May. Sapopoèna makè sapatu flat boots buludru. Pulasna rupa-rupa. Ti mimiti coklat, beureum ati, hawuk tepi ka pulas gondola. Samalah pulas kayas ogè remen dipakè. Pulas hideung mah nya karesepna. Biasana flat boots buludru tèh diadumaniskeun jeung calana skinny jeans. Saruwa warna-warni. Ari bajuna cukup ku kaos oblong polos, boh bodas boh disaruwakeun jeung sapatuna. Lebah beuheungna semu gomlang. Tèmbong pakulitanana semu ngaborèlak, dikangkalungan ku rupa-rupa unak-anik barudak ayeuna. Sakapeung kalung bueuk tina stènles, sakapeung bulan sabit tina batok kalapa anu disirlak. Rap wè makè cardigan, sawarna jeung sapatu lamun teu sawarna jeung skinny jeans anu dipakèna ogè. Padahal ka kampus, lain ka konsèr K-Pop atawa kongkow ka tempat nongkrong. Bisa waè mamantes dirina tèh. Kangaranan mahasiswa seni, papakèan tèh pada-pada boga modèl sorangan. Teu pati rèa diatur ku kampus. Lain hartina dibèbaskeun sadaèkna. Aya ari aturan mah. Kudu rapih, ulah makè sandal, sopan jeung sajabana. Ngan lebah kudu makè naon-naonna teu dijèntrèkeun kawas di kampus umum anu kudu makè itu ieu dina waktu-waktu anu ditangtukeun.
May kiwari nincak semèster opat. Keur meumeujeuhna sumanget ngampusna. Saban mata kuliah teu kungsi katinggaleun. Komo mata kuliah anu diasuh ku Pa Frily mah. Kitu katelahna sanajan anu disebut Pa Frily tèh umurna ngora kènèh tur masih lalagasan. Mata kuliah anu diampuna nyaèta praktèk film. Elmu anu kiwari keur pada mikaresep. Tong boro May anu boga sumanget ngagegedur dina nyuprih paèlmuan film, Si Satam anu kuliahna belang betong ogè sok maksakeun milu kuliah sanajan bari datangna pangpandeurina. Majar tèh hayang jadi aktor. Da èta mah saban aya kelas film tèh teu welèh ngèkting. Atuh batur sakelasna ogè mani guyur da sok pada ngahaminan.
May mah rada cuaeun ka Si Satam tèh, majar sok cunihin ka dirina. Remen ngadeukeutan bari jeung kurang sopan. Bogoh majarkeun tèh ka May. Ceuk Si Satam, May tèh mirip artis korèa. Mirip Kang Ye-Won dina salah sahiji film action Korèa. Utamana mangsa merankeun jadi anggota girlband anu manggungmakè hèlem. Cocog upama papasangan jeung manèhna anu pajarkeun siga Lee Min-Ki pasangan dina èta film. Ngadèngè omongan kitu tèh May ngadadak utah gorobag majarkeun. Bakat ku seueul. Mun mah anu murel balukar ngambeu atawa nènjo nu pikageuleuheun tangtu utah. Ari ieu teu kabayang kudu utah naon ari lain gorobag mah bakating ku murelna.
“Sakalian wè utah kapal selam atuh, May, leuwih badag meureun,” Sarlin sobat dalitna harita nyeuleukeuteuk basa May ngomongkeun hayang utah gorobag tèh.
“Ah kapal selam mah alus atuh, Rin, ieu mah gorobagna ogè anu geus belewuk balas dipakè ngakutan ingon-ingon,” tèmbal May bari ngagak-gak.
“His ulah kitu, apanan gorobag ogè kungsi dipakè ku Rio Dèwanto dina FTV Pulang Rindu Gak Pulang Malu. Anggap wè Si Satam tèh Rio Dèwanto dina èta FTV, manèh jadi Prisia Nasutionna,” Sarlin ngagak-gak deui.
Nyaksian babaturan kawas anu mupuas tèh May ngajungjungkeun halis bari kèom. Panonna ngadilak bari ngibaskeun buukna. Curuk leungeun katuhu nunjuk ka luhur, ari leungeun kènca nulak cangkèng. Curukna anu ngacung tèh ditarik sakaligus ka lebah tak-takna. Pel kana damis katuhuna. Bareng jeung sora dèhèm tina irungna beungeutna ngabalireur kawas anu kasurungkeun ku curuk lengkungna. Geus kitu barakatak duanana saleuseurian. Tuluy silih sangkèh bari laleumpang ngajugjug ka rohangan kelas.
Bus duanana ka rohangan kelas anu geus ramè ku mahasiswa. May jeung Sarlin asup ka jero rohangan ngaliwatan mahasiswa nu geus dariuk dina korsina sèwang-sèwangan. Gèk duanana dariuk dina korsi anu masih kosong jajaran panghareupna. Salila May jeung Sarlin leumpang tèh barudak sèjèn kadèngè tingkecewis ngaromongkeun dirina. Aya anu nyebutkeun artis korèa keur ngaliwat. Aya deui anu nyebutkeun sapatu flat boots-na anyar. Kituna tèh bangun anu semu nghaeureuyan. May ngadilak ka nu tingkecewis. Beungeutna nyanghareup sakeudeung tuluy dipèngkarkeun deui semu anu ngalageday. Ger atuh nu araya saleuseurian.
“Hanjakal euy Lee Min-Ki-na can datang,” ceuleungkeung sora Si Rajib anu keur uplek ngobrol di pojok hareup rohangan kelas. Barakatak sarèrèa surak.
“Naon, hayang dibalèdog ku sapatu?” May ngadadak buringas.
Karèk ogè diuk May saharita nangtung bari mureleng ka nu ngaran Rajib. Tuluy dongko. Leungeunna ngalaan sapatu anu dipakèna. Orokaya nu diancam rèk dibalèdog ku sapatu tèh nyumput di tukangeun baturna. May ongkang-ongkangan rèk salung-lungeun malèdog. Si Rajib lumpat. Belewer sapatu flat boots ngalayang neunggar kana whiteboard. Pluk murak dina mèja anu pernahna gigireun whiteboard. Korsina nyanghareup ka rohang kelas tempat mahasiswa dariuk. Si Rajib tibuburanjat muru lawang panto rèk ninggalkeun rohang kelas. Ger deui nu araya di kelas surak. Tapi ramèna tèh eureun saharita sabab sarèrèa ngarèrèt ka lebah Si Rajib anu mèh-mèhan nabrak jalma nu kakara anjong kana lawang panto. Sarèrèa ngeluk tungkul bari nahan piseurieun. Si Rajib alangah-èlèngèh bari dèdèpèan.
“Tuh Pa, May, Pa,” pokna ti rengkuh-rengkuh. Kolèsèd manèhna muru korsi tempat diukna.
May anu rèk sajungjungeun nyokot sapatuna ngadadak beureum beungeut sabab kaperego ku Frily anu geus asup ka kelas seja muru ka tempat diukna. May ngatur napasna. Beuheungna tèmbong kawas anu neureuy ciduh garing.
Nyaksian jero kelas kawas kitu Frily gogodeg. Komo basa nyaksian sapatu flat boots May ngajojopong dina luhur mèjana. Sarèrèa ngabetem. Biwirna kawas anu sieuneun bedah ku piseurieun. Komo Sarlin mah tayohna diukna gèdèngeun pisan May. Sakapeung bubuk seurina tèh mawur teu kabendung dina jero bahamna.
May ngeluk tungkul teu wanieun nèmbongkeun beungeutna anu beuki euceuy. Tuluy jèjèngkèan nyampeurkeun mèja Firly. Beungeutna beuki beureum. Bari leumpang anu semu jèngkè tèh manèhna ngeluk tungkul balas ku èra.
“Hapunten, Pa,” pokna halon nakeranan. Leungeun katuhuna ngarawèl sapatu anu aya dina mèja. Dampal leungeun kèncana ngelapan mèja urut sapatu.
“Tos!” Firly mèrè isarat sangkan May diuk.
Dikitukeun teh May ngolèsèd. Gèk diuk dina tempat diukna. Firly ogè harita tèmbong diuk dina korsina. Cag tas jingjingna diteundeun dina mèja. Eusina dikaluarkeun. Laptop jeung sajabana pakakas kuliah. Bari nataharkeun bahan ajar tèh pok manèhna nanya.
“Kunaon sapatuna, May?” Firly taya riuk-riuk ambek.
Satutas Firly muka omongan, sarerèa kawas anu geus boga ijin maruka bahamna. Kelas jadi haneuteun deui.
“Sapatu ènggal saurna tèh, Pa,” Sarlin anu nèmbalan. Kituna tèh bari ditungtungan ku nyeuleukeuteuk.
“Oh. Sok atuh dianggo wè sapatu mah, sanaos ènggal ogè tetep dianggona mah dina sampèan,” Firly kawas anu enya percayaeun kana omongan Sarlin yèn sapatu May tèh anyar.
Rey beungeut May beuki beureum dikitukeun tèh. Awakna masih dongko sabab leungeunna ngodongkang memener sapatuna anu dipakè deui. Teu kungsi lila diukna ajeg bari ngatur napasna.
“Parantos, Pa,” pokna bari unggek. Tuluy ngaragamang kana tasna. Ngaluarkeun binder jeung alat tulisna.
Keur anteng pada-pada naharkeun kaperluan kuliah, ceuleungkeung hiji sora tina lawang panto.
“Pa, tiasa lebet?”
Brèh katènjo ku sarèrèa Si Satam sura-seuri kawas anu anyar nampa duit.
“Ti mana atuh, kasèp?” Firly gogodeg deui waè.
“Abdi. Eu… Punten, Pa, abdi kasiangan,” tèmbal Satam bari sura-seuri.
Ger sarèrèa seuri iwal ti May anu ti tatadi teu boga piseurieun. Sabab keur dirina mah anu keur karandapan tèh taya lucu-lucuna.
“Mangga calik. Pantona ditutup!” omong Firly.
Satutas dititah diuk ku Firly, Si Satam nyampeurkeun korsi anu kosong. Tuluy duik. Teu ngadagoan lila deui Firly ngamimitian kuliahna. Medar salah sahiji teori ngeunaan nyieun naskah film.
Salila dipedar ngeunaan bag-bagan nyieun naskah, sarèrèa merhatikeun kalawan daria. Teu saeutik mahasiswa anu ngacungkeun leungeun di tengah-tengah pedaran matèri ajar. Ngajukeun patalèkan ngeunaan itu ieu samalah sakur anu aya patalina kana nyieun film ti mimiti naskah, story board, produksi tepi ka editing.
Firly mah di kelas tèh tara ieuh diuk dina korsina, komo deui upama rèa mahasiswa anu tatanya. Saban anu nanya sok disampeurkeun. Dibandungan patalèkanana. Upama rèk ngajawab Firly sok ngabagi teuteup heula ka nu araya. Upama èta patalèkan tèh sifatna umum tur dierong perelu dikanyahokeun ku sarèrèa, manèhna teu welèh ngajelaskeun di hareupeun kelas. Ku kituna tilu SKS di kelas tèh tara ieu karasa bosen. Komo lamun diwewegan ku lalajo mah. Bet asa kurang kènèh waktuna ceuk barudakna mah.
Dina kaayaan guntreng kawas kitu tèh May remen maling-maling teuteup ka nu keur pertèngtang medar jawaban tina saban patalèkan. Lamun pareng nu diteuteupna nyanghareup ka dirina, May saharita tungkul atawa mindahkeun rèrètna kana layar proyèktor. Kawas harita May sakapeung ngarèrètan Firly mangsa ngajawab patalèkan ngeunaan ngawangun konflik dina naskah film.
