TAFSIR

tafsir

“Ujang mah wios teu janten kuliah di dieu gé, pak dosen!”
“Kunaon?”
“Lebar atuh da salami ieu abah sareng ema tos masantrenkeun ujang ti alit keneh. Ke teh ujang katularan baong, abah jeung ema kabawa ku ujang asup naraka. Iiiigh … amit-amit!”
“Asup naraka kumaha ari sujang?”
“Nya, nembe ge na seminar pengenalan kampus eta dosen ti luar negeri, nu diagul-agul ku bapak, kadon ngabahas tentang itil geuningan. Ah, ka luar we ujang mah; api-api pingsan. Digotong kupanitia teh ka posko kesehatan keun!”
“Ituh geura? Ke, ari sujang teh nyokot jurusan naon kitu?”
“IT pak!”
“Tah geuning apanan eta pisan cita-cita sujang jadi ahli IT!”
“Sumuhun, tapi sanes hoyong janten ahli itil cita-cita ujang mah, hoyong janten ahli IT!”
“Enya. Ngarti palebah eta mah. Yeuh sujang apan itil teh singkatan!”
“Singkatan kumaha ari bapak?”
“Information Technology Infrastructure Library”

[2018]

Titik di Ujung Kalimat
Baca Tulisan Lain

Titik di Ujung Kalimat


Apakah artikel ini membantu?

Tulisan Lain dari Penulis :

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *