Baju Lebaran di Mumunggang Pasir

itok

Si Itok can waka asup ka jero saung bumen. Manéhna kalah kabat heula ka pancuran nu aya di gigireun saungna. Gebrus si Itok mandi meresihan awakna, tuluy dituluykeun ku nyokot cai wudlu. Harita, awak jeung rarasaanana karasa asa harampang pisan. Cai nu ngocor tina pancuran téh lir ibarat lain ukur ngabasuh awak, tapi ogé palidna sakabéh pikiran nu ti tadi pinuh ku kahariwang.

Cong, si Itok shalat ashar di tengah saung nu tumaninah. Satutas bérés, manéhna neruskeun ku wirid: “Allahumaghfirli waliwalidaya warhamhuma kama robbayani shaghiro. Ya Fatahu ya Rozaku ya Rohman ya Rohim.” Si Itok teu kendat muntang ka Gusti Allah SWT supaya manéhna bisa ngabagjakeun indung, bapa, katut adina dina poéan lebaran isuk. Dina jero sujudna, aya kasedih nu nyaliara, tapi aya ogé kakuatan anu ngagedur yén rejeki mah geus aya nu ngatur.

Lalaunan, leungeun manéhna ngarampa duit saratus rébu dina saku bajuna. Duit téh masih kénéh utuh. Dalah dikumaha, geuning da duit sakitu téh teu mahi keur meuli baju sapuratina. Sabada mikir sakedapan, si Itok nyokot kaputusan. “Ah, rék dibikeun wé ka indung, keun wé kumaha indung rék dibeulikeun naon mah,” gerentesna dina jero haté. Manéhna sadar, yén kabagjaan téh lain ngeunaan naon nu dipaké ku awak, tapi ngeunaan naon nu bisa dibikeun ka jalma nu dipikaasih.

Méméh si Itok beberes urut shalat, kadéngé aya sora motor jeung klakson di palataran handap, minangka tepas, da puguh saung bumenna téh tempatna rada luhur. Si Itok teu pati maliré, da pastina sora klakson motor téh manggil si bapa supaya turun manggihan. Duka saha, éta mah urusan si bapa. Sanajan kitu, sora éta téh sempet nyelap dina pikiranna, siga mawa tanda bakal aya nu robah dina poé harita. Sora knalpot motorna beuki lila beuki ngajauh, ninggalkeun sora jangkrik nu mimiti récét mapag burit.

Si Itok nguliwed ka dapur manggihan indungna nu keur mirun seuneu di hawu. Tuluy, duit anu saratus téa langsung dikeupeulkeun ka indungna. Manéhna rada maksa, da indungna kekepehan: “Kop wé keur Itok, da éta mah méré téh keur Itok!” ceuk indungna. Itok maksa bari ngadongéngkeun lalampahanna tadi di pasar nu teu jadi méré “kejutan”, da geuning duitna teu mahi keur meuli baju nu dipihayang.

Carita éta dibarengan ku seuri leutik nu nyumputkeun rasa hanjakal dina jero haténa. Indung jeung anak seuri nikmat ngadéngé dongéng éta. Saéstuna, seuri éta téh leuwih ti sakadar nyeungseurikeun kaayaan kahirupan nu alahbatan sakitu ayana, tapi jadi cara pikeun narima kanyataan nu teu salawasna luyu jeung kahayang. Dina sela-sela haseup hawu nu ngebul, aya kadeudeuh anu natrat dina teuteupan indungna.

Sagentengeun seuri, dina haté indungna sabenerna pagaliwota antara kabungah jeung kasedih. Bungah ningali anakna, si Itok, boga haté nu hadé. Sedihna lantaran karek kumaha ogé, si Itok téh masih kénéh budak, can waktuna kudu méré maweh ka kolot. Aya karumasa dina haté indung nu can bisa nyenangkeun budak. Antukna, reureuh seuri, indung si Itok ceurik ngabangingik. Si Itok langsung dirangkul sarta dicium embun-embunanana ku indungna.

