Nista Maja Utama dina Rasa Sagara Cinta nu Lega Teu Kawates(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-3)
Dina jero hate nu sakitu sepi jemplingna
aya sora nu teu kadéngé ku ceuli
ngan bisa karasa ku rasa nu sajati
ngagelarkeun cahaya dina poék mongklengna diri(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-3)
Nista, ieu lain rasa hina nu kudu dipiceun
tapi Taneuh tempat siki kahirupan nu tumuwuh
Di handap, urang ngan diajar narima
yen sakabéh mahluk pasti miboga asal nu sarua(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-3)
Maja, jalan tengah nu pinuh ku rasa eling
ngukur lampah ku timbang rasa
teu kabawa ku napsu nu ngagelebug
teu kabendung ku kahariwang dunya(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-3)
Utama, lain ngeunaan luhurna tahta
lain ngeunaan harta nu ngagurilap
tapi kamulyaan jiwa nu sanggup mikanyaah
sok sanajan teu meunang pujian ti sasaha(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-3)
Lamun nista geus jadi pangajaran
maja jadi pituduh lampah
utama jadi cahaya hirup
mangka manusa manggihan jalan mulang(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-3)
Dina sagara cinta nu lega teu kawates
teu aya benteng antara abdi jeung anjeunna
teu aya wates antara bangsa jeung bangsana
sadayana ngocor ngamalir dina walungan kanyaah(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-3)
Cinta lain ngan sa-ukur rasa miboga
lain ngan sa-ukur kahayang pikeun nyekel
tapi kasanggupan pikeun mere
sok sanajan teu salawasna dibales(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-3)
Kawas laut nu narima sakumna walungan
kawas langit nu nangkeup sakumna jagat
Nya kitu deui rasa cinta nu sampurna
nampung sa-kabéhna tanpa milah-milah
tanpa milih-milih
Mugia diri jadi leutik dina kasadaran nu luhur
sangkan lega dina rasaning kanyaah(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-3)
Mugia hate jadi jernih wening dina sepi
sangkan manggihan cahaya Nu Maha Asih(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-3)
Sabab tungtung tina sakabéh élmu hirup-hurip
lain ngan sa-ukur nyaho
tapi mampuh mikacinta(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-3)
Jeung dina sagara cinta nu lega
teu kawates ieu
nista, maja, utama
ngahiji jadi jalan kasampurnaan rasa(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-3)
Pasrah, asih, tur wijaksana
dina pangkuan Gusti Nu Maha Kawasa(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-3)
Rahayu Salam Rasa Asah Asih Asuh(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-3)
Bandung, 19.Juni.2026(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-3)

SAJAK-SAJAK Yesmil Anwar
Negara: United States (Ohio)
Device: Desktop
OS: Unknown, Browser: Unknown








