Geus jadi kabiasaan kuring mun ngareureuhkeun pikir teh sok balik ka lembur ngadaweung di pipir imah nyanghareupan balong bari ngregot ci kopi.Harita wanci harieum beungeut hujan nu ti tadi sore ngagebret geus muru karaat, tinggal girimis leutik.Seungit taneuh baseuh nyambuang pagaliwota jeung haseup cikopi nu karek ditinyuh,tileubah sawah nu ngampar lir ibarat karpet kadenge sora bangkongkong patembalan,dibarung ku sora ngeresekna daun nu diaradu katebak angin peuting.Matak tingtrim kana pikir baris bisa dikir.Peuting eta bari ngaregot kopi pikiran jadi cicing dina kalangkang hiji naskah tampilan sendra tari teater “wiwitan Sunda””RAKEAN SANCANG.Putra Wangsa Prabu Tarumanagara,mangrupa karya nu keur digarap ku rekan rekan kuring.(Source: kosapoin.com/drama-rakean-sancang)
Rakean Sancang,rek ditempo tina sajarah atawa tradisi lisan Masyarakat sunda khususna garut,mangrupa simbul nu mibanda ajen katut nilai nu jero pikeun jadi tuladeun Masyarakat sunda kiwari.Mun tea mah masih jadi polemik diantara para sajarawan kaitanna jeung RAKEAN SANCANG,tapi nilai nilai nu geus sumebar dina ucap lisan masyrakat sunda khususna Garut mibanda harti nu jero.Pikeun ngawangun boh kahirupan pribadi katut Masyarakatna kitu deui ngawangun kahirupan jeung nu Mahakawasa kalih jeung alamna.(Source: kosapoin.com/drama-rakean-sancang)
Pikeun sabagean jalma jalma,karya eta teh ngan saukur hiji tampilan teater wungkul.Tapi ceuk sawangan kuring naskah eta teh lain ngan saukur teater,tapi pikeun ngagali deui ingetan tumali jeung kabudayaan Sunda.Lain oge pikeun nostalgia ngahirupkeun lalakon tiheula tapi pikeun ngahadirkeun deui nilai nilai nu baris jadi obor pikeun kahirupan kiwari.Ceuk pikir kuring ari pentas mah ngaukur memenitan paling lila ge moal leuwih ti sajam dua jam.Tapi umpama hiji pertunjukan atawa karya bisa ngawangun kasadaran,tinangtu karya eta bakal hirup leuwih lila batan pamaenna.Tapi dina kaitan ieu,angger urang kudu waspaos ulah tepikeun sajarah robah jadi dongeng katut dongeng robah jadi sajarah,hal eta mang rupa tanggung jawab nu teu bisa diimomorekeun.Sagigireun ti eta palaku seni baris dipiharep bisa nyieun panonton lain ngan saukur kagum tapi kudu oge nyieu nu nonton jadi mikir.Tapi lain Harti nu nonton diuji siga ujian di sakola.Tapi satukangeun eta oge baris kudu bisa nyieun nu nonton bungah lain ngabubungah.(Source: kosapoin.com/drama-rakean-sancang)
Leuweung Sancang mangrupa hiji wewengkon nu aya di Kacamatan Cibalong dibasisir Kabupaten Garut kidul.Leuweung sancang mibanda kadudukan nu penting disajeroning tradisi kahirupan Masyarakat sunda.Kawasan leuweung sancang dipercaya ku Masyarakat Sunda mangrupa tempat nu adem Tentrem turta mernah katut sacral.Hal eta ngalantarankeun loba dina carita carita rahayat sabundeureun leuweung Sancang sok jadi kacapangan,yen leuweung sancang mangrupa tempat pikeun jalma atawa para raja,resi, tapabrata sangkan mibanda kawijaksanaan,kakuatan batin,katut kakuatan spiritual.Kukituna leuweung sancang lain ngan saukur leuweung,tapi mangrupa leuweung pikeun ngaji diri,sangkan jalan hirup manusa tina kakawasaan kudu Nyoko kana kawijaksanaan,tina kabodoan jadi kapinteran,tina hirup pikeun kabutuh diri wungkul jadi hirup pikeun ngabaratapakeun sajahtraan Masyarakat.(Source: kosapoin.com/drama-rakean-sancang)
Teu tinggaleun Leuweung Sancang ku Masyarakat teu dianggap saukur leuweung tapi mangrupa simbul pikeun ngalestarikeun alam,warisan budaya,katut nilai spiritual khususna masyrakat Sunda.(Source: kosapoin.com/drama-rakean-sancang)
Leupas tina kapastian sajarah, kaitan leuweung sancang katut Rakean Sancang mibanda makna simbolik,paling heunteu Rakean Sancang mangrupa hiji tokoh nu ngalambangkeun salaku:sosok nungajaga katut miara kasucian alam,simbul nu ngalambangkeun pikeun neangan elmu katut hikmah,Nyebarkeun nilai nilai katuhanan,kalih jadi tauladeun urang pikeun miara kasaimbangan antara manusa,alam jeung nu maha kawasa.(Source: kosapoin.com/drama-rakean-sancang)
Rakean Sancang aya nu nyebutkeun dongeng aya nu nyebutkeun sajarah,keun wae eta mah sina ngalir wae siga acai.Tapi,ceuk pikir kuring nu cetek,nu di sebut sajarah teh lain ngan ukur sakadar Kumpulan tanggal,ngaran raja raja,atawa daftar peperengan.Sajarah mangrupa kahirupan manusa pikeun neangan makna hirup.Aya nu dicatet dina batu,daun lontar,naskah naskah,tapi teu tinggaleun aya nu hirup dina pikiran Masyarakat.Hirup teu sasederhana arsip,aya hal hal nu diwariskeun ngaliwatan carita, petuah petuah kitu deui kapercayaan.Mun eta kabeh teu dipercaya,lain ngan ukur dongengna wungkul nu leungit tapi leungit oge jati dirina.Hal eta nu sok disarebut memori kolektif tea.Hiji bangsa hirup lain ngan saukur ku dokumen wungkul,tapi oge aya memori kolektif masyarakatna.Ngan tangtu wae hal ieu kudu diimeutan sacara bijaksana.(Source: kosapoin.com/drama-rakean-sancang)
Euweuh hiji zaman nu sampurna,Tarumanagra mibanda kaagunganna katut kareeusna,tapi oge mibanda masalah masalah.Pajajaran mibanda kajayaan,tapi teu tinggaleun karuntuhanna.Teu tinggaleun Indonesia kiwari.Tiap zaman mibanda Cahaya katut bayang bayang sewang sewangan.(Source: kosapoin.com/drama-rakean-sancang)
Rakean Sancang ulah digambarkeun manusa nu tanpa cela,tapi mangrupa sosok nu salawasna neangan bebeneren/luhung elmuna,mangrupa manusa sajati.Nu paling bahaya saenyana lain jalma bodo tapi jalma nu geus ngarasa nyaho sagala galana.(Source: kosapoin.com/drama-rakean-sancang)
Leupas tina sagala fenomena nu aya tumali jeung Rakean Sancang,paling henteu Rakean Sancang geus milih jalan hirup ninggal keun kamegahan dunya barana pikeun nyungsi elmu sangkan panggih jeung dirina.Pilihan eta mibanda pesen pikeun kahirupan yen kamulyaan manusa teu ditangtukeun ku kadudukan,harta atawa kakawasaan,tapi ku legana elmu,nu dibarengan ku jerona iman katut mibanda kaiklasan pikeun ngabdi keun diri dina kahirupan.(Source: kosapoin.com/drama-rakean-sancang)
Hal ieu bisa dijadikeun eunteun pikeun jaman kiwari nu nyata nyata manusa geus ngungudag jabatan,kakawasaan,kabeungharan katut populeritas.Sajarah atawa legenda Rakean Sancang geus ngelingan yen kabeh oge ngan mangrupa tititpan.Leuweung Sancang nu ngarupakeun bagean tina carita Rakean Sancang bisa dimaknaan salaku lambang kasadaran urang.Tutuwun di leuweung ulah dianggap ngan saukur tatangkalan,tapi mangrupa ruang pikeun manusa ngadenge sora hate.Kusabab kitu ngaruksak leuweung lain ngan ukur ngaruksak lingkungan tapi ngaleungitkeun tempat pikeun ngarenungkeun sumber kawijaksanaan.(Source: kosapoin.com/drama-rakean-sancang)
Rakean Sancang ngajarkeun yen agama jeung budaya mangrupa dua hal nu bisa saling nguatkeun,agama mere arah moral,budaya mangrupa cara pikeun ngahirupkeun nilai nilai disajeroning kahirupan sapopoe.Nalika dua hal eta bisa sajalan tinangtu bisa ngalahirkeun Masyarakat nu religious,mibanda budaya katut kaperibadian.Pikeun Masyarakat Sunda,Rakean Sancang mangrupa gambaran manusa nu mampu miara kasaimbangan antara nu kawasa,papada manusa katut alam.Hal ieu nu disebut kahirupan nu harmonis,beuki luhur elmu kudu beuki depedepe hate,beuki gede kakawasaan beuki gede oge tanggung jawabna,beuki maju peradaban kudu beuki kuat kana malire alam jeung budayana.(Source: kosapoin.com/drama-rakean-sancang)
Diera kagumulungan kiwari,dibarung ku melesat na arus informasi identitas budaya sering ka kikis,Legenda Rakean Sancang sakali deui ngingetan urang pikeun sadar pentingna ngajaga akar budaya.Kamajuan nu dipibanda manusa ulah leupas tina nilai nilai luhur nu ngabentuk jati dirina.Masyarakat Sunda khususna meunang jadi masyarakat modern tapi ulah leungit kaarifan lokalna.Dititk ahir Rakean Sancang lain ukur sosok baheula,tapi mangrupa lalakon batin tiap manusa.Lalakon tina adigung adiguna jadi handap asor,tina bodo jadi ngelmu,tina kakawasaan jadi pangabdian,katut tuni hirup ngan pikeun keur diri wungkul jadi hirup pikeun jadi manfaat pikeun balarea.Sajarah atawa Legenda Rakean Sancang lain ngan saukur jadi tontonan tapi kudu jadi tuntunan disajeroning kahirupan sapopoe…..Caaaggg(Source: kosapoin.com/drama-rakean-sancang)

REKAMAN KATA , KATANYA
Negara: Indonesia (West Java)
Device: Desktop
OS: Windows, Browser: Chrome








