Iwan M. Ridwan

Iwan M. Ridwan, lahir di Cianjur 10 Oktober 1985. Nulis carpon, sajak, puisi, artikel, naskah drama, naskah film, jrrd. Puisina dina basa Indonesia kungsi dimuat dina rubrik Kaki Langit Majalah Sastra “HORISON” Jakarta (2003) tur Majalah Pelajar dan Mahasiswa “ISMA” anu diterbitkeun ku MAN Cianjur tempat sakolana harita. Karya anu medal dina wangun buku di antarana Antologi Puisi (Indonesia) “ZIARAH KATA” dipedalkeun Majelis Sastra Bandung, 2010, Antologi Naskah Monolog Sunda “KUDA WAJA” dipedalkeun ku Pamas UNPAD jeung UNPAD Pess 2016, Antologi Carita Pondok “LAIN SANDIWARA” Panglawungan 13 taun 2017, Antologi Carita Pondok “KERTAS BODAS” Panglawungan 13 taun 2019, jeung Antologi Sajak Sunda “LALAYARAN LUHUREUN HEULANG” Kentja Press 2019. Antologi Carita Pondok Cinta (2022). Tulisan-tulisanna medal di majalah mingguan basa Sunda MANGLE Koran Sunda GALURA Majalah CUPUMANIK, SUNDA MIDANG jeung Majalah UJUNG GALUH, jeung Pikiran Rakyat.

Daftar Artikel: