SAJAK Dody Satya Ekagustdiman

SAJAK DODY SATYA EKAGUSTDIMAN

SUJUD KA ASIH HURIP(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Jiwa raga lahir batin
Saestuna ngalangkungan waktu
nu teu eureun muter
Sasaha oge
pasti ngarasa panasna panonpoé
reujeung tiisna cai ibun
nu marurag nyimbeuhan peuting(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Dina unggal hanju napas nu dipaparin
aya wujud bukti rahmat nu ngamalir teu kendat
aya rasa ka-nyaah nu teu ka-ukur ku angka
aya rasa ka-asih nu ngagedéan jagat rasa(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Sujud lain ngan sa-ukur tungkulna sirah
lain ngan sa-ukur kecap nu ngapung dina biwir
tapi milampah kahadean nu ngawujud nyata
nu mekar tina ati sanubari nu tulus iklas(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Rasa Nyaahan ka sasama tanpa pipilih, ngamalir
ngadeudeuhan nu keur nandang nalangsa
ngahibur nu keur nandang ka-sedih
ngarojong nu keur ngungkulan kahirupan(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Sabab hirup téh mujizat
jeroning rasa ka asih
Cahayaning ti Nu Maha Welas Asih
nu ngagenclang gumebyar cahayana
dina unggal mahlukNa
ti daun-daun nu ka-oyag ku angin
nepi ka manungsa
nu keur neangan harti makna hirup(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Lamun sang leungeun jadi jalan kahadean
lamun sora kecap jadi jalan katengtreman
lamun hate jadi kebonna kanyaah
mangka sujud téh hirup ngawujud dina lampah(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Jiwa raga lahir batin ngahiji
dina rasa syukur nu teu aya tungtungna
sujud ka mujizat ning hirupna karana Alloh
nu taya watesna, taya tungtungna(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Asih nu sajati
lain ngan ka rasa dina hate
tapi jadi lampah kahadean
nu méré kahirupan ka sasama
(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Bandung, 21.Juni.2026(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

PUISI Rachman Sabur
Baca Tulisan Lain

PUISI Rachman Sabur

JIWA SAJATI(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Jiwa Insan Kamil sajati
Tara ngukur diri ku pujian
Tara néangan kamulyaan tina pangajen batur
Salawasna nyumput buni dinu caang milampah
nu pinuh kajembaran ku kahadéan(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Leungeunna salawasna hampang nulungan
haténa jembar lega maparin kanyaah
tara ngitung untung jeung rugi
tara nungguan bales jasa tinu lian(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Estuning saperti cai nu ngamalir ka lebak
mere kahirupan ka nu halabhab
saperti tangkal nu mere buah
sanajan teu kungsi ménta pangbagéa(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Lamun pareng aya nu nalangsa
manéhna ngadeukeutan
lamun aya nu murag
manéhna ngageuingkeun
lamun aya nu poék ku kasusah
manéhna ngajadi caang
nu mawa nuntun jalan(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Kahadéanana tara pisan dipidangkeun
anjeunna uninga yén amal nu suci
lahir tina rasa asih nu jembar
lain tina kahayang pikeun kasohor(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Jiwa Insan Kamil sajati
ngarasa yen hirup téh titipan
sarta kasasama téh midulur
dina rasa kamanusaan
nu pantes dipikaasih
jeung dipikaheman(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Nulung tanpa pisan pamrih
nyaah tanpa pisan milih
deudeuh tanpa pisan wates
éta jalan nu ngadeukeutkeun diri
ka cahaya Illahi ka katengtreman sajati(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Sabab kamulyaan manusa
henteu aya dina sabaraha nu dipiboga
tapi aya dina sabaraha loba mangpaat
nu dipasrahkeun pikeun kahirupan sasama(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Jalma nu pangbeungharna
lain nu loba hartana
tapi nu sanggup ngabagikeun
kanyaahna ka sasama tanpa pamrih
(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Bandung, 21.Juni.2026(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

PUISI Husni Hamisi
Baca Tulisan Lain

PUISI Husni Hamisi

SADEUKEUT BEUHEUNG SORANGAN(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Teu kudu néangan ka puncak gunung
Oge teu kudu ngumbara nepi ka tungtung sagara
sabab Nu Maha Kawasa
geus aya dina deukeut nu pangdeukeutna(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Nalika panon ningali jagat raya
mantenna aya dina cahaya nu ngagenclang
Nalika hate nyorang poékna kahariwang
mantenna aya dina jero rasa nu ngagerentes(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Leuwih deukeut tibatan urat beuheung
leuwih caket tibatan napas nu ngahanju kaluar asup
mantenna nyaksian unggal pikiran
ngadangu unggal harewos nu teu kungsi diucapkeun(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Nalika manusa ngarasa nyorangan
tapi anjeunna sabenerna henteu nyalira
Aya Asih Nu Langgeng
nu salawasna ngaping jeung nungtun(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Dina sora angin nu ngahiliwir
dina deg-degan jantung nu hirup
dina cimata nu murag ku kahariwang
jeung dina seuri nu mekar ku kabagjaan
aya tanda-tanda ayana Mantenna(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Ku kituna, mangka hade ulah jauh-jauh néangan Gusti
mending hade sing teuleum kana jero rasa syukur
sing tiasa miara haté ku rasa kanyaah jeung rasa kahadéan
sabab di dinya ayana bukti pasti jalan papanggih(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

“Wa naḥnu aqrabu ilaihi min ḥablil-warīd”
mantenna lain ngan deukeut
mantenna ngancik dina pangaweruh-Na nu sampurna
ngalingkung hirup ku rahmat nu taya watesna(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Mangka hirup téh lain ngan sa-ukur lalampahan raga
tapi lalampahan jiwa
pikeun ngarasakeun ayana Nu Maha Asih
nu salawasna caket
sanajan mindeng poho ku manusa(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Nu pangdeukeutna ka Gusti
lain nu pangjauhna ngaléngkah
tapi nu pangjerona ngarasakeun
ayana Mantenna dina hate ati sanubari
(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Bandung, 21.Juni.2026(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

NINGAL KU NINGALNA(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Ningal Alloh di dunya
sanés ku bolototna panon ragawi
sabab panon ngan ukur nyawang
nu katingali
sedengkeun Mantenna Maha Luhur
teu kaungkulan ku wangun jeung warna(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Ningal Alloh téh
ku awasna soca batin qolbu
ku hate nu beresih
tina kahayang nu nyasabkeun
ku jiwa nu tenang dina dzikir
jeung tafakur
nepi ka unggal kajadian
jadi eunteung
tina kawijaksanaan-Na(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Dina mekarna kembang
aya tanda kaéndahan-Na
Dina ngagelebugna angin
Dina ngagulidagna guludug
aya tanda kakawasaan-Na
Dina kanyaah indung ka anakna
aya kalangkang rahmat-Na(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Nu ningali ku panon lahir
mindeng eureun dina kulitna
Nu ningali ku soca batin
mampuh ngarasakeun
ayana Mantenna
dina unggal unggut-usik
kahirupan(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Jeung nalika hijrah
ti dunya ka alam kalanggengan
mantenna nu salila hirupna
ngeusi hate ku asih jeung iman
moal ngarasa jauh deui
sabab sagala tabir geus murag(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Lir ombak jeung lautna
teu aya deui rasa papisah
Lir kembang jeung seungitna
teu aya deui wates
antara rasa jeung sumberna(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Sanés ngahiji dina dzat
sabab Gusti salawasna
Maha Tunggal jeung Maha Agung
tapi ngahiji dina rasa deukeut
dina asih nu ngalimpudan jiwa
dina katengtreman nu teu aya tungtungna(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Mangka salila hirup di dunya
bersihkeun hate, jembarkeun kanyaah
jeung huripkeun cahaya qolbu
sangkan soca batin tiasa nyaksian
tanda-tanda ayana Mantenna
di unggal juru kahirupan(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Panon lahir ningali alam
soca batin ngarasakeun
ayana Nu Nyiptakeun alam
(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Bandung, 21.Juni.2026(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

PUISI Lintang Ismaya
Baca Tulisan Lain

PUISI Lintang Ismaya

WUJUD ROHMAN-ROHIM(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Rohman-Nirohim
asih sareng nyaah nu ngalimpudan jagat
Ngagewor ngocor dina kahirupan manusa
ngaliwatan dua jalan nu mulya
Rama jeung Ibu(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Ti rahim indung urang diawurkeun
ti kanyaah bapa urang dipiara
duanana jadi pangheulana jalan hirup
nu nungtun urang ti leuleutik nepi ka déwasa(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Indung nu ngakandung
nu ngandung ku kanyaah
ngarumat ku tuladeun
ngajaga peuting jeung beurang
tanpa ngitung capé jeung nalangsa(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Bapa nu ngayuga
ngupayakeun kahirupan
ngajaga kulawarga
ku tanaga jeung tanggung jawab
mindeng nyumputkeun cape
dina seuri
sangkan anak-anakna
bisa hirup leuwih hadé(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Lamun teu aya indung jeung bapa
atuh teu aya awak nu nyicingan dunya
teu aya sora nu nyebut ngaran urang
teu aya leungeun
nu mimiti ngadeudeuh kahirupan(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Maranéhna téh guru munggaran
nu ngajar ngawuruk nyarita
leumpang, jeung mikanyaah
Maranéhna gé
jadi eunteung pangdeukeutna
pikeun diajar rasa kasabaran
oge pangorbanan, jeung kanyaah(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Ku kituna
hormat ka indung jeung bapa
lain sa-ukur kawajiban
tapi hiji jalan pikeun ngahargaan
rahmat Gusti
nu dititipkeun ngaliwatan maranéhna(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Sabab dina unggal doa indung
aya cahaya pangharepan
Dina unggal usaha bapa
aya kakuatan
pikeun neruskeun kahirupan(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Rohman-Nirohim mecenghul
mecenghul dina kahadean
nu dipasrahkeun ku maranéhna
jadi jalan
pikeun ngarasakeun asih Gusti
dina hirup hurip sapopoé(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Indung jeung bapa téh
panto munggaran
pikeun mikawanoh kanyaah
anu ngahargaan ka maranéhna
diajar ngahargaan
kana kahirupan kahuripan
(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Bandung, 21.Juni.2026(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

Rahayu Jaya Waluya SapapanjangNa…(Source: kosapoin.com/sajak-dody-satya-ekagustdiman-4)

PUISI Nina Minareli
Baca Tulisan Lain

PUISI Nina Minareli

Dody Satya Ekagustdiman

Apakah artikel ini membantu?
IP: 216.73.216.85
Negara: United States (Ohio)
Device: Desktop
OS: Unknown, Browser: Unknown

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *