Fragmen dialog komedi satiris gaya longser–wayang urban
Tokoh:
Cepot : lugu, nyeleneh, sok filosofis
Dewala : cerewet, kritis, suka membelokkan logika
Narator : opsional
Ekstrak:
Orang 1 : karekternya tenang
Aparat : penjaga lingkungan karakternya sangar
T. Odading : pedagang yang ditanggung matuh
T. Cilok : pedagang keliling
orang-orang lewat
ADEGAN I : Di pinggir jalan dekat Gedung Sate. Ada suara kentongan, spanduk budaya, dan pedagang cilok.
Cepot:
Wal… Wal… Dewaleu… ayeuna loba pisan nu dilarang.
Dewala:
Dilarang naon? Maling?
Cepot:
Henteu… Maling mah kadang rapatna oge malah di hotel.
Dewala:
Heueuh nya… terus naon atuh ieu teh anu dilarang?
Cepot:
Nobar film dokumenter. Kirab budaya. Saeutik deui meureun ngimpi oge kudu izin ka RW.
Dewala:
Film naon?
Cepot:
Film “Pesta Babi”.
Dewala:
Hah?! Eta film dokumenter atawa acara hajatan?
Cepot:
Dokumenter.
Dewala:
Kuring kira ieu teh lomba sate. Mun ngaranna “Pesta Babi”, di Sunda mah nu datang meureun ukur wartawan jeung intel.
Cepot:
Ari nu lucu teh lain filmna… Nu lucu mah sieunna.
Dewala:
Sieun naon?
Cepot:
Sieun jalma mikir. (hening sebentar)
Dewala:
Oh… jadi ayeuna mikir teh kaasup kegiatan ekstrem?
Cepot:
Mun mikirna rame-rame, disebut forum.
Dewala:
Mun forumnya kritis?
Cepot:
Disebut mengganggu ketertiban.
Dewala:
Mun teu kritis?
Cepot:
Disebut seminar kebangsaan…
ADEGAN II : Cepot & Dewala duduk di trotoar. Ada suara marching band latihan kirab.
Dewala:
Tapi naha…kirab budaya oge diributin?
Cepot:
Sabab ayeuna budaya kudu steril.
Dewala:
Steril kumaha?
Cepot:
Budaya meunang tampil… asal teu nanya. Tari meunang… asal teu gaduh tafsir. Musik meunang… asal teu nyentuh kenyataan… kitu tah.
Dewala:
Jadi budaya ayeuna mah siga etalase?
Cepot:
Heueuh… Disimpen dina kaca. Difoto. Diupload … tapi teu meunang hirup.
Dewala:
Padahal budaya teh asalna ti kahirupan rakyat.
Cepot:
Ayeuna mah budaya leuwih aman mun jadi dekorasi…
ADEGAN III: Ada orang lewat yang dicurigai oleh mereka sebagai intel. Mereka diam.
Dewala:
Pot, sabenerna naha loba nu sieun kana dokumenter?
Cepot:
Sabab dokumenter sok mawa kaca.
Dewala:
Kaca Eunteung?
Cepot:
Heueuh… Mun dina fiksi mah jalma bisa ngomong: “Ah eta mah carita.” Tapi mun dina documenter … jalma mimiti nanya: “Tong-tong ieu mah kahirupan urang?”
Dewala:
Ohhh… jadi nu dipikahariwang teh lain filmna nya… tapi pantulanana?
Cepot:
Bener! Sabab teu kabeh nu resep kana kaca eunteung, teu siap nenjo beungeut sorangan.
ADEGAN IV : Ada aparat lewat. Cepot langsung pura-pura jualan odading.
Dewala:
Pot… urang teh aman teu mun ngobrol kieu?
Cepot:
Tenang we… Urang mah pan lain aktivis…
Dewala:
Terus?
Cepot:
Urang mah pelawak… Di nagara nu serius teuing, pelawak kadang jadi profesi paling berbahaya.
Dewala:
Naha?
Cepot:
Sabab guyonan, tapi kadang leuwih jujur tibatan pidato.
Dawala:
Tapi asli eta badami urusan film jeung kirab meni hareeng kieu, padahal we can diondang geus riweuh ti heula. What a chaotic world, kang!
Cepot:
Heueuh, Wal, overthinking nu matak rusak mah. Padahal urang kan sakadar hayang refreshing, nonton bari ngabaheum kulub sampeu, naha kalah dicaram ku anu boga kawajiban. Meuni paranoid pisan paranas ceuli.
Dawala:
That’s way. Urang kudu pinter nyari celah. Mun teu meunang nobar di tempat umum, kumaha mun urang pindah noabar na di pos ronda jeung si Gareng?
Cepot:
Kajeun di pos ronda ge asal tong aya nu datang mawa HT bari molotot. Suku geus ngadegdeg yeuh parat ku kasieun, bisi ujug-ujug di banned oge hirup urang. Aeh apanan si gareng teh tentara wakaf alias hansip? Beu!
Dawala:
Kalem, kang,don’t be so formal ah. Da urang mah lain rek demo, rek saukur ngawangkong bari neangan inspirasi seni, bisi wae aya produser felm ti Hollywood ka sasar ka dieu. Kitu we alesan ka si Gareng mah kang!
Cepot:
Ke … ke … balik deui euy kana pasualan dilarang … ari eusi felm dokumenter eta teh naon kitu, moal pasualan cara beternak babi, kitu?
Dawala:
Har … itu geura … ceunah eunteung?
Cepot:
Ceunah mah … ah nya ceunah we … mending lalajo heula ambeh puguh!
ADEGAN V : Lampu mulai redup. Suara angklung jauh terdengar.
Dewala:
Pot… Mun budaya, film, diskusi, jeung kirab terus dicurigai… urang rek jadi bangsa naon?
Cepot:
Bangsa nu rame ku slogan… tapi sieun ku wangkongan.
Dewala:
Terus naon atuh ari solusi na?
Cepot:
Saderhana.
Dewala:
Naon?
Cepot:
Mun teu satuju kana film… nya diskusikeun atuh… Mun teu resep kana gagasan… bantah ku pikiran… Tong saeutik-saeutik ngabubarkeun… Sabab demokrasi lain gelas kaca nu kudu disimpen dina lomari…
Dewala:
Heueuh nya terus naon eta maksudna?
Cepot:
Demokrasi mah persis siga warung kopi… ibut saeutik biasa… enya pan… asal tong aya nu mawa golok we atuh…
Mereka pada gelak tertawa, tak terasa lampu padam.
Sekian Terima Kasih…
Semoga menghibur…
Bandung, 16.Mei.2026