“Katarimakeun kasep, bageur pisan kanyaah hidep ka Ema, ka si bapa, jeung ka adi hidep,” ceuk indungna bari nyurucud cimata. Cimata éta téh kasambut ku pidu’a anu tulus keur si Itok. Karasana ku si Itok lir ibarat tina poék manggih caang, dunya pinuh ku seungit kembang. Leungit kasedih, leungit kasusah, asa aya dina alam dipawenangan. Dina rangkulan éta, si Itok mimiti ngarti yén kanyaah téh leuwih mahal hargana tibatan sagala rupa barang.

Mimitina mah si Itok nyangka yén nu bakal nyenangkeun kolot téh mun boga pakéan anyar. Sok sanajan enya éta téh pangabutuh, tapi da geuning teu kitu-kitu teuing. Kabagjaan kolot mah tétéla aya dina bakti jeung bageurna nu jadi anak. Pangajaran hirup harita nyerep kana tulang sandi si Itok, ngajadikeun manéhna leuwih déwasa sanajan umurna masih kénéh ngora.

Teu lila ti harita, kadéngé sora panto muka. Sora adina ngagentraan bari siga nu hariweuweus: “Ema… Aa…!” Disusul ku sora si bapa, “Kadieu, kumpul kabéh!” Suasana nu tadi hening, dumadakan robah jadi pinuh ku rasa panasaran. Léngkah si Itok, indungna, jeung adina muru ka tengah saung kalayan haté nu ratug.

Na amparan samak sahelai di tengah saung, geus nyampak bungkus keresek lumayan galedé. Indungna, si Itok, jeung adina ngan ukur bisa mata simeuteun. Maranéhna teu wani tatanya, komo muka mah, da can aya instruksi ti si bapa. “Ieu aya rejeki ti si bapa jeung Bu Kadés cenah masihan!” ceuk bapana. Adi si Itok bungah bari melong ka bapana, nunggu instruksi. Bapana nyerengéh surti, “Buka!” cenah.

Maklum awéwé, biasana pahibut téh muka nu katingalina siga kadaharan. Énya wé, eusina téh sabangsaning sembako katut kuéh kaléng lebaran, jeung kuéh-kuéh nu dibungkusna warna-warni. Katambah inuman botol, aya orson jeung nu lain-lain. Nyaan, adina si Itok nepi ka ajrag-ajragan bakat ku bungah. Sora bungahna meulah simpé, ngahudangkeun sumanget anyar di jero saung bumen kulawarga si Itok.

Dua bungkus deui tuluy dibuka. Barang bréh, eusina téh pakéan. Aya sarung, baju koko, batik, kopéah, jeung sajadah keur si abah. Kopéahna mirip siga nu diincar ku si Itok di toko “serba 35”, tapi asa leuwih alus ieu mah. Si Itok ngagerentes dina haténa yén tétéla “kejutan” téh datangna ti jalan nu teu disangka-sangka. Énya wé, kurudung keur indungna ogé teu béda jauh jeung anu di serba 35 tea, tapi leuwih alus. Teu kagok, aya dua stél jeung baju muslimahna, tambah sajadah jeung mukéna.

Nu sabungkus deui eusina bisa katebak, nyaéta baju anak muslimah keur adina si Itok. Dua stél lengkep jeung hijabna. Teu sarua ieu mah jeung nu di serba 35, da ditaksir hargana ogé pasti leuwih ti saratus rébu. “Ya Allah, Alhamdulillah. Nuhun Pa Kadés, Bu Kadés!” ceuk adina bari sujud syukur. Cahaya kabungah moncor tina parayna beungeut adina, matak adem nu nempo.

Nu pangakhirna dibuka, bungkusanana rada béda. Barang bray dibuka, horéng eusina téh dua stél lengkep baju jeung calana, katambah kopéah jeung sajadah. Éta pakéan téh persis siga nu diimpleng ku si Itok dina bayanganana salila ieu. Geus lila manéhna hayang nu kieu, kakara ayeuna dikabulkeun. Leungeun si Itok ngeleper nampa éta pakéan, asa percaya asa henteu.

Terakhir, aya bungkusan rada leutik, mangrupa amplop warna coklat aya tulisan Bank. Ku si bapa, tungtung amplop digunting ati-ati. Bréh, eusina duit lima rébuan, sapuluh rébuan, dua puluh rébuan, jeung lima puluh rébuan. Totalna aya lima ratus rébu, katambah duit beureum opat lambar. Duitna alanyar sarta hareuras kénéh, anyar kaluar ti bank pisan. Seungit duit anyar minuhan rohangan, méré harepan pikeun kaperluan lebaran jeung poé isuk.

Siga nu kompak, indung, bapa, jeung dua anakna sarujud syukur! Teu aya kecap nu cukup pikeun ngagambarkeun kabungah harita, ngan ukur cimata syukur nu jadi bukti. Sanggeus diberesan jeung ditempatkeun ka tempat nu merenah, tengah saung jadi béda hawana. Aya “pamandangan” anu luar biasa nu méré katenangan ka sakujur pangeusi saung bumen.

Teu lila, ngong adan magrib. Puasa sabulan campleng parantos lekasan. Ta’jil terakhir disambung ku shalat magrib berjamaah nu diimaman ku bapana. Sanggeus ba’da shalat, maranéhna neruskeun ku wirid hususon muji syukur ka Allah SWT anu tos masihan rejeki nikmat, wasilahna ngalangkungan Pa Kadés jeung Bu Kadés. Doa harita karasa leuwih khusu, sabab dibarengan ku bukti nyata kanyaah Gusti ka jalma nu sabar.

Keur si Itok hususna, karasa aya hikmah nu luar biasa. Manéhna ngarti yén pakéan nu panghadé-hadéna, pangbersih-bersihna, nyaéta pakean haté. Haté nu ikhlas eusina. Kabagjaan téh tétéla lain ngan ukur nu katingali ku panon, tapi kumaha urang nampa sagala papastén ku rasa syukur. Lain pakéan mungkus awak, sok sanajan éta ogé pangabutuh pikeun nutup aurat. Saéstuna, haté kudu aya dina kaayaan suci, pupus tina kokotor, sarta ditutup ku pakean haté anu bisa nutup aib tina sagala kasalahan jeung kagoréngan paripolah.

…..

Bada isya, di mumunggang pasir sisi gunung, katempo obor jeung lampu senter nyengcelak mapay jalan. Dua lalaki, anak jeung bapa, muru ka masjid di pilembureun. Léngkah maranéhna karasa leuwih hampang, siga sakabéh beban hirup geus kacabut tina taktakna. Di sapanjang jalan, silih témbalna sora takbir méré katenangan nu taya tandingna.

Hawar-hawar sora takbir di unggal masjid meulah simpéna peuting di sisi gunung, tempat saung bumen kulawarga si Itok nu diriung ku huma jeung tangkal camara. Sora takbir éta ngagema nepi ka jero dada, nambahan rasa haru nu matak muringkak bulu punduk. Lir ibarat sakabéh alam milu ngagungkeun asma-Na, muji kaagungan Nu Maha Kawasa.

Béntang baranang maturan nambah caangna haté. Isuk lebaran dirayakeun ku saalam dunya kalayan mawa haté nu bersih. Kabéh jalma sasadia rék ménta jeung méré hampaura tina sarupaning dosa, ogé tina rereged haté nu nyungkelit, boh tina cumarita, boh tina réngkak paripolah. Si Itok imut neuteup langit, lebaran taun ieu manéhna geus boga “baju anyar” anu moal luntur saumur-umur, nyaéta kaimanan jeung rasa syukur. “Nuhun Gusti,” gerentesna, bari terus ngaléngkah mantep mapag poé fitri. []

FOKUS
Baca Tulisan Lain

FOKUS


Apakah artikel ini membantu?

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *