LABIRIN

Labirin

Geus sakuduna kuring cumarita, tapi teuing kudu ti mana mimitina? Nya kitu tea geuningan, sakapeung mah sok hémeng ku laku diri sorangan mun seug keur ngabandungan réngkah paripolahna penghuni nu aya di jero pager. Enya najan éta lain mutlak padumukan kuring, tapi da ari katiderasa mah teu ngabibisani apanan? Da lamun seug teu inget kanu jadi bapak nu geus aya di alam pawenangan mah moal teuing dihaminan.

Bapak téh sobat dalitna mang Birin. Cindekna mah mun seug lain dalitna mah moal teuing dihaminan. Nya awalna mah kieu; satutas indung jeung bapak geus pindah ka alam kalanggengan, kuring téh lir ibarat anak hayam nu ciak-ciakan, kaleungiteun indungna nu di samber heulang. Atuh naon hubunganna jeung mang Birin? Manehna geus heubeul teu panggih, cindekna mah atah anjang, alias geus pareumeun obor. Aya kana 17 taun na mah, ti saprak manehna ngumbara.

Ngan ceuk Uwa Bandi mah manehna mindeng balik ka lembur. Atuh kuring sorangan geus teu di lembur, teu lila ti saprak anu jadi kolot dikurebkeun. Lain teu betah di lembur, apanan geus kitu takdirna wé kudu ngalalana, ngilu ka tatangga, nuluykeun lalakon sésa hirup. Nya awalna gé panggih di kota jeung mang Birin têh, sabot harita muka usaha leuelutikan. Nu penting mah mandiri wé, teu ngariweuhkeun deui batur. Mang Birin nu geus jadi jalma jegud, teu pohoeun ka roman kuring, najan aya perubahan karakter saeutik-eutikeun mah.

Atuh mang Birin katempona mah awet ngora. Wajar dina kitu na mah, apanan mun seug ninggang kana paribasa mah, loba dunya baranahan bakal mangaruhan kana waruga nu ka urus, boh tina kadaharan kitu deui raksukan jeung jaminan kaséhatan. Aéh, naha ieu téh jadi panjang lébar kieu cumarita teh, nya rék iraha nepina atuh kana dongeng katiderasana? Ah, baé kétang apanan ieu mah ngadongeng sorangan kana buku diary. Asa pabaliut kieu lalakon hirup têh najan salancar, kawas birokrasi wae. Nya ketang bener mun seug ngabandungan jaman kiwari téh lain beuki ringkes birokrasi téh ,tapi kudu ngaliwatan sa babaraha méja ambeh bisa tuntas na sagala perkara nu keur diusahakeun.

Bener, kawas kuring baé nu keur nulis ieu carita nepikeun ka malapah gedang sagala. Ah, baé kétang nya saha atuh nu rék macana gé ari lain kuring deui sorangan mah? Sanés kitu? Heueuh cindekna mah mang Birin, katempona mah meuni atoh pisan panggih jeung kuring têh. Satutas mindeng silih anjangan, manehna ngaku anak. Keur kuring mah atuh puguh wé atoh naker, lir ibarat meunang deui pangaping hirup, katurug ka tutuh aya jalan komo meuntas pikeun ngamajukeun usaha.

Nu jadi katiderasana mah lain langsung ti mang Birin, tapi nu jadi dulurna. Dituturkeun kumaha? Teu dituturkeun komo. Nyadar kuring gé ari kapalebah dinyana mah, yen hirup téh teu bisa leupas tina sapapait-samamanis; silih asaan dina hal-hal nu satuhu jeung agama-darigama, kabendung kupatokan ageman sewang-sewangna, nu ngandung harti kudu salawasna silih asah, silih asih jeung silih asuh. Sarengkah-saparipolah. Sareundeuk-saigel. Saruntut-sauyunan.

Apanan, nya kitu téa geuningan ari paribasa mah teu pernah salah; jalma mah sok beunang ku owah gingsir. Sakali dua kali asup ka dapur teu jadi pasualan, tapi ari mindeng asup mah geus lain-laina deui. Apanan ari visi jeung misi mah bisa sarua, tapi prinsip mah teu bisa diakurkeun, kulantaran sewang-sewangna jalma boga seléra jeung pilihanna sorangan. Ibaratna mah kieu atuh, visi jeung misinamah sarua arek ngajieun gelas, atuh ari dina prinsip urang mah nu disebut gelas teh empuk, lain cangkir, sok sanajan duanana oge aya cangklékan, tur sarua hiji benda pikeun alat nginum.

Sakuduna mah mun bener ninggang kana ngarti lain kudu sapuk, tapi kudu ninggang kana surti. Apanan ari surti mah kaweungku ku adab. Ngeunah pisan apanan lamun pada-pada surti mah, lain ieu mah loba nu jadi buntu dina sagala program, najan enya ari jalan mah jalan, tapi teu satugenah ieu rasa jeung pamadegan. Nu antukna mah jadi asa palayan husus keur manéhna. Katurug katutuh, sabenerna mah kuring eweuh pisan kawajiban pikieun ngurus kahirupan manehanna ti mimiti nyumponan fasilitas nu dipikahayangna. Éta gé pédah katalian kubaraya, tapi baraya saha? Lain harti kuring kacang nu poho kana kulitna. Lain pisan. Ampun paralun.

Numatak kudu dipaké agama jeung darigama téh di dieu pisan lain saukur bisa mapatahan hungkul, tapi kudu bisa jadi réngkah paripolah urang na kahirupan sapopoé. Aéh, geuning teu karasa nyérélékna wanci téh, geus adan subuh deui waé, padahal mah asa cik keneh janari leutik téh. Bismillah, ngawitan jisim abdi nyalindung ka Anjeun; mangga, nyanggakeun sadaya-daya, teu daya teu upaya!

**

Waktu nu nyerelek lir ibarat hordeng nu dibuka tutup. Angin nu ngarumat mangrupa-rupa rusiah ti mangsa ka mangsa, teu kasawang ti anggalna, kuring loba diteangan jalma. Jul-jol daratang ka imah tur ngotektak ka saban juru waktu jeung rohang-rohang nu kasungsi. Ras jadi inget kana wangkongan baheula, bener pisan ceuk nu jadi dulur, yen mang Birin teh jalma nu bahaya. Nya, mangsa harita mah, atuh da teu kajudi tianggalna. Sing horeng nu jul-jol datang ka imah têh nu ngarasa karugian. Nya karugian naon atuh, naha make menta ganti rugina ka kuring? Cindekna mah wanci têh mutlak milik Pangeran, sing horeng mana horeng, eta kajadian kabeh têh, setingan mang Birin, bisa nyaho kieu têh luyu tina hasil panalungtikan. Nya ieu tea mereun, yen hikmah mah sok datangna pandeuri.

Basa mangsa harita mah kuring teu percaya saeutik oge kanu jadi dulur têh. Nya nyaho naon atuh manehna tina widang usaha mah? Apanan maneh na mah kurung batokeun. Nepikeun aya salah sahiji dulur kuring nu lianna rek ngabunuh manehna, tapi teu jadi alatan kaburu dikucilkeun rampak, musababna mah geus ngaliarkeun taleus ateul; mitnah ka jalma nu geus bageur kacida tur dibarung ku rasa kaasih keur diri kuring jeung kulawarga. Kiwari, kuring ge apal dumukna dulur nu ngelingan teh persisna di mana.

Ringkes caritana mah kieu: Harita kuring diteangan ku sababaraha jalma nu mawa badega katut warga. Menta balitungan ganti rugi, alatan proyek teu kaluar. Maranehanana nuntut ka kuring kumangrewu alesan; anapon sababaraha alesanna mah geus manjêr pagawe, geus dilelangkeun deui, geus meuli bahan jeung rea-rea deui alesan nuliana. Harita, mang Birin nu nyalametkeun tina karakusan maranehanana, nepikeun wani ngagalang ganti rugi sagala. Atuh puguh wê beuki teu percaya, wanci harita mah yen mang Birin têh jalma nu bahaya, tapi waktu mere lolongkrang keur ngabuktikeun, yen omongan tinu jadi dulur dina mangsa harita têh bener pisan ayana.

Rumasa, yen kuring nu geus kasamaran tenjo, teu asak ngejo. Nepika kiwari rusiah ieu jadi sidem pribadi kuring. Nya, masing saha waê jalmana pasti moal percaya kana ketakna mang Birin samodel kitu têh. Naha? Apanan geus nulungan kuring bebeakan, sok sanajan balitunganna kuproyek, nu antukna mah kuring teu kabagean proyek hiji-hiji acan, ngan saukur ilaharna komisi ti sabaraha proyek nu geus dipindah tangankeun deui ka mang Birin, pikeun ngagantian tandon manehna anu geus bebeakan pisan ngabela kaayaan kuring harita.

Wanci nu ngebrêhkeun saujratna lalampahan manusa, teu bisa ngabibisani, teu bisa nyumput tina sapuratina. Beu, teu kabayang kumaha mun seug dulur-dulur lianna jaradi korban, leuwih-leuwih ti batan kuring sorangan. Alesanna mah sederhana geus dicutat pikeun prosedur minuhan kuota, najan fiktif gê.

Enya, lalakon naon deui anu bakal tumiba tur karandapan ku awak sorangan kahareupna? Moal Kitu hiji waktu mah bakal loba deui nu ngabring, ngadatangan dulur kuring nu kungsi ngêlingan, bari mawa daftar ngaran-ngaran dulur kuring nu geus ditandonkeun alias tulis tonggong? Padahal mah dulur-dukur kuring nu lianna têh laloba hutangna, iwal tinu teu boga hutang têh, nya dulur kuring nu kungsi ngelingan? Beu? Hampura diri abdi Gusti, abdi tos dolim ka diri tur ka sakabeh baraya kuring, hususna. []

FOKUS
Baca Tulisan Lain

FOKUS


Apakah artikel ini membantu?

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *