Si Itok téh kasebutna budak kénéh, umurna kakara dua belas taun. Basa sapoé deui rék lebaran, si Itok dibéré amplop THR ku tatanggana, anu sok dipangaritkeun jukut ku manéhna keur marab dombana. Si Itok atoh kacida narima éta amplop. Barang dibuka di tempat nu suni, horéng eusina duit saratus rébu anyar. Keur si Itok, duit sakitu téh ceuk rarasaanana mah gedé kacida, lir ibarat meunang gunung rejeki nu ragrag tina langit.
Bari ngalamun, si Itok ngabayangkeun éta duit téh rék dibalanjakeun pakéan keur indung, bapa, jeung adina nu awéwé. Manéhna hayang méré “kejutan” ku cara meuli kurudung keur indung, kopéah keur bapa, jeung erok keur adina. Ari keur manéhna mah kumaha engké wé, mun aya sésana kakara rék dibeulikeun calana. Kitu ceuk lamunan si Itok nu pinuh ku rasa tanggung jawab ka kulawarga sanajan umurna masih kénéh bau jéngkol.
Perjalanan lima kilométer nurugtug ti lembur singkur di sisi gunung muru ka jalan raya disorang ku si Itok. Manéhna teu bébéja ka kolotna da rék méré kejutan téa. Manéhna rék néang toko, sugan aya barang anu dimaksud ku haténa. Sapanjang jalan, léngkah si Itok karasa hampang pisan, dibarengan ku haté nu bungangang ngabayangkeun imut kulawargana.
Pondok carita, enya wé di sisi jalan raya téh aya pasar tumpah. Nu daragang jeung nu rék baralanja pinuh pasedek-sedek, bubuhan isukan pisan rék lebaran. Si Itok ngarasa gagah ngilu pasedek-sedek bari ningalian barang beulieun téa. Manéhna leumpang bari ajeg, asa jadi jalma nu paling loba duit di éta pasar.
Nanging, bari rurat-rérét, si Itok ngagebeg unggal ningali harga barang nu tétéla teu sarua jeung kamampuhan duitna. Aya éta ogé harga kurudung jeung kopéah anu harga obralanana tilu puluh atawa opat puluh rébu. Tapi, harga erok budak mah euweuh anu leuwih murah, rata-rata hargana lima puluh rébu ka luhur. Acan deuih calana keur manéhna. Wah, akhirna si Itok jadi bingung tur ngarasa dunya téh bet jadi heureut saharita kénéh.
Ceuk pikiranna, ah nya geus wé meuli keur tiluan wé, manéhna sorangan mah teu jadi meuli calana ogé teu nanaon. Bari mapay-mapay sapanjang pasar tumpah, si Itok bus asup ka toko pakéan “Serba 35”. Duh, nyaan saliwat ogé barang nu dimaksud téh katingali araya dina gantungan. Nanging, angger wé manéhna bingung, sabab kudu aya duit saratus lima rébu keur meuli tilu barang, sedengkeun duitna ngan ukur aya saratus rébu.
Si Itok ngahuleng. Ceuk pikiranna, kudu aya nu dikorbankeun, ulah dibéré saurang. Bari nimbang-nimbang, nu pastina keur indung mah prioritasta. Kurudung kudu kabeuli sabab kurudung indungna geus barelél, geus teu boga deui anu weuteuh pakéeun lebaran. Indungna pantes meunang nu anyar sageus sataun campleng ngurus saung bumen.
Laju, si bapa kitu ulah waka dipangmeulikeun kopéah? Ras deui kabayang ku si Itok, bapana ogé saruana. Kopéah bapana téh geus bélél jeung katingalina geus ngaplék. Lamunan jadi manjang inget ka si bapa anu saumur-umur ngabélaan ti suksuk ti dungdung barang gawé taya kacapé demi kulawarga. “Maénya bapa teu bakal bungah boga kopéah anyar paméré ti uing!” kitu ceuk pamikirna bari haténa beuki peuray.
“Ah ulah ah, adi aing wé kitu nu ulah waka dipangmeulikeun erok téh?” Gerentesna deui dina jero dada. Ngan kacipta dina bayangan si Itok, adina kacida bakal kuciwana. Inget ka adina nu kapaksa teu nuluykeun sakola, kelas opat SD geus eureun. Sarua jeung dirina anu teu bisa nuluykeun sakola, saleuheung manéhna mah nepi ka kelas lima SD, da taya biayana. Éta pikiran téh lir ibarat cucuk nu nanceb dina mamaras haténa.
Sakulawarga ukur bisa hirup ngandelkeun jadi pangébón, purah jadi panyawah di sawah batur. Si Itok sorangan buburuh ngarit atawa ngala suluh, naon wé kumaha nu nitah. Sok ngahelas manéhna ningali adina nu dipikanyaah awakna begung kurang gizi, bubuhan dahar saaya-aya. Jeung deuih, euweuh hiji ogé pakéan adina anu mantes dipaké ulin. Ari uing mah paduli lalaki ieuh, boga kénéh baju jeung calana paméré tatangga taun kamari. Éta ogé jarang dipaké ari lain Jumaahan mah.
Duit saratus rébu dina saku meusmeus diragap, tapi da angger teu bisa méré solusi. Dina haté karasa aya nu mentegeg, rusras inget ka indung, bapa, jeung ka adina. Manéhna ngarasa gagal jadi anak nu hayang méré kabagjaan, sanajan mimitina mah asa geus boga dunya.
Bari cingogo di téras toko “Serba 35”, dina kongkolak mata si Itok katingali aya nu baseuh. Sawareh ngalémbéréh maseuhan pipina nu geus rada kotor ku kekebul pasar. Panonpoé maju ka soré, layung hibarna ukur saulas katutup mega anu alum, lir ibarat milu nambahan kasedih dina haténa.
Si Itok kebat mulang deui ka lembur mawa haté nu sarua alumna. Di mumunggang pasir anu rék brasna ka padumukan di sisi gunung, si Itok reureuh heula bari nyusutan cimata ku tungtung bajuna anu geus leungit warnana. Disusutan téh sieun katingalieun urut ceurik ku kulawargana. Manéhna nangtung, neuteup saung bumenna ti kajauhan bari ngeupeul duit saratus rébu anu tétéla beurat kacida pikeun dibalanjakeun. []