“Bogoh nya ka Pa Firly?” Sarlin ngaharèwos nompo pisan kana ceuli May. Henteu wè ari kadèngèeun ku Firly mah.
Ana geduk tèh sapatu flat boots anu dipakè ku May ngaheumbat kana bincurang Sarlin. Orokaya Sarlin semu ngagorowok nahan kanyeri. Panon sakur nu aya di èta rohangan dumadak nyorot ka lebah datangna sora. Rey beungeut Sarlin anu kiwari ngadadak beureum nahan kaèra. May tèmbong nungkup baham. Meureun salila di kelas kakara èta anu ceuk manèhna lucu tèh. Palangsiang males kakeuheul ka Sarlin ogè.
Nènjo talajak kitu tèh Firly kerung. Tuluy nyampeurkeun nu duaan. Rèt ka Sarlin, rèt ka May. Rèt deui ka handap kawas anu panasaran kana suku Sarlin anu diusapan. Teu kungsi lila Firly muru mèjana. Samèmèh diuk manèhna nyanghareup ka mahasiswa, pok nanya deui.
“Teu aya deui anu naros?”
Jempling. Mahasiswa silih rèrèt.
“Cekap meureun nya. Minggu payun urang praktèk nulis skenario. Emutan ti ayeuna bahan caritana. Carita tiasa dicandak tina pangalaman, tina bacaan, ogè tina imajinasi. Sakitu anu kapihatur. Wilujeng siang,” Firly mungkas pedaranana.
Tuluy mèmèrès laptopna anu nyambung kana komputer proyektor. Mahasiswana langsung buriak ka laluar kelas. Geus kailaharan Si Satam samèmèh kaluar tèh sok nyampeurkeun heula May anu harita jeung Sarlin masih mèmèrès kalengkepan kuliahna. Satutas dijebian, Si Satam geuwat muru ka lawang panto bari sura-seuri, tuluy uluk salam ka nu araya kènèh. Maksudna mah ka Firly jeung May katut Sarlin.
May anu leuwih tiheula anggeus bèbèrèsna, nyampeurkeun Firly anu masih uyak-uyek dina laptopna. Sanggeus aya di hareupeun Firly, May kakara kedal.
“Pa,” pokna kawas anu asa-asa.
“Kumaha May?” tèmbal Firly, kituna tèh bari teu kungsi nolih ka nu nangtung hareupeunana. Leungeunna gasik ngasupkeun laptop jeung kalengkepan sèjènna.
“Hapunten, Pa,” cenah siga anu sieun.
“Santèy, May,” omong Firly deui. “Bapa tipayun nya,” pokna deui satutas nyèlètingkeun tasna. “Tos nya. Siapkeun carita kanggo minggu payun,” cenah bari ngajugjug ka lawang panto tuluy ninggalkeun rohangan.
May ngarahuh. Awakna kawas anu langlayeuseun. Ngeluk tungkul neuteup sapatu flat boots-na.
“Si Cuwek!” pokna. Biwir luhurna dijedingkeun.
“Kadè ah bertepuk sebelah tangan,” omong Sarlin anu geus nangtung di gigireunana.
May ngadèngdèkeun sirahna ka katuhu kawas anu keur mikir. Curuk katuhuna diteueul-teueul kana palipisanana. Halis kèncana ngajungjung. Panonna semu tèlèng ka luhur. Tuluy ngadilak bari ngibaskeun buukna. Curuk leungeun katuhu anu asalna dina palipisan nunjuk ka luhur, ari leungeun kènca nulak cangkèng. Curukna anu ngacung tèh ditarik sakaligus ka lebah tak-takna. Pel kana damis kèncana. Bareng jeung sora dèhèm tina irungna, beungeutna ngabalireur kawas anu kasurungkeun ku curuk lengkungna. Geus kitu barakatak duanana saleuseurian. Tuluy ka laluar ti rohangan kelas. [Panglawungan 13, Agustus 2017]





