Cépot:
“Truk… ari Idul Qurban téh sabenerna naon sih maknana?”
Pétruk:
“Nu kuring terang mah… unggal lembur pinuh ku domba, sapi, embé… terus ogé pinuh ku haseup saté!, kitu pisan pan Réng…”
Garéng:
“Tah bener Truk! Sabab bangsa urang mah apan bangsa nu tuturut munding. Lamun keur usum manuk, bring sararéa mareuli manuk. Usum kembang, haneuteun mareuli kembang. Naha ari usum qurban, kalah mareulina tusuk saté!”
Cépot:
“Hahaha… Enya bener pisan jeung pinuh ku status medsos!”
Garéng:
“‘Alhamdulillah tahun ieu qurban deui…’ fotona leuwih gedé tibatan sapina.”
Kabéh:
“Hahahahaha!”
Pétruk:
“Tapi mun dipikir-pikir… qurban téh lain ukur meuncitan sasatoan.”
Garéng:
“Heeh… nu leuwih hésé mah meuncit sifat sato dina diri urang.”
Cépot:
“Contona?”
Garéng:
“Rakus siga bagong…”
Pétruk:
“Ambek siga maung kalaparan…”
Cépot:
“Sirik siga hayam parebut kadaharan…”
Garéng:
“Jeung pamér siga merak keur kawin!”
Kabéh:
“Hahahahaha!”
Pétruk:
“Jadi inti qurban téh lain sabaraha gedé sapi nu dibeuli…”
Garéng:
“…tapi sabaraha loba ego nu bisa dipotong.”
Cépot:
“Sabab mun sapina dipeucit, tapi hawa napsuna tetep wae hirup…”
Pétruk:
“…hartina nu qurban téh embéna…”
Garéng:
“…lain sifat Hewanna atawa Kabinatanganana!”
Kabéh:
“Hahahahaha…!”
Mung Sakitu
Hatur Nuhun…
Cibiru Bandung, 25.Mei.2026









