Ti jauh-jauh hari uing geus nyebut yen penelitian imad itu lain penelitian waras, tapi pesenan elite dajjal (Proyek Dajjal). Tujuanna naon? jang nyabut kapercayaan masyarakat muslim di Indonesia ka para ‘ulama. Nya dimimitian heula ku cara dirusak heula kapercayaan ka ‘ulama ti kalangan habaib (lewat penelitian abal-abal perihal nasab habaib). Geus berhasil, karek ngageser saeutik ku dirusak kapercayaan ka ‘ulama pribumi (salasahijina lewat fitnah nu dilontarkeun Trans7 ka Kyai Lirboyo). Mun kapercayaan masyarakat ka para ‘ulama (boh ti kalangan habaib jeung pribumi) geus euweuh, maka bakal gampang nyabut kapercayaan masyarakat kana nilai2 kaislaman anu diajarkeun ku para ‘ulama.
Cara maen model kieu teh teu jauh beda jeung cara maen elite-elite dajjal ka umat kristen di barat, dan berhasil! Matak tong aneh kiwari mayoritas pemeluk kristiani di barat kahirupan na geus jauh tina nilai moral kakristenan.
Indonesia itu lahan basah, boss!! mustahil elite dajjal berpaling!! Ngan, selama di indonesia masih loba umat muslim waras nu setia nyekel pageuh nilai-nilai kaislaman, jeung selama di indonesia masih loba umat muslim nu setia cicing di barisan para ‘ulama -selama itu juga target elite dajjal bakal kahalangan.
Matak dimaenkeunlah taktik lama: rusak kapercayaan masyarakat Indonesia ka ‘Ulama. Carana:
1. Di satu sisi ‘ulama na difitnah ku mangpirang-pirang cara.
2. Di sisi lain ‘ulama na dibere proyek-proyek strategis anu bararaseuh. Jadina double kill.
Geus kieu mah selesai, jelema bakal dengan sendirinya “Yafirruuna minal-‘Ulamaa'” (ngajarauhan para ‘ulama). Mun geus kieu, dengan sendirina oge jelema bakal “Yafirruuna minal-Islaam” (ngajauhan islam), geus kieu mah tong ngadagoan isuk pageto “tutup lawang sigotaka”!
Galih M. Rosyadi, Mangunreja 14 Oktober 2025









