun-dukun nu ngaku bisa nyadiakeun tuyul “premium”. Padahal mah, nu dipiara téh ngan saukur mahluk nu keur ripuh balatak ku inflasi. Nu meulina bobogohan jeung kabodoan sorangan, ngarepkeun tuyul bisa maok duit, padahal duit di dompét sorangan gé geus ledis!(Source: kosapoin.com/tuyul-pensiun-dini)
Leuwih parahna deui, aya nu rela ngalaksanakeun ritual anéh saban peuting, mobok tabungan demi meuli “bibit” tuyul nu hargana jutaan rupiah. Ari geus dipiara, ari pek nu datang lain duit, kalahka barang-barang rumah tangga anu leungit, atawa malah tuyulna nu kabur ninggalkeun dununganana lantaran bosen teuing tara dibéré “asupan”. Éta dunungan lainna untung, malah jadi beuki kere, hirupna leuwih ripuh ti saméméhna, sarta ahirna kudu nanggung dosa jeung hutang gara-gara hayang beunghar ku cara nu teu asup akal.(Source: kosapoin.com/tuyul-pensiun-dini)
Aeh naha jadi nguruskeun hirup batur? Ah, kieu we, balik deui ka alur si Tuyul nu geus boga passive income tina kontén si Tuyul nu viral tea, eta gé mun si Tuyulna teu poho kana balas budi ketang. Ah, ketang pastina gé apanan perlu nenen si Tuyul téh, apanan nya? Pastina gé bakal balik deui kajeun teuing bagi penghasilan asalkan nyaman bisa terus ngagenyol. Heup ah, nya ka mana waé atuh ari ngomong téh! Tapi da heueuh ketang ari geus kieu mah, mending urang chill heula, nganti tanggal muda, bari nunggu dompét meunang gizi deui. Sabar ya!(Source: kosapoin.com/tuyul-pensiun-dini)
Kumaha, masih tetep optimis nunggu tanggal muda, atawa rék milu “pensiun” bareng si Tuyul jadi influencer keuangan? [](Source: kosapoin.com/tuyul-pensiun-dini)









